Jumat, 16 Maret 2018

REBO NYUNDA

REBO NYUNDA

Lenyepaneun dina raraga mapagahan  diri pribadi...

Tina cai urang diajar katengtreman

Tina batu urang diajar kategeran

Tina taneuh urang diajar kahirupan

Tina kukupu urang diajar ngarobah diri

Tina pare urang diajar handap asor

Ti Nu Maha Agung (Alloh) urang diajar ngeunaan katresna nu sampurna

Nempo ka luhur sangkan meunang sumanget

Nempo ka handap sangkan syukuran kana naon nu aya

Nempo ka gigir ngawujudkeun hirup sauyunan

Nempo ka hareup pikeun leuwih hade

Nempo ka tukang jadi eunteung kahirupan

Nempo ka jero pikeun neuleuman diri sorangan

Kudu indit mun keur hayang

Kudu dahar mun keur lapar

Jauhan pasipatan jukut riut

Dipahing hirup lir mangandeuh

Gumelar di marcapada kudu silih asih silih asuh

Dipatri ku cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok

Sarta dibeungkeut ku hate nu ikhlas lillahita'ala

Mugi dinten Rebo ieu janten barokah kangge urang sadaya

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More