Selasa, 27 Maret 2018

SURAT TI INDUNG

SURAT TI INDUNG


"Panggeuing keur hate anu tibra sare
tawis kasono ka Indung
anu tos dipundut kunu Gaduhna"

Anakiiing, anak Ema....
kiwari Ema geus nepi
ka lembur anu sabenerna,
lembur nu beda
jeung lembur urang baheula.....

Anakiiing, anak incu Ema.....
mun isuk-pageto
hidep sono hayang papanggih jeung Emma, tuluy hidep baralik ka lembur jiga baheula,
omat tong angkaribung barang bawa, sabab Ema
geus lain Ema nu baheula.... !
do'akeun wae Ema ku aranjeun... ayeuna Ema ngan butuh do'a ti aranjeun.....

Anakiiing, kamelang Ema...!
mun hidep nyaah ka Ema...., teu kudu bingung mulang tarima..., tapi cukup bejaan Ema:
yen hidep geus jadi jalma sholeh....,
geus jadi hamba Alloh ahli ibadah.....
bari salawasna terus ngadu’a sangkan aya dina ridlo ManteunNA

Anakiiing...,
mun hidep nyaah ka Ema...,
cukup bejaan Ema...:
yen hidep nyaah ka Ema...,
hidep teh akur jeung dulur...,
runtut-raut sauyunan.....
silih hargaan.....
silih elingan....
silih tulung silih bantu.....
gogonjakan jiga baheula.....!

Anakiiing...,
pang bejakeun ka anak incu Ema...,
yen Ema nyaah ka hidep....!
nyaah ku lucuna....,
nyaah ku belana....,
nyaah ku sumanget na....!

Bejakeun ka kulawarga hidep.....
Ema geus nepi ka nu dituju....,
Ema rek satia nungguan di dieu...,
di hareupeun panto surga....!

Anakiiing, anak-incu Ema.....
Ema hayang mere beja, nyambung beja anu baheula:
nu manfaat di dieu, di alam baka;
geuning lain harta, lain tahta, lain pangkat, lain jabatan,
tapi wungkul amal soleh waktu di dunya, nu dibungkus iman jeung taqwa....!

Ayeuna ku Ema geus karasa..., geus karasa...!
karasa endahna solat jeung puasa, karasa endahna zakat,
karasa endahna mikanyaah fakir-miskin, karasa endahna akur jeung dulur, bari heman ka tatangga..!

Anakiiing, anak-incu Ema...., Ema nitip :
* poma ulah takabur, tapi kudu loba syukur...
* ulah sasar tapi kudu loba istigfar...,
* ulah salah tapi kudu loba ibadah....,
 
Anakiiing....,
hampura Ema...,
Ema sono ka aranjeun kabeh...
meungpeung aya keneh di alam dunya
poma ulah tinggaleun sholat..., ngaji qur'an..., ulah poho ka fakir miskin...,
Nulung kanu butuh...,
Nalang kanu susah....
Ulah poho, du'akeun Ema tiap ba'da sholat...

Sakitu surat ti Ema....
Hampura Ema

MANGGA DI SHARE, SUPADOS SEUEUR
NU EMUT KUMAHA NYAAH NA Indung KA URANG SADAYANA

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More