Selamat datang di situs CV. Mandiri Kreatif

CV. MANDIRI KREATIF adalah sebuah perusahaan yang didirikan di Kota Bandung pada tanggal 18 Februari 2010. Perusahaan ini bergerak dalam perdagangan barang dan jasa. CV. MANDIRI KREATIF telah banyak mendapatkan proyek-proyek pemerintah dan swasta. Komitmen kami adalah memberikan kualitas layanan terbaik, yang menjadi motivasi kami dalam mencapai prestasi untuk menjadi mitra di bidang pengadaan barang dan jasa yang berkualitas. Sejarah usaha kami selalu mengembangkan sumber daya manusia dan mencari inovasi baru dalam meningkatkan mutu kerja didukung peningkatan sarana produksi hingga pendukung usaha lainnya.

Kamis, 07 Januari 2021

Carpon Salju Turun Tengah Peuting Kénging Ipung Thaifur Abu Yazid

Carpon
Salju Turun Tengah Peuting
Kénging Ipung Thaifur Abu Yazid

Jam sabelas peuting kuring karék mulang ti kantor. Hawa kacida tirisna. Tina laporan cuaca, suhu di Tokyo nepi ka mines sapuluh derajat. Nyecep kana kulit. Sanajan geus maké baju dua lapis tuluy ditambahan ku jakét jeung sarung tangan ogé, angger wéh karasa.
Pareng tengah peuting, salju mimiti turun. Éndah pisan. Kajaba katambahan ku caangna lampu-lampu di puseur kota. Nambahan katingtriman dina haté. Kuring neruskeun leumpang. Teu lila, anjog ka deukeut tangkal sakura nu aya di parapatan. Rét ka palebah éta tangkal. Ras kuring inget ka manéhna.
Wanoh jeung manéhna basa di SMA. Panggih di salah sahiji sakola swasta di Tokyo. Sarua murid anyar. Kabeneran kuring jeung manéhna disakelaskeun. Ngaranna Megumi, Shinohara Megumi. Awéwé pindahan ti daérah Shibuya.
Saenyana mah kuring téh ti Indonesia pituin Bandung. Sakola di Jepang sotéh lain pédah milu pindah, sabab tuntutan pagawéan kolot. Sarua jeung Megumi, pédah nu ngabédakeun kuring jeung manéhna mah ngan asalna hungkul. Manéhna mah pituin Jepang, sedengkeun kuring mah pituin Sunda.
Kuring jeung manéhna dalit pisan. Aya sawatara hal nu nyababkeun kuring dalit, di antarana kuring jeung manéhna mindeng cicing di pabukon jeung mindeng balik bareng. Nya ti dinya deuih kuring duaan sok mindeng diheureuyan ku babaturan sakelas, majarkeun bobogohan. Tapi éta teu jadi masalah keur kuring jeung manéhna.
Hanjakal, babarengan jeung manéhna téh teu lila. Harita, basa rék naék ka kelas dua, manéhna pindah deui ka Tochigi. Manéhna ngabéjaan liwat telepon. Manéhna nyegruk ceurik, bangun nu midangdam. Kuring ngan wasa tungkul, teu bisa kukumaha. Teu bisa méré sakecap-kecap acan keur ngupahan kasedihna. Sanajan misah, manéhna angger sok ngiriman surat. Inget kénéh, surat mimiti ku manéhna dikirim sanggeus satengah taun manéhna pindah. Kabéh surat nu dikirimkeun ku manéhna, kuring apal kabéh eusina.
Hiji mangsa, bapa kuring dipindah-tugaskeun ti Tokyo ka Kagoshima. Ngadéngé kitu, kuring jadi beuki sono ka Megumi, sabab ayeuna kuring bakal leuwih jauh papisah jeung manéhna. Antukna kuring ngirimkeun surat ka manéhna, yén kuring bakal datang ka Tochigi rék pamitan.
Tilu poé sanggeus kuring ngirimkeun surat ka manéhna, ahirna kuring meunang balesan surat ti manéhna.
“Ayeuna mah urang bakal leres-leres patebih téh, komo ayeuna dipisahkeun ku laut. Tapi nguping Raka-kun badé sumping ka dieu, abdi kacida bungahna. Sataun tos kaliwat sabada urang tepung panungtungan. Lalampahan ka dieu jauh pisan, jadi ati-ati di jalanna, ku abdi diantosan di Stasion Tochigi tabuh tujuh wengi. Megumi,” ceuk éta surat.
*
Sakola lekasan jam tilu, kuring buru-buru indit ka Stasiun Tokyo nyokot jalur Shinjuku. Jam opat kurang, kuring nepi di Stasion Shinjuku. Karak sakali kuring indit ka Stasion Shinjuku. Ti dieu kuring nyokot jalur Saikyo, ka Ōmiya.
“Sanggeus ieu kuring bakal panggih jeung Megumi,” ceuk kuring na haté bari dibarung ku degdegan. Teuing kunaon ieu jantung asa beuki ratug.
Nepi di Stasion Ōmiya, kuring nuluykeun lalampahan ka Oyama liwat jalur Utsunomiya. Kabeneran karéta can datang. Teu lila, ngong téh aya béwara.
“Sumimasen, ka sadaya panumpang jalur Utsunomiya, karéta bakal telat dalapan menit, sabab kahalangan ku salju. Sakali deui ka sadaya panumpang Jalur Utsunomiya nyuhungkeun dihapunten,” ceuk pihak Stasion.
Ngadéngé kitu, rasa nu tadina tenang, kalah beuki teu sabar. Jajantung ratug tutunggulan. Rét kana leungeun. Geus jam lima leuwih lima menit. Teu nungguan lila, karéta téh datang. Kuring indit ti Stasion Ōmiya jam lima leuwih sapuluh. Haté pinuh ku rasa kamelang jeung karingrang, inggis telat nepi ka Tochigi. Sieun teu bisa panggih jeung manéhna.
Dina leungeun, jam geus nuduhkeun jam tujuh. Sedengkeun lalampahan kuring kakara nepi Koga. Méh di unggal stasion, karéta téh eureun kurang leuwih sapuluh menit. Waktu kapiceun percumah, dibarung ku hawa nu kacida tirisna. Jaba peurih beuteung, geus mimiti nyiksa. Waktu nu dipasinikeun jeung Megumi geus kaliwat. Pasti ayeuna manéhna keur ringrang, kuring can nepi kénéh. Teu lila, karéta maju deui.
Jam dalapan kurang saparapat kuring kakarék nepi di Stasion Oyama. Bakating ku kesel, kertas rarancang lalampahan nu geus disusun tianggalna, disoékkeun. Tuluy indit deui nyokot jalur Ryomo ka Iwafune.
“Sumimasen, ka sadaya panumpang nu dipikahormat, jalur Ryomo bakal telat sabab gangguan operasi alatan turun salju. Ku kituna pihak stasion nyuhungkeun dihapunten ku teu nyamanna ieu perjalanan, hatur nuhun,” ceuk éta béwara.
“Hah?? Gangguan deui!!” kuring ngajenghok. Gara-gara hujan salju dibarengan ku angin, kuring jadi telat pisan rék panggih jeung Megumi. Rasa kasono, ambek, jeung marojengja pagalo jeroning dada. Kuring ngan ukur bisa mentegeg jeung medenghel.
Sabada limawelas menit nungguan ahirna karéta datang. Ti Stasion Oyama kuring indit jam dalapan leuwih opat menit.
Kakarék sajam kurang lalampahan ti Oyama, karéta ujug-ujug eureun. Ayeuna badai salju nu jadi hahalang. Rét kana leungeun, geus jam salapan. Luk, kuring tungkul. Teu bisa nanaon, teu walakaya. Kuring ngan ukur bisa nahan sangkan teu ngeclakkeun cimata. Salila dua jam karéta eureun. Simpé, taya soraan. Ukur angin nu kadéngé ngahaliwir di luar. Unggal menit nu kaliwat, karasa sakitu lilana. Kawas ngahaja rék ngahalangan kuring panggih jeung Megumi.
“Megumi, Gomennasai…” ceuk kuring na haté bari nahan deui piceurikeun.
*
Jam sabelas leuwih saparapat kuring nepi di Stasion Tochigi. Geuwat kuring indit ka lobby stasion. Di dinya kasampak awéwé keur diuk, nungguan. “Teu salah deui, pasti Megumi,” ceuk kuring na hate, bari tuluy nyampeurkeun manéhna.
“Mm..Megumi…chan” ceuk kuring halon.
Rét manéhna malik, neuetup kuring. Tuluy nangkeup bari jeung nyegruk ceurik. Di dinya manéhna geus nungguan ti jam tuhuh mula. Mawa bekel keur kuring. Apaleun meureun yén kuring bakal telat. Aya onigiri, sosis, katsu-don, jeung cientéh.
“Umm, Raka-kun sakedap deui bakal pindah nya?” Megumi nanya.
“Muhun, minggu payun,” témbal kuring.
“Kagoshima nya….”
“Jauh pisan.”
“Muhun.”
“Tochigi ogé jauh pisan.”
Sanggeus bérés dahar, kuring indit jeung manéhna. Paduduaan, dina wanci tengah peuting nu simpé.
“Katingali tangkal sakura nu palih ditu?” Megumi muka obroleun.
“Katingal. Tangkal nu dina surat téa?” témbal kuring.
Manéhna ukur unggeuk. Jog kuring duaan anjog di handapeun éta tangkal. Siga basa panungtungan kuring panggih jeung manéhna. Saméméh manéhna pindah ka dieu. Salju turun dibarung ku angin. Kuring duaan geuwat asup ka imah kosong gigireun éta tangkal. Sapeupeuting kuring paduduaan ngobrol, bari disimbut babarengan. Nepi ka teu karasa, reup saré. Isukna kuring balik deui kana karéta nu geus bisa deui operasi. Ti dieu kuring jeung Megumi papisah. Dipisahkeun ku panto karéta nu rék mulang deui ka Tokyo. Dipisahkeun ku laut.
Ayeuna kuring geus gawé di salah sahiji parusahaan komputer di Tokyo. Kuring tanggah ka lebah éta tangkal. Bari imut, kalah ras deui kuring ka manéhna.
“Kembang sakura nu maluguran musim semi, jiga salju nu turun tengah peuting di usum tiris,” ceuk manéhna.*

Juragan Sodik Keuna Supata Kénging Syarif Kusumadinata

 Juragan Sodik Keuna Supata
Kénging Syarif Kusumadinata
Lembur singkur di lamping Gunung Burangrang. Cai cur-cor ngaliwatan pasawahan nu paréna keur meujeuhna héjo ngémploh. Imahna karéréan hateup eurih. Ukur aya tilu imah nu kasebut gedong. Salah sahijina gedong sigrong nu sakurilingna disaput témbok weweg. Palataranana lega. Tatangkalan jarangkung dahan-dahanna ngarumpuyuk ku dangdaunan.
Gedong éta téh imahna Juragan Sodik. Jelema pangbeungharna salembur. Ngan geus jadi rasiah masarakat. Kakayaan Juragan Sodik téh meunang munjung ka buta héjo. Harta tina ladang kitu téh digolangkeun kana rupa-rupa usaha. Salah sahijina ngaijonkeun rupaning hasil tatanén.
Ka urang lembur téh korét kékéd méngkéné. Samalah mun aya nu minangsaraya nalang keur dahar, Juragan Sodik sok nginjeumkeun ku cara riba. Sakitu téh geus pikaijideun masarakat. Sok komo mun kajadian aya nu ujug-ujug maot, panyangka téh moal jauh kana jadi wadal si buta héjo.
Najan kaayaan kitu tara aya nu wani nyisikudi. Jaman penjajahan mah saha nu bisa méré ka pangagung nu ngawasa, tangtu ditangtayungan ku hukum ngaco jieunan penjajah. Beuki jauh tina paélmuan lantaran masarakatna teu disimbeuh ku atikan. Ajaran agama gé masih lamokot ku tahayul. Tungtungna mah masarakat sok gegetun nepi ka kedal supata.
“Cirikeun siah! Maotna jadi buta héjo!”
Kitu supata nu sasarina dikedalkeun ku jalma nu kungsi didoliman ku Juragan Sodik.
Puluhan taun hirup ngaleuyah ku harta, umur Juragan Sodik téh geus maju ka sareupna. Anakna nu ngan dua geus pada rarabi. Kosim jeung Hasan. Kersaning Gusti, ahlak dua budak éta téh pajauh jeung nu bapana.  Éstu soméah, hadé haté, jeung nyalantri. Asak warah ti nu jadi indung nu geus lila mulang ka kalanggengan.
Juragan Sodik breg gering ripuh. Diréréyang ku kulawargana. Teu eureun-eureun mangajikeun. Malar dihampura dosana ku Alloh SWT. Nepi ka hiji waktu Juragan Sodik kedal wasiat. Mun manéhna maot, unggal poé hayang disadiaan daging munding. Tunda gigireun layon, ulah diganggu saeutik ogé.
Poé Kemis pasosoré, Juragan Sodik ngantunkeun alam dunya. Dipulasara sakumaha mistina. Paméntana ditedunan najan ngabarubahkeun warga salembur. Wanci nu maju ka sareupna, mayit henteu waka dikurebkeun. Disimpen di patengahan imah nu lega. Ngagédéngkeun daging munding hiji meunang ngarecah. Diwadahan kana nyiru.
Liwat magrib hawa mimiti karasa béda. Keueung jeung ketir. Jelema-jelema nu ngarariung ngaraji téh ngarasa helok. Mayit téh mingkin lila mingkin ngagedéan. Atuh jelema-jelema nu tugur téh gancang barirat.
Panto di patengahan imah dikaroncian. Nu tinggal ngan mayit nu geus ngagedéan tanding buta. Mayit téh kuniang hudang. Panon bolotot hurung. Ngarayap ngadeukeutan tumpukan daging munding.
Si mayit téh ngaremus daging munding. Sapeupeuting dikeremus jeung tulang-tulangna nepi ka ledis pisan. Maju ka wanci janari, Sodik nu geus jadi jurig téh ngedeng deui dina urutna. Ku anéhna, awakna ngaleutikan deui siga asalna.
Wanci meletek srangéngé, Sodik geus jadi mayit deui. Teu usik teu malik. Ngan panonna angger molotot kaluar semu beureum. Pakulitanana robah jadi héjo semu hideung.
Béja ngeunaan mayit ngahakan daging munding téh gancang sumebar. Warga ngagimbung gedong sigrong. Mayit téh geus deuk dibawa ka pajaratan. Basa dicobaan digotong ku warga, mayit téh téh beurat naker. Mimitina genepan. Nambahan jadi sapuluh. Tuluy nambahan. Tapi angger mayit téh hésé diugetkeun.
Anéhna, Kosim bisa ngangkat suku bapana. Sedeng Hasan mah bisa ngangkat leungeunna. Ningali kitu téh Ajengan Majid boga kamandang, suku jeung leungeun mayit ditalian kana awi panjang. Laju digotong. Warga mah panuju najan béda ti sasari nu manggul mayit kana pasaran.
Nurutkeun cara kitu mah mayit bisa dibawa ka pajaratan. Dikurebkeun sakumaha mistina. Kulawarga nu ditinggalkeun ngarasa reugreug. Kosim jeung Hasan ménta masarakat pikeun tahlilan. Nya peutingna warga téh baralik deui ka gedong pageur cét bodas. Saurang gé taya nu reuwaseun, kasampak mayit Juragan Sodik geus ngajelepeng deui di patengahan imah.
Aya rasa nu pagalo dina dada Kosim jeung Hasan. Rasa nu kacida sedih jeung éra. Sedihna téh mangkarunyakeun kana raga badag bapana nu teu ditarima ku taneuh. Ari érana, nya éta ku ayana kajadian siga kitu geus lain caritakeuneun deui kumaha talajak kalakuan bapana nu geus méngpar tina jalan agama anu dianutna. Kosim jeung Hasan nékadkeun dina ati sanubarina hayang meresihan kalakuan bapana ku jalan nu saalus-alusna.
Dua budak Haji Sodik téh tuluy badami jeung Ajengan Majid. Laju éta guru ngajina Kosim jeung Hasan téh babadamian katut kokolot-kokolot lembur.
“Ujang, pamanggih ti Mama mah kumaha lamun urang teundeun baé di tajug nu geus teu dianggo di sisi lembur ieu. Kapan éta téh milik bapa Ujang, lin?” ceuk Ajengan Majid.
“Éta mah teu langkung Mama. Abdi mah puguh bingung. Kumaha saéna baé atuh Mama,” walon Kosim bangun sadrah.
Ajengan Majid nuluykeun caritana, “Tajug mah tempat urang ibadah. Mugi-mugi aya rohmat. Tapi saheulaan mah nurutkeun baé heula paméntana. Inggis ngulayaban. Tah engké Mama rék néangan jalanna pikeun nyampurnakeun mayit nu keuna ku bebendon Alloh SWT. Sugan jeung sugan Gusti Alloh énggal-énggal maparin jalanna,”
“Aamiin,” saréréa ngahaminan kana pamendak Ajengan Majid.
Poé éta kénéh tuluy baé si mayit téh digarotong cara mawa ka pajaratan. Ayeuna mah dibawa ka tajug di sisi lembur sakumaha nu geus dibadamikeun tadi. Hasilna bener baé si mayit téh teu bisaeun deui balik ka gedong. Kosim meredih ka saréréa nu araya ngamimitian tahlilan.
Pasosoré dina poéan katujuhna, aya dua jalma asup ka lembur éta. Sihoréng téh tukang dagang géndongan nu sok biasa ngider-ngiderkeun barang ka unggal lembur.
“Leuh, geus sareupna kieu mah meureun moal hadé lamun tuluy asup ka lembur téh. leuwih hadé ayeuna mah urang meuting di tajug itu tuh,” ceuk Wirta bari nunjuk kana tajug sisi lembur.
Maranéhna teu nyarahoeun yén éta tajug téh dipaké neundeun mayit Juragan Sodik.
“Enya hayu atuh. Aya pancuran ogé. Urang sibeungeut heula méméh saré téh,” Sumarna mairan bangun lalungsé.
Saréngséna sibeungeut, duanana asup ka jero tajug. Di jero tajug ngan dicaangan lampu ajug nu sinarna kakalicesan siga rék pareum. Titingalian Wirta jeung Sumarna téh renyem-renyem. Teu katémpo aya mayit.
“Leuh, tuh tempo geus aya nu tiheula ngadon saré di dieu. Tempokeun simbutna gé mani dikarimbunkeun kitu. Tiriseun meureun,” Wirta tutuduh ka mayit Juragan Sodik nu disimbutan lawon bodas.
“Keun antep baé. Urang mah di dieu wé deukeut lawang. Ngarah isuk bisa pangheulana indit,” témbal Sumarna.
Laju duanana ngedeng. Baning cape geus balantik, reup baé duanana sararé. Maranéhna teu nyahoeun nu disangka jelema téh saenyana mah mayit Juragan Sodik nu ngagedéan tuluy kuniang hudang. Cara sasarina, sabada magrib, mayit téh hudang deui. Awakna ngagedéan. Tuluy ngadaharan daging munding nu aya didinya.
Wanci ngagayuh ka tengah peuting. Wirta hudang hayang kabeuratan. Karérét aya nu ngajungkiring keur barang dahar. Panonna buburilengan sagedé pisin. Hurung beureum. Wirta yakin éta téh jurig. Tuluy baé manéhna ngaguyah-guyah Sumarna supaya hudang. Tapi nu diguyah-guyah téh angger baé kérék.
Bakat ku sieun, Wirta langsung luncat teu nolih deui ka Sumarna. Éta lalaki sembada téh ngeberetek lumpat bari tulung-tulungan ka jero lembur. Kabeneran lumpat ka gedong Kosim. Jelema keur ngariung tahlilan. Tuluy baé pada nulungan.
Wirta dibawa asup ka gedong. Sanggeus di jero mah, manéhna nyaritakeun naon nu bieu kaalaman. Kaasup babaturana, Sumarna, nu masih aya di tajug. Nu araya di gedong Kosim téh bangun panasaran. Nya sapuk maranéhna babarengan arindit ka tajug.
Hawa peuting beuki tiris. Sumarna lilir. Ari dirérét, babaturana geus euweuh. Keur kitu téh kadéngé nu kekeretekan jeung sada nu céplak. Barang ditempo, ana gebeg téh ningali nu ngajungkiring gedéna liwat saking keur ngagorogotan tulang. Sumarna dikir sabisa-bisa. Ngadu’a ka Gusti nyuhunkeun dipaparin kasalametan.
Ririwa nu panonna bolotot hurung téh nempo aya Sumarna keur mendeko dikir bari ngawaskeun ka manéhna. Barang si ririwa ngarongkong rék néwak Sumarna, gentak éta lalaki téh ngagajleng ka luar tajug. Si jurig muru. Lantaran awakna jangkung teuing nya panto tajug gé kababétkeun.
Sumarna lumpat satarikna. Langit peuting nu réhé téh ngadadak harénghéng ku sora dordar gelap. Teu sakara-kara langsung ngagebrét hujan gedé. Ditéma angin gegelebugan. Sumarna geus poho ka Wirta jeung barang dina géndongan. Manéhna tuluy lumpat lantaran diudag mayit Juragan Sodik nu ngaririwaan.
Kaciri di hareup aya gapura lembur. Si buta beuki deukeut. Basa leungeunna deuk ngarongkong deui, Sumarna kaburu luncat ngaliwatan gapura lembur. Si buta gé geus asup ka gapura. Tapi ana jegér téh ujug-ujug aya gelap ngabéntar awak mayit nu ngajungkiring. Éta mayit téh ngajerit maratan langit. Lembur gé inggeung.
Di jajalaneun asup ka lembur, Wirta datang ngabring jeung urang lembur. Dua sobat atoh campur reuwas. Sumarna teu loba catur. Masarakat nu datang nyaksian sorangan mayit Juragan Sodik geus ngajelepeng, awakna tutung. Ajengan Majid nu aya di tengahing masarakat meupeujeuh sangkan angger miara tatali kanyaah sasama warga. Mayit Juragan Sodik kudu disampurnakeun.
Ajengan Majid nganuhunkeun ka Wirta jeung Sumarna. Pamuda nu dua gé tungtungna mah milu ngaduruk tajug. Itung-itung miceun karurujit urut ririwa mayit Juragan Sodik.*

Rabu, 06 Januari 2021

Carpon Mariam Sutandyo ENGKOS

 Carpon
Mariam Sutandyo
ENGKOS
 
Asa cikénéh ngumbara di Jakarta téh. Geuning geus méh dua puluh taunna.  Sok wé geura, titénan. Basa harita pindah ka Bintaro téh, tatangga karék baroga anak umur pantar TK lah. Ayeuna? Geus pada kuliah. Malah aya nu geus lulus sarjana, terus digawé.
Keur laleutik kénéh mah sok kumpul di imah. Ngadareluk ngagambar, da kolot-kolotna titip, cenah panglatihkeun gagambaran. Teu wasa nolak. Da puguh di imah gé sepi. Tapi paling bisa pasosoré, da kuring gé boga kasibukan.
Harita si cikal nawaran, cenah mamah keresa upami ngelola galeri seni? Teu kudu ditawaran dua kali atuh, kuring nyanggupan. Saha nu rék nolak geura. Galerina di daérah Kemang. Harita keur loba urang Asing di dinya téh. Sok geura bayangkeun! Rék kumaha teu atoh? Di sakuriling bungking, galeri. Daérahna daérah élit. Tempat urang asing dumuk. Maranéhna paling rajin datang. Masing henteu balanja, sok ngobrol jeung kuring. Kadang sok niténan, lamun kuring keur curat-corét. Katempo baretaheun, da ari geus niténan barang-barang antik atawa lukisan téh mani anteng. Atuh kuring teu wani ganggu. Pernah aya ibu-ibu urang Perancis, ningal kuring sok curat corét, harita
poé Saptu, manéhna mawa kanvas jeung alat-alat lukis séjénna, bareng ngalukis.  Angger tungtungna sok jadi sobat.
Tapi, kétang aya tapina oge niat hadé téh. Barudak ngawawadian .  Harita, aya dua barudak anu kecanduan narkoba, keur di rehabilitasi, hayang diajar curat-corét. Kuring nyanggupan, da aya ijin ti dokterna.  Barudak hariwang, cenah kumaha mun maranéhna keur katagihan, mama dipaksa kedah maparin kanggo mésér obat.  Enya kaharti ogé kituna mah.  Ngarana nu keur katagihan, poho sagala.  Kapaksa kuring ngabolaykeun jangji, ka maranéhna, sanggeus sasadu ménta hampura ka dr. Rani.  Katingal hanjakaleun pisan.  Tapi kumaha atuh, da barudak hariwang cenah,  Kuring sering sorangan, lamun keur ngalukis di galeri.
Tah harita loba sobat téh, tepi ka ayeuna sok aya kénéh hubungan.  Galeri pindah ka Bintaro, rada tiiseun.  Ari curat corét mah angger, ngalatih otak, jeung ongkoh hobi wé meureun.  Angger barudak sok ngomél, ulah capé teuing cenah. Komo basa harita kuring duaan jeung mas Har, ngalongok incu di Esslingen, bari terus nganjang ka dulur nu di Paris, terus ka Itali.  Éta angger barudak, kadé mamah kedah émut kaséhatan, cenah.  Tara didéngé ieuh.  Kuring ngarti maranéhna kitu téh saking ku nyaah meureun.  Tapi mémang harita mah salah gedé pisan.  Horéam barangdahar.  Piraku kudu ménta dipangliwetkeun mah.  
Lucia, geus leuwih ti sapuluh taun ngenék  di Jerman, meunangkeun urang Jerman .Arang langka aya dahareun keur beuteung urang Sunda.  Nawaran éta oge.  Tapi karunya ari kudu nyiapkeun kadaharan urang mah.  Nya kadaharan urang ditu wé.                            
 Puguh waé, basa balik ka Jakarta, barudak ngomél.  Beurat awak turun 4 kg.  Sihoréng nu sok laporan  ka barudak téh mas Har.  Enyaan kuring ngaku , salah kuring.  Sok wé geura pikir, dua bulan teu kaasupan sangu, bari jeung saeutik barang dahar.
Ayeuna bener-bener ngurus awak téh, keur kaséhatan.  Aya rencana taun hareup kuring jeung mas Har,  rék ka Brazil.  Aya ondangan ti adina, rék ngawinkeun.  Geus puluhan taun ngenék diditu.
Ayeuna kuring mimiti rajin nabung deui, sok loba kaperluan.  Komo geus hangkeut ka Lebaran.  Leungeun incu nalamprak, buruh saum cenah.  Sobat-sobat sapopoé nu maneuh, di komplek sok ngadago dago hadiah Lebaran.     
  Nurun ti indung meureun.  Éta wé baheula, indung sok nyandak tingkem ti Garut.  Bisa dibayangkeun naon eusina.  Leupeut, nagasari, bugis, cau raja ceré, cau ambon, ka entéh-entéh, disesepkeun.  Kuring jeung lanceuk  giak hayang muka tingkem.  Bret-bret tambang  digunting.  Brak tingkem dibuka.  Na barang rék nyokot leupeut  panangan indung ngahulag.  Lanceuk  mah pinter, indung ka dapur, sempet nyomot bugis, bari lumpat kaluar.
Saur indung, kirim heula tatangga, karék sésana keur urang. Sésana?  Boro-boro nyésa!  Paribasa, keun lah urang mah, apan bi Mamah ogé engké bakal ngaringkid  deui ti ditu. Bi Mamah sumping, angger wé urang mah tara kabagéan.  Da tatangga diheulakeun!  Ayeuna nurun ka kuring.
Sobat-sobat  kuring ayeuna di lingkungan komplek, diantarana:  Mas Warto tukang sayur, bi Ipah tukang pulung, Ronny sabulan sakali sok meresihan buruan nu ngan sauted.  Donny tukang kebon sabeulah, mas Prie tukang roti, Daniel nu sok nganteuran catering, bi Awang tukang sasapu jalan komplek.  Atuh mba-mbana tatangga, mba Yenni, rencang ibu Joko, hareupeun imah. Mba Mira, mba Lani, mba Wida,  Geus puguh ari mba-mba nu matuh di barudak mah, mba Manisem, mba Titi, jeung mba Karsinem, mba nu babantu di imah, éh mba Linda cenah, ganti ngaran basa manéhna digawé di Singapur.
Aya saurang deui sobat téh, ngaranna Engkos.  Ngaran nu basajan jeung antik wé.  Sugan diganti jadi  Andy, atawa Joni, atawa Daniel, henteu ieu mah.  Angger wé Engkos.  Urang Sukabumi, pamajikanana, cenah ngawarung di Sukabumi.  Boga anak dua, cikalna geus SD kelas 3, nu bungsu karek TK.  Pangawakanana harulung jangkung. Sakola tamat SMP.  Soméah, tukang heureuy.  Sok daék babantu, mun kuring keur bébérés,  ungkut angkat.  Ngan pacabakanana asa kurang cocog. Mangtaun-taun ngadorong roda, barang-barang bekas.  Ngaloak.  Kadang pinuh kadang kosong rodana téh. Tah lamun pareng rodana kosong di palebah imah kuring, sok turun, bari ngetrék-ngetrék  panto pager.  “Bu, Bu, koranna geus aya?” cenah,  Kapaksa kuring kaluar, da gandeng,  sok terus ngetrek-ngetrek panto beusi.
“Sok asup wé Kos, koranna cokot wé ku sorangan, dihandapeun tangga di dapur. Mun hayang nginum nyokot wé sorangan, ibu keur kagok”
“ Enya,” cenah manéhna ngajawab bari sup ka dapur nyokot koran nu geus bérés numpuk.  Kudek manehna nyieun kopi, sanggeus neundeun koran dina roda.  Terus sila tutug di emper hareup.  Suruput-suruput kopi panas diinum.  Kuring angger curat-corét .  Manéhna tara ganggu.  Ngan sok mencrong kana lukisan nu keur dihanca.  Sok kadéngé ngagerendeng.  “Alus, siga pisan”.  Tara ieuh didéngé, da lamun dijawab sok terus ngobrolkeun kasusah.
Keur kuring teu ieuh anéh.  Da sobat-sobat téh dongéngna ngan kasusah waé.  Sok geura, minggu tukang mas Warto tukang sayur, humandeuar, basa kuring milih-milih bonténg, kuring nanya kulawargana nu masih di Jawa.  Cenah si bungsu hayang asup TK, keur uang pendaftaran aya tapi waragad séjénna kurang kénéh.  Kurang sabaraha deui, kuring nanya.  Sa anu cenah.  Bari mayar bonténg, kuring nyesepkeun amplop kana leungeunna.  Katingal manéhna ngalimba.  Nganuhunkeun.  Basa papanggih deui manéhna jigrah, cenah si bungsu geus mimiti sakola.  Sukur Alhamdullillah, ngadéngé béja nu matak bungah.
Bi Awang tukang sapu komplek, béda deui kasusahna.  Pas kuring rék kaluar,di panto pager geus nyangheuy leungeunna, bari katingal sedih.  “Aya naon, Bi”  kuring nanya.  Derekdek manéhna nyarita, cenah salakina, asup RS, gering rada parna.  Bari ngeupeulan duit bulanan, padahal manéhna gé digajih ti Bintaro Jaya, kuring nyesepkeun amplop.  “Lumayan, keur nambahan obat”.  Bari nganuhunkeun  manéhna ngaharéwos, “Piduana waé nya Bu”
“Enya diduakeun ku ibu sing gancang sehat.”  Selang saminggu ti harita, aya béja ti satpam, cenah salakina si bibi tilar dunya.  Basa aya pangajian, opat puluh poé , kuring titip, keur nambahan meuli opieun.
Tapi aya ogé nu pikakeuheuleun.  Bi Ipah tukang pulung.  Nyobat mimitina mah.  Lila-lila teu pati cocog.  Aya hal-hal anu kurang hadé.  Kétang salah kuring sorangan.  Ka saha waé sok ditanya ari pareng kuring keur diémpér hareup.  Harita manéhna ngaliwat.  Katingal capé pisan.  Ngagandong gonina tonggongna, bari nungtun budak.  Manéhna ngarandeg bari nanya sugan aya barang nu geus teu kapaké deui.  Kabeneran aya botol-botol plastik urut bungbu roti, lumayan aya sakérésék gedé.  Manéhna nganuhunkeun, bari ménta nginum, halabhab cenah.  Teu ngengkékeun karunya ka budakna, sok dua gelas sirop di asongkeun. Enya katingal halabhabna téh. Panon karek ngiceup tilu kali, gelas geus kosong.  Kabeneran aya sésa kuéh ti barudak, sok dibikeun ka budakna.  Na da ngan sabelewek atuh, lapar meureun.  Tah ti harita, unggal ngaliwat sok eureun bari ménta nginum.  Teu pedit ieuh da kabeneran cai-cai mah aya.  Na lila-lila, aya sababaraha  urang tukang pulung nyangheuy na panto pager, nyungkeun cai, halabhab cenah.  Mimitina teu kapikir.  Ngan karunya tea.  Tapi lila-lila jadi kaganggu oge, da lain saurang wae.  Nu pang keuheulna mah, harita kuring keur nyawang kaluar, tina hordeng, ningal pihujaneun.  Katingal bi Ipah, keur ngangkat tempat runtah ti emper imah, padahal panto pager dikonci.  Terus jeung anakna ngabongkar tempat runtah.  Milihan barang anu masih bisa dipulung.  Kuring tea apal, sok gancang kerung.  Kaluar bari ngawawadian ulah nyokot nanaon ti jero pager.  Pan biasana oge sok dihususkeun kulang kaleng atawa wadah-wadah pelastik keur manehna.  Duka era duka keuheul, sok tempat runtah di lesotkeun, bari indit.  Ti harita manehna tara wani deui menta cai atawa menta barubutan.  Kuring ge tara nguah ngaeh, keuheul atuda.  Sipat nu kurang hade, tangtuna ge.  Tapi da kumaha atuh, urang geus usaha bageur , eh maranehna nu sok ngamimitian.  Jadi we inget kana papatah barudak, “Don’t talk to stranger”.
Tapi anéhna , ka Engkos mah kuring teu judes teuing.  Da unggal panggih , ari rék nyokot koran, kuring sok ngomél bébéakan.  Ih manéhna mah teu riuk-riuk acan.
Wani ngomél téh, atuda geus wawuh téh lain sataun dua tahun, asana téh ti saencan manéhna boga anak.  Euweuh pisan kamajuan.  Angger we nyunyurung atawa narik roda loakan.  Lamun diarahkeun nitah usaha nu séjén, manéhna sok ngajawab kieu.  “Enya bu, rék digawé di Bandar lauk.  Digajih éta ogé.  Tapi teu cukup keur nyéwa imah, keur dahar.  Boro-boro bisa ngiriman barudak.  Tapi, cita-cita téh hayang ngabandar.  Ngan euweuh modal.  Angger ari di omél téh, jawabna kitu waé.  Bari jeung kuring teu ngarti, kumaha ngabandar lauk téh.  Naha di pasar ikan atawa di pangkalan tempat kapal penangkap ikan pada kumpul.
Loba rugina timanan untungna mapatahan si Engkos mah.  Rugina, biwir abléh balas mapatahan. Mikeun tumpukan koran , lain kuring nu narima duit, tapi malah manéhna sok dikeupeulan keur anakna sapérak dua pérak.  Cikopi atawa, sirop tara kaliwat.  Lamun aya opieun kuéh-kuéh kering sok dibahankeun.  Atuda teu kumaha rék teu pikanyaaheun.  Ari mampir téh, mba mana sapu, tuh émpér meni kotor kieu.  Bari sedut sedut émpér disapu. Ari geus kitu téh brek sila, terus ngobrol.
Hanjakal geus rimbitan, lamun encan da satuju mun deukeut jeung si Mba téh.  Tapi kétang mba mah geus di tunangankeun ku kolotna di Jawa.  Éta ogé sok katingal si Engkos naksir mba.  Dina rindatna, dina omonganana, masing enya hureuy ogé.  Untung si mbana bageur, teu ieuh kapangaruhan ku omongan-omongan si Engkos.  Loba éta ogé nu ngécéng  si mba.  Tapi da sigana nurun ka dunungan.  Judes, keding hangit, ari keur keuheul téh.  Meureun cenah ceuk batur téh, ih mun mun geulis!
Tapi kétang aya tapina, keur urang.  Gélényé teuing ulah, komo gumeulis.  Urang téh kudu boga harga diri.  Ceuk nu heureuy téa mah, “ Kudu siga baju mahal nu dipasang di étalase toko méwah, branded.  Pan béda jeung baju obralan, kajeun teuing alus, tapi digelar ditambrukeun.  Ku nu rék meuli atawa anu hayang ningali, pan ngan ukur di ubrak abrik.”  Tah duka atuh, da éta mah prinsip kuring pribadi.  Lain jual mahal urang téh, tapi urang boga harga diri.
Si mba ogé nya kitu.  Saencan babantu di kuring, pernah jadi TKW di Singapur.  Rada anéh ogé basa mimiti datang, sok ngahuleng, atawa seuri sorangan.  Lila-lila saenggeus sok dibawa ngobrol paduduaan, manéhna wakca.  Basa di Singapur, pernah rék di perkosa ku dununganna.  Kadua kali rék dipaksa dikawinkeun ku dununganana ka urang Banglades cenah.  Nyaho kitu, aya tekanan-tekanan kejiwaan, kuring sok sering mapatahan.  Katingal aya hasilna, manéhna jadi hégar.
Geus aya sabulanna Engkos tara katingal ngaliwat, atawa sms nanyakeun koran.  Meureun, ngalongok kulawargana di Sukabumi.  Moal kitu gering mah, pikir kuring jeung si Mba.
  Sabab harita téh, basa mampir nyokot koran, katingal ulatna henteu marahmay, malah katingal susah.  Teu ditanya ieuh , da éta mah urusan manéhna. Si Mba teu open, sok wé nyuguhan sirop. Léos deui ka dapur manéhna mah.  Kuring angger maca koran, sanggeus nyuruput sirop kadéngé manéhna humandeuar.
Cenah, rék kumaha bisa usaha, perlu nginjeum modal ka dunungan gé teu ieuh méré, padahal ngan ukur sajuta.
“Nya gedé atuh sajuta mah, Kos, keur ibu nu pangsiunan mah.  “ ceuk kuring némbrong.  Derekdek manéhna, nerangkeun. Aya nu nawaran jadi tangkulak lauk téa, kudu aya modal.  Teu gedé ieuh, cenah asal aya dua juta heula, bisa jalan.  Terus manéhna nginjeum ka dunungan nu sok meulian barang-barang loakna, ngan disanggupan limaratus.  Manéhna rék jual jaar cenah, meunang ari lima ratus mah.  Tah masih kurang sajuta deui cenah.  Duka kamana nya néangan sakitu.  “Padahal ieu kasempetan Bu.  Pan ibu nu sok ngadorong, kudu pindah usaha”, cenah deui.  Lamun henteu, usahana rék dioperkeun ka batur.
Kuring rada ngahuleng.  Enya inget, unggal papanggih, kuring sok nyarankeun sina ganti propési, saluyu jeung kabisa , jeung otakna, harulung jangkungna, daékanana.  Karunya ogé, ari inget kituna mah.  Ras inget, minggu kamari meunang arisan.  Lumayan.  Tapi leungeun incu geus namprak , bekelan cenah aya kasempetan, kapilih ka Australia.  Di itung-itung lamun diinjeumkeun ka si Engkos sajuta, masih aya kénéh sésa keur ngeupeulan incu.
            Manéhna ménta kwitansi, basa narima duit injeuman ti kuring.  Teu kudu maké kwitansi.  Kajujuran wé urang mah.  Masing maké kwitansi gé, ari manéh rék curang mah Kos, percumah.  Nunggu kajujuran wé ibu mah.  Didoakeun sing lancar usahana. “Amien Bu, cenah. Bulan hareup, dibalikeun.”
            Tah ti harita pleng les wé. Teu aya béja. Padahal koran geus numpuk.  Dibikeun ka nu séjén, sieun manéhna datang.
Pasosoré, geus ngabaku, mba sasapu di émpér, kuring maca.  Katingal aya sémah, nyangheuy leungeunna kana panto pager.  Kadéngé wé nanyakeun kuring.  Dilieuk, teu wawuh.  Tapi naha nyahoeun ngaran kuring, ngaran si Mba.
            Gancang sina asup.  Bari nungtun anakna, gék manéhna diuk na bangku nu aya.  Anakna dilahun.  Katingal capéna téh.  Cenah, ti tatadi kukurilingan, néangan alamat kuring.  Euh geuning pamajikan si Engkos.  Paingan nyaho ngaran jeung alamat kuring.
            Derekdek manéhna ngobrolkeun salakina.  Geus lila teu ngalongok ka Sukabumi.  Cenah keur sibuk usaha anyar.  Paling-paling titip ka tatanggana duit keur kaperluan barudak mah, cenah.  Tadi isuk-isuk geus mangihan dununganana, nu sok meulian barang loakanana.  Nyakitu sarua, geus lila teu panggih cenah.  Panungtung manéhna inget ka alamat kuring da sok dititipan keur jajan budakna.  Masing enya can wawuh cenah rék maksakeun panggih.  Kanyataan nana kuring gé lebeng teu panggih jeung salakina.  Katingal susahna téh, mana geus soré deui.  Mana salaki teuing dimana.  Ku kuring di tahan sina ngendong sapeuting waé mah.  Tapi manéhna nolak.  Nya dianteurkeun  ku supir ka Lebak Bulus, pangkalan beus.
Pasosoré, keur sibuk nganggeuskeun lukisan, si Mba nyampeurkeun bari hariweusweus.  Kuring gé reuwas, si Mba sina narik napas heula.  “Aya naon mba, kunaon mba Yenny, gering? kuring nanya, da tadi katingal si mba kaluar ti émpér ibu Joko.
“Sanés bu, Engkos nikah deui, sareng sobatna mba Yenny, Ratih di sektor lima.  Ratih henteu uih deui ka Jakarta, atuh Engkosna ogé cenah tos ngalih ka Jawa.”
Bedusss, sigana nginjeum duit keur modal usaha lauk téh, sihoréng keur biaya kawin deui meureun.  Nyana-nyana kitu mah, moal dibéré nginjeum.  Mana duit meunang arisan deui.  Sésa mekelan incu, niat rék ditabung!*

CARPON Kulambu Sutra Kénging Tety S Nataprawira

CARPON
Kulambu Sutra
Kénging Tety S Nataprawira
Sekar leumpang nyampeurkeun box anakna. Kulambu bulao ngora ngarumbay nuruban ranjang leutik. Disingraykeun. Bréh katempo, buah haténa keur saré ngageubra. Diteuteup pipina nu montok jeung beresih, semu beureum. Bulu panonna centik. Na tarangna buuk laleutik ngaroyom. Sekar imut. Simbut Popi dibebener.     
Luk tungkul. Tarang Popi diambungan. Kulambuna ditutupkeun deui. Tina jandéla aya angin nu nyalisir ngelabkeun tungtung kulambu. Jandéla gancang ditutupkeun. Bisi angin asup ka kamar. Ulah, Popi ulah kaanginan. Haté Ambu bakal gering lamun Popi kaanginan.
Bari mérésan baju Popi, Sekar diuk dina ranjang.Tadi isuk-isuk salakina merenahkeun box Popi deukeut jandela, méh kapoyanan.
“Jandélana kedah dibukakeun,” pokna reueus.
Unggal poé Popi jadi rebutan duaan. Hayang ngagugulung, mun teu ras ingeteun yén umur Popi kakara tilu bulan.
“Nyaah kitu ka Popi?” Sekar nanya. Asa sorangan nu pangnyaahna téh geuning. Sieun salakina mah teu nyaaheun.
”Naha bet naros kitu? Atuh teu nyaah mah moal…” teu kebat. Kaburu ku Sekar dituluykeun bari seuri.
”Moal manggaleuhkeun kulambu kanggo Popi nya, Pop?” pokna ka orok nu ngan ukur bisa ngabelényéh seuri. Salakina neuteup.
Hararésé naker rék indit ka kantor téh. Mun teu dijurung mah sigana ngajentul wé nungguan Popi.
”Mun teu dikulambuan reungitna ka lebet. Nyocoan,” Sekar seuri leutik kayungyun, rada nyindir ka salakina.
Kulambu, keur Sekar mapandékeun panghalang nu ngagoda katengtreman rumah-tanggana. Kungsi, méh baé kulambuna nyingray.
Tadi Sekar hayang ngaheureuyan salakina, tapi teu wasa. Teu wasa ngedalkeun. Na haténa aya nu nyaram. Sekar ngarénghap alon. Paneuteupna seselendep kana jeroeun kulambu néangan Popi. Saréna tibra.
Lucu puguh Popi téh, geulis. Siga saha? Sekar ngalenyap. Teu pupuguh haténa bet inget deui ka dinya. Kana lalakon nu kungsi ngendagkeun haté. Nyalisir kawas angin janari. Tiis, tapi peurih.
Sok Sekar nunda buku nu tadi dibaca, ditunda dina kasur, basa katempo Popi ngulisik. Bray nyingkabkeun kulambu. Popi geus nyaring. Ku Sekar diusap pipina. Belenyéh seuri. Sekar imut.
“Pinter!” pokna, “Popi teu nangis. Pinter putra Ambu, wareg bobona?” Sekar aléwoh. Asa teleb ngabasakeun Ambu. Budak némbalan ku basana, sorana ririh
“Hakeng, hakeng,” cenah, belényéh deui seuri.
“Palay nénén, pipis?” gap leungeunna kana bujur Popi, pempersna geus pinuh.
“Gentos heula, nya?” Popi diangkat. Sok dina ranjang gedé, disalinan.
Popi ngaéh, lapareun. Tuda tadi saréna jam salapan wanci haneut moyan, sanggeus dimandian, sanggeus disusuan. Méh jam satengah satu, karak lilir, meujeuhna lapareun pisan.
Ku Sekar dilahun, pék disusuan. Nyoso naker.
Sabot nyusuan, Sekar teu petot-petot neuteup hihideung panon anakna. Sakapeung, mun keur neuteup panon Popi, haténa sok tagiwur. Ngajorélat aya panon Hana, nu kungsi ngendagkeun haté salakina. Geulis, lungguh. Panonna liuh siga panon Popi ayeuna.
Mun inget ka Hana, haténa sok nyérését. Kawas angin janari, teu karasa tapi matak peurih kareureuhnakeun. Hana, batur sakantorna.
Tilu taun, Sekar jeung salakina ngarep-ngarep bagja, nungguan hadirna jabang bayi nu bakal ceurik meupeuskeun simpéna peuting.
Tilu taun Sekar narima kalawan tawekal. Sanajan haténa mindeng ceurik, upama nempo teuteup salakina semu ngananaha. Naha can sanggup jadi indung? Naha? Paneuteup panutanana nu baheula liuh, sok remen kasipuh ku pangdakwa. Jadi tiis, ngagerihan. Salakina jadi tiis. Jadi ngantep manéhna dina kanalangsa nu jero.
Padahal mah na waktu sarupa kitu, taya deui kabagja Sekar iwal ti panyombo, kadeudeuh, jeung kanyaah ti nu jadi salaki. Tapi karasa ku manéhna, harita jadi hambar, jadi tiis, combrék.
Sanajan lemes bari buni, karasana ku Sekar mah, haté salakina jadi anggang. Sok hayang ngojayan jerona paneuteup asa lain keur manéhna. Sekar ngarti, salakina nyumputkeun kakuciwa. Sekar hayang ancrub, hayang teuleum. Tapi teu wasa. Ras ka dirina, sieun manggih kanyataan nu peurih. Taya tangan pangawasa mun kanyaah salakina ngolémbar.
Tapi éta sangkaan goréng teh sok buru-buru disingkahkeun. Embung nangénan mun haté salakina endag kaanginkeun. Ngolémbar ka nu séjén. Sanajan ngarti naon sababna. Da mun enya kitu, Sekar rumasa can bisa méré kasugemaan.
Karasa ku Sekar gé, poék, taya béntang. Taya teuteup haneut tina panon panutan ati. Teuteup deudeuh, bet karasa peuray lalaunan. Jadi tiis combrék. Kasaput ku imut hambar.
Hiji waktu Sekar hayang neuleuman hate salakina. Tapi salakina nyingkahan pananya. Kalawan karasa, kageugeutna lain kageugeut nu baheula.
”Anggur gé bobo, tong seueur teuing ngémutan nu lain-lain. Akang angger nyaah. Moal rék ka mamana.”
Tapi haté Sekar, manan tengtrem kalah cangcaya, kalah beuki nalangsa.
”Kang..!” ngomongna dareuda, ”Hapunten can tiasa…..”
Teu kebat, kapegat ku sumegruk. Karasa, sirahna diusapan. Tapi usapna hambar, dadana motah, marudah.
Harita Sekar neuteup lalangit. Dina lalangit katémbong aya orok nu lucu. Nu bakal nyebut Ambu ka Sekar, jeung Apa ka salakina. Bagja temen. Haté Sekar diayun ku angen-angen. Les, kasaréan.
Tengah peuting lilir, kacida simpéna. Salakina taya di gigireunana. Tapi keur ngadeluk na méja komputer. Ku Sekar disérangkeun ti kamar, tina panto nu méléngé.
Sakapeung salakina katempo malaweung. Neuteup ka jauhna bangun taya pitunduheun. Nyanghareupan komputer, keretas jeung buku-buku hareupeunana. Sekar apal, salakina keur komunikasi jeung batur, céting. Pluk, katangén aya nu murag. Hayang ngojéngkang mangnyokotkeun, tapi sieun gareuwah. Sekar bati nalangsa. Haténa gegeroan. Ngageroan salakina, nu haténa teuing keur kumaha.
Waktu salakina asup deui ka kamar, Sekar api-api saré tibra. Kadéngé salakina ngarénghap beurat. Goloyoh gigireunana. Karasa ngeukeupan, pageuh. Neueulkeun Sekar kana dadana lalaunan bangun sieun leupas.
Alon pisan, antara nyaring jeung henteu, Sekar ngadéngé nu ngaharéwos.
”Hapunten Akang, bet wasa miharep nu lian.” Sérését haténa karasa peurih.
Geus tangtu salakina teu nyangkaeun manéhna keur nyaring. Na panonna karasa aya nu haneut, baseuh. Sora halon salakina bieu, kabawa ka alam ngimpi.
Kulambu sutra kekelaban, lir nu ngagupayan. Ngarimbunan ranjang leutik. Jeroeunana aya sarébu kabagja jeung katrésna, ku Sekar disingraykeun.
Kabéh impian baheula. Baheula saméméh aya Popi. Ayeuna Popi aya na lahunana, lahunan indung, dina kawih deudeuh Cianjuran, nu salawasna mawa katengtrem ati.
Sirah Popi diusapan. Ngok diambung. Seungit, seungit orok nu beresih.
Mun kongang mah hayang salawasna ngeukeuweuk Popi, mamangku Popi. Sekar imut. Kacipta deui basa Sekar hayang némbongkeun test-pack positip ka salakina.
Aya kabagja sején leuwih ti ti éta, basa ngarasa aya nu usik na kandungan. Gusti Nu Agung! Sekar asa ngapung ka langit katujuh. Jungjunan nu dianti-anti kiwari ngageterkeun asih.
Bet teu kanyahoan ujug-ujug ter wéh ngageter. Panyangka Dédéh mah telat tilu bulan téh biasa, da sok kitu. Teu dipariksa ieuh, kawas nu geus bosen ku kakuciwa saperti saméméhna.
Horéng puputon téh datangna ngagareuwahkeun. Sekar imut, hayang ngabéjaan salakina ku geterna Si Utun Inji mun usik deui, rék sina pataréma. Ngarah bagja. Cipanonna diantep sina ngembeng. Hayang geura Si Utun usik deui.
”Kang,” pokna dareuda, ”Tah cepeng ” leungeun salakina diteueulkeun basa na beuteungna aya nu usik.
Teup panon pateuteup, bangun cangcaya. Manéhna unggeuk. Na panon salakina aya talaga nu ngembeng.
”Tadi uih diparios, ku Bidan. Leres, énjing piwarang di-USG ka dokter kandungan,” Omongna dareuda.
”Alhamdulillah,” témbalna ngagerendeng, lalaunan tapi jero. Paneuteupna nyorotkeun cahya bagja. Leungeunna nangkeup Sekar.
”Hapunten,“ pokna. Sekar ngalenyap. Naha? Hapunten? Leungeun salakina ngusapan.
”Salami ieu Akang sering ngantep,” ngaharewos.
Sekar teu wasa kedal nanaon. Pangrasana teu nyalahan.
”Pami dihapunten Akang nu pangbagjana,” pokna.
 Tuluy wakca. Haténa kungsi baluweng, kaendagkeun ku harepan nu ngagoda. Haté Sekar ngaleketey, peurih. Tapi teu wasa ngabibisani. Teu wasa némbal. Sabab kacida peurihna, geuning.
 ”Rumasa, Akang kungsi boga harepan séjén. Tapi teu wasa wakca. Tapi ngan ukur teu wasa mopohokeun, taya leuwihna. Sabab apan Akang gaduh Sekar.”           
Reup Sekar peureum, nahan rasa nu awor na dadana. Peurih jeung ngenes. Embung ngadéngé nu wakca balaka, tapi haténa teu wasa ngantep. Nyah beunta, malik ka salakina. Cipanonna tuhur.
Teu, teu wasa némbongkeun kapeurih ati. Pék nanya, “Saha namina?”
Salakina keur neuteup lalangit, ngaganjel sirahna ku dua leungeun.
“Hana,“ témbalna.
Sekar ngarénghap, kolébat Hana némbongan. Deudeuh teuing. Panon nu liuh, Hana nu bageur. Reup Sekar peureum. Hampura Han. Ceuceu terang, na panon Hana nu liuh aya kadeudeuh keur si Akang, salaki kuring. Tapi kacinta Ceuceu teu wasa maliré haté Hana. Ulah, ulah micinta Akang, sabab Ceuceu embung leungiteun katrésnana.
”Naha Akang teu sasauran ti kapungkur, ari tos lami mah?” Sekar nanya. Salakina malik.  nangkeup. Teu némbalan. Sekar hayang sumegruk. Tapi ditahan.
”Hapunten, Akang sieun leungiteun. Ti ayeuna jangji, moal sumoréang ka mamana.”
Haté Sekar ngaleketey.
Salakina mageuhan keukeupan. Ngarénghap saperti nu ngaleupaskeun bangbaluhna.
Na kandunganana Sekar karasa aya nu usik. Gap leungeun salakina dicekel. Tel diantelkeun. Cipanon bagjana lalaunan juuh.
Ti harita mun Sekar inget ka Hana, sok gancang disinglarkeun. Sekar  yakin. Ti poé ka poé karasa kabagja beuki minuhan dadana. Nu kungsi karasa anggang téh, ayeuna beuki geugeut.
Tepi ka waktuna, Popi lahir. Séhat, montok, beresih. Hana. Hana Popiani. Sekar milih ngaran éta keur Popi. Tapi salakina nyaram.
“Tos waé Popi,” pokna.
“Naha ulah nganggo Hana?” ngaheureuyan, salakina ngabalieur.
Nyah Popi beunta. Sekar imut. Belenyéh Popi seuri.
“Wareg nénénna?” Sirah Popi diusapan.
“Hakeng, hakeng…” Ririh, sora nu mawa katingtrim ati.
Angin asup tina panto kamar. Karasa tiis, Sekar ngalieuk ngawaskeun nu anyar datang. Ngarérét kana jam. Wayah balik ngantor. Teu kadéngé gerung motorna. Jongjon teuing ngurus Popi. Tadi milu ngalenyap basa Popi tibra. Lilir-lilir  jam opat soré, wanci ngelap atawa ngamandian.
”Karék gugah?” manéhna nanya. Panto kamar ditutupkeun. Gék diuk dina sisi ranjang.
Sekar imut. Jung nangtung mangku Popi, rék disarékeun dina box, tas dimandian.
”Mbu, nyaah ka Popi?” Salakina nanya. Sekar ngarérét. Teup pateuteup.
Kiwari aya tali kaasih nu salawasna nganteng. Teu perlu sieun leungiteun, sanajan kulambu sutra kungsi ngelab kaanginkeun.   *

CARPON Nu Nyuuh Dina Tutunggul Kénging Hana Rohana Suwanda

 CARPON
Nu Nyuuh Dina Tutunggul
Kénging Hana Rohana Suwanda

“Urang ayeuna wé ka kuburan téh meungpeung isuk kénéh” saur Abu Ebah. Gap kana payung, ngincig ti payun, dituturkeun ku kuring.
“Kana Angkot Bu?”
“Nya heueuh, kapan supir areuweuh” saurna. Megat angkot henteu lila, jeung panumpangna gé teu loba atuh nyalsé.
“Ayeuna téh meureun poé kasapuluh Rosita maotna nya Neng?”
“Muhun Bu, kasapuluh”
“Ari Gusti nya, bener kuma kapalayna, rencana urang saréréa hayang nyaksian walimahna, ari seug téh ngabring ka kuburan nganteurkeun layonna” saur Abu sedih. Rosita téh kadeudeuh Abu, murid di kolompok pangaosan Halimattu  Sadiah.Geulis, nyantri, pinter jeung sabar taya babandinganana. Pangpangna sabar nampi cocobi ti Gusti. Lima taun diganggayong ku kasakit kangker teu aral subaha.
Pokna gé; ”Abdi mah yakin Gusti bakal mintonkeun kakawasaanana ka abdi, kasakit bakal leungit, abdi bébas tinu disebut katunggaraan. Ari jolna ti Gusti mah piraku kudu ditampi jadi katunggaraan”.      
Saban poé ngantor, ngageuleuyeung dina sédan beureum nyetiran ku sorangan ka kantorna, di salahsahiji bank Swasta. Rosita boga kalungguhan penting. Anak buahna saurang lalaki ngora  Haikal ngaranna, lalaki ngora tur kasép, pinter deuih. Tara loba omong ari lain jeung Rosita mah. Ngan Haikal anu dipercaya nyupiran lamun Ropsita kapaksa teu nyupiran.
Hiji mangsa Rosita kapaksa dibarawa ka Rumah Sakit, sabab di kantor ngadadak ngalenggerek kapiuhan, kasakitna jadi. Nu pangributna tangtu baé Haikal. Rosita dipangku kana mobil geuleuyeung dibawa ka rumah sakit. Tétéla  kasakitna geus parna, geus stadieum opat pikaketireun. Haikal  teu ninggalkeun dununganana, satia ngadagoan di rumah sakit.Kulawargana anu nungguan ari lain ibuna tangtu lanceukna. Tapi da lanceukna loba anak meureun seseringna nitipkeun ka Haikal. Ray poé ray poé Haikal beuki bingung ngarawat dunungan anu dipicinta jeung dihormatna.  Kumaha carana supaya henteu ragab lantaran lain muhrim?
Nya kudu dimuhrim, saur Haji Soleh tatanggana. Haikal wakca ka Ibu Darmadi niat mileuleuheungkeun Rosita anu saenyana geus lila jadi mojang impianna.
“Tapi kapan Si nyai téh gering anu sakitu parnana?”
“Malah éta anu jadi marga lantaran abdi ayeuna ngalamar, malah hoyong ayeuna kénéh dirapalan. Abdi hoyong ngurus Rosita ti saméméhna, supados Ibu henteu répot sareng abdi henteu kagok”ceuk Haikal.  Ibu Darmadi ngaleketey manah ngadangu caritaan Haikal kitu. Deudeuh teuing! Gerentes manahna.
“Kasép, ari Ibu mah kumaha jinisna baé, kana karep anu mulya kitu nya panuju baé. Ké lamunna  Rosita geus bisa diajak nyarita urang badamikeun baé!” saur Ibu Darmadi. Haikal bangun teu sabar ménta supaya diputus ku Ibu baé, karepna mah poé éta nyaur panghulu ménta ditikahkeun.
Ngan hadéna Rosita bet jiga anu geus nyaho kana pamaksudan Haikal.
“Aik, Ceuceu gé sarua jeung Ibu, panuju kana paniatan hadé Aik, rék ayeuna rék pagéto prung baé atur kumaha hadéna!” Haikal olohok mata simeuteun, nu gering diteuteup mani asa beuki geulis, aurana mancur, belenyéh seuri.
“Aik kanyaah ditarima, Alhamdulillah ka Ceuceu anu sakieu ruksakna aya anu mitineung, nuhun Haikal!” sorana halon, tina juru socana  ngaberebey cai kabungah cai kasedih jeung nalangsa.
“Nuhun Aik!” harewosna. Ku Haikal ditangkeup pageuh digalentor diciuman, Ibu Darmadi nangis sumegruk.
Pagétona aya panghulu jeung sajumlah tamu ka rumah sakit, walimah lumangsung tartib aman, saksina pingpinan rumah sakit katut para dokter jeung perawat.
Nya ti harita Haikal geus tara ingkah deui ti sisi ranjang Rosita. Ti mimiti ngamandian meresihan ngahuapan jeung ngalalayanan sagala rupa kapereluan Rosita ti perawat dipenta ku Haikal ari anu luareun  pengobatan mah. Saban poé seungit ngadalingding, seungit malati ti lebah Rosita ngagolér, saban poé pamandangan lebah dinya éndah asri, teu weléh wareuteuh  bawa ti imah, geus tara ménta deui ti rumah sakit. Saban poé aya kembang boh anggrek boh sedepmalem dina méja pasen  istimewa téh. Nu ngalayad rabul, pangpangna kadang kulawarga, kanca mitra jeung  mitra-mitra gawé Rosita. Haikal sabar pisan ngurus Rosita, leuwih ti misti, lantaran niatna ogé hayang cacap ngurusna boh tepi ka cageur deui boh tepi ka ku kersana Gusti  ngan tepi ka dinya tepung asihna jeung Rosita. Tapi Haikal teu weléh neneda supaya buah haténa cageur deui.
“Aik, Ceuceu amanat poma ulah tepi ka leungiteun lamunna ceuceu disaur ku Gusti kudu mulang poé-poé ieu. Sabab karasana beuki lila beuki beurat nanggung kasakit téh. Didungakeun sing meunangkeun anu bageur, nu béla satia ka Aik.
“Ulah sasauran kitu, kapan urang bakal hirup tepi ka pakétrok iteuk. Masing yakin kana kakawasaan Gusti! Sing yakin, nu mustahil ceuk manusa, Gusti mah tiasa kun fayyakun!”
Haikal teu nyangka lamun poe éta poé panungtungan ngawangkong panjang jeung Rosita. Ditinggalkeun ka apotek ari di apotek mani ngantay. Balik ka kamar Rosita kasampak ranjangna kosong, perawat ngabéjaan yén Ros dibawa deui ka UGD. Gebeg….. atuh meureun kasakitna geus kacida parnana.
“Ros… aduh Ros….” Haikal ngagidig ka tempat anu dituduhkeun ku perawat bari nyusutan cipanon.
“Ulah ka mamana!” saur Dokter, Haikal nyangsaya dina korsi tunggu bari hujan cimata, geus nyampak Ibu Darmadi jeung rai katut rakana Rosita. Malah paman jeung uwana ti Cianjur ogé geus sarumping.
Méméh dokter kaluar ti ruang UGD, Ibu Darmadi geus ngartos naon anu bakal disaurkeun, atuh gubrag ibu Darmadi rubuh kana korsi… kapidara. Poé éta kénéh bada Lohor anu geulis Rosita  dianteurkeun ka kuburan…..
“Haikal, hayu bareng jeung Abu urang mulang!” Abu narik leungeun Haikal anu nyuuh na tutunggul, tapi Haikal beuki pageuh nangkeup tutunggul  jiga anu embung ngalésotkeun.  Kembang samoja murukpluk maruragan kana awakna. Manéhna nyuuh na tutunggul , diiuhan ku samoja, kembangna mangkak barodas.
Pokna: “Deudeuh teuing Rosita lamun kudu ditinggalkeun téh.”
Ari saur Abu: “Kasep,..  Rosita mah geus puguh, geus tepi ka alam padang poé panjang. Heug dungakeun masing nyandingkeun leueuteun ti talaga Al Kautsar. Yu ayeuna mah, urang mulang, kapan pancén urang mah panjang kénéh, puguh deui Ujang mah Haikal, kapan meureun kudu neruskeun hanca garapan Rosita  di pausahaanana!”. Haikal gogodeg.
“Hapunten Abu, abdi wangsul upami matapoé tos surup,  Insya Allah!”
Abu istigfar “Astagfirullahaladzim, Haikal anaking, Abu moal maksa, heug ku Abu ditinggalkeun, tapi omat engké mulang!”
“Insya Allah Abu….!” Pokna dareuda.
Haikal kakara daékeun balik sabadana dipapagkeun ku ajengan Soléh, wanci sareupna.

CARPON Kuntilanak Kénging Komala Sutha

 CARPON
Kuntilanak
Kénging Komala Sutha

Lalaunan Nyimas nutupkeun panto cai. Lalaunan ogé, nurunkeun sukuna, ngaléngkah ka handap, ngaliwatan tilu tangga nu leueur kasimbeuhan ku cai ti jero. Sanggeus hareupeun panto nu rék ka imah, teuing timana jolna, angin ngahiliwir kana pundukna. Tiis. Nyimas ngarérét ka lebah panto cai nu nutup. Kapireng sora cai nu kawas ngamalir kana paralon handap, padahal geus sababaraha menit katukang, cai kuduna eureun  ngamalir.
            Teu pati dipikiran. Nyimas ngaleupaskeun dua sendal capitna, sukuna diteueul-teueulkeun kana kékéséd nu garing, tuluy bus ka jero imah sanggeus saméméhna ngonci ti jero.
            Golédag gigireun orok beureum nu tacan sabulan aya di alam dunya. Awak Nyimas nyaréri kénéh, lalinu, tilu jaitan teuing leuwih waktu réngsé ngaheujeun si jabang bayi. Leumpang gé kawas nu léléngkah halu sakapeung mah. Uyuhan ku kituna mah, ngawulaan sorangan ti réngsé lahiran téh. Ti mimiti ngurus orok, nyeuseuh, popoé, ngaléot tepika ngawulaan kadaharan ogé ku sorangan. Sakali-kali éta ogé lanceukna nu sarua ripuh ngurus budak sapopoéna,  nepungan. Tuluy mantuan. Tapi tara kungsi lila, ukur memenitan.
            Nyimas dumuk di kontrakan, teu boga imah. Salakina gawé di pabrik tékstil nu cenah moal lila deui bangkrut. Tiap poé balikna burit, anakna nu cikal nu umurna can panceg lima taun, can bisa kaarah gawé mun sakalieun indungna nitah meuli uyah ka warung ogé.
            Jarum pondok museur kana angka sapuluh waktu Nyimas ngeukeupan orok nu ngagebra. Salakina réngsé Isya disalampeur babaturanna. Diajak gapléh. Saenyana Nyimas keuheul nataku, teu kira-kira salakina indit ninggalkeun manéhna katilu anaknna di imah kontrakan nu kacaritakeun loba jurig.
            Séak … angin nyéak. Nyimas ngarénjag. Naha aya angin ka jero imah, sakitu rérégan nutup, malah liang angin di luhur jandéla jeung panto ogé geus rapet ditutupan ku koran. Najan teu tarik, kana puhu ceuli Nyimas atra sora nu seuri, nyikikik. Siga sora awéwé. Nyimas reuwas. Ceulina rancung-rancung waktu kadua kalina sora nu nyikikik téh aya deui. Nu kadua mah, rada lila, aya kana sababaraha detikna. Puringkak, bulu punduk Nyimas muringkak. Awakna dakdumadak ngeleper, tapi satekah polah nahan rasa sieun nu mimiti nyaliara. Geuwat cengkat tina kasur nu ngahaja diamparkeun tiap peuting di tengah imah. Ngarawu orok tuluy gagancangan blus ka kamar. Panto dikonci pageuh ti jero. Orok digolérkeun di gigireun lanceukna  nu keur kérék.
            Panon Nyimas teu daék peureum, pikiranna masih museur kana sora nyikikik tadi. Teu bisa dipastikeun dimana éta sora, tapi Nyimas ngarasa sora nu pikasieuneun éta téh datangna ti rohangan tukang, tukang pisan, juru pisan … nyaéta  pernahna ti jero cai. Nya, Nyimas yakin ti dinya. Menit-menit ka hareupna karasa lila, ras Nyimas inget kana caritaan tatangga waktu dua bulan katukang anyar nyicingan ieu imah, cenah mah di imah kontrakan ieu nu lega ku rohangan téh, didumukan ogé ku loba mahluk salian manusa. Matakna harga kontrakan imah téh kaitung murah. Nurutkeun béja deui, unggal nu kungsi nyicingan imah ieu, kabéh gé kungsi ngarasakeun ayana bangsaning jurig di dieu. Wallahualam… Nyimas teu pati percaya. Keur dirina nu harita bulan alaeun, manggih kontrakan nu murah téh leuwih penting tibatan ngadéngé nu teu pararuguh jeung bangun nu pamohalan. Lain teu percaya ka bangsa nu kitu, tapi embung kaganggu ku béja-béja nu can pasti.
            Cikikik, sora nu nyikikik téh disada deui. Puriding, Nyimas muriding. Awakna ngadarégdég. Orok dikeukeupan pageuh. Nyimas yakin ayeuna mah, éta sora kunti. Kuntilanak. Mahluk nu cenah jurig awéwé nu buukna panjang ngarambueuk, beungeutna ruksak pikasieuneun, papakéanana daster bodas kuleuheu. Nyimas gé karék inget, tadi manéhna ka cai pikeun miceun getih tina bagéanna nu kagetihan. Nyimas enya-enya poho kana caritaan Téh Ana, lanceukna nu sababaraha kali geus pangalaman orokan.
            “Kadé Nyi… ulah wani-wani ngumbah getih saentasna langit hideung,” pokna peupeujeuh. “Kajeun teundeun heula wé, buntelkeun... keun isuk deui wé ari panonpoé geus bijil, kakarék beresihkeun.”
            “Bisi dicokcrok ku kunti nya, Téh?”
            Nyimas gé karék inget, imah kontrakan ieu, bagéan rohangan tukang jeung imah tatangga nu nukangan, ukur diwatesan ku susukan. Ceuk béja, di susukan kunti resep kekeceprekan ari poé geus ingkah, komo deui disampakkeun getih ti nu hudang ngajuru. Inget kadinya, Nyimas beuki pageuh ngeukeupan orokna.
            Jam dinding di tengah imah disada sabelas kali. Salaki Nyimas nu mimindengna mah polahna kawas budak ngora, can kénéh mulang. Antara rasa keuheul jeung sieun, pagalo dina jero dada. Nyimas  murungkut nyuksruk kana awak orok beureum nu leutik. Tina awakna nu begang nu dibungkus ku baju daster nu lalayu sekar, tina pinarepna nu tumawon, barijil késang badag késang lembut. Sabisa-bisa Nyimas ngagerendengkeun kalimah ampuh pikeun ngusir kunti nu bisa waé nyampeurkeun, tapi dakdumadak biwirna hésé deui éngab. Dada Nyimas turun naék, satekah polah nyinglarkeun rasa sieun nu mingkin nyaliara. Rarasaanana, sora nu nyikikik téh disada deui, ayeuna mah lain ti jero cai, tapi beuki deukeut, beuki deukeut baé.
            Sora panto hareup nu digedor tarik ngalantarankeun Nyimas ngarénjag reuwas. Ceulina masih rancung ngadédéngékeun sora nu nyikikik nu ayeuna mah leungit. Pindah kana sora panto hareup nu teu eureun-eureun digedoran. Nyimas ngusap dada. Lalaunan cengkat, orok beureum nu can dicukuran tepika peuting ieu, masih ngagebra teu kagareuwahkeun ku sora panto nu digedoran tarik ku jalma teu boga pikiran nyaéta bapana, salaki Nyimas.
            “Nyimas… nyaring atuh!” ti luar, salakina ngagentraan. “Naha tengah imah beut dipoékan? Tara-tara ti sasari! Hurungkeun atuh!”
            Nyimas kerung. Rarasaan manéhna teu mareuman lampu nu dimaksud. Pegat meureun, pikirna.
            “Nyimas… geuwat buka atuh!” salakina ngagorowok ti tepas hareup, leungeunna eureun ngagedoran panto.  “Yeuh Akang mawa maratabak paméré si Adung!”
            “Enya Kang… sakedap,” témbal Nyimas bari menerkeun kancing daster nu muka. Bari ngararasakeun peurih dina bagéan awakna urut ngaheujeun si jabang bayi, ngojéngkang tina dipan butut, tuluy muru gagang panto. Bray panto kamar muka. Bener ceuk salakina, rohangan tengah imah téh pareum padahal Nyimas teu rumasa mareuman. Karék gé rék ngaléngkah tina lawang panto, bari leungeunna cupu-capa kana témbok néangan stop kontak, najan poék rohangan tapi panon Nyimas awas kénéh.
            Dina luhur kasur kapuk ipis di tengah imah, nyampak aya nu keur nanghunjar. Awéwé buuk panjang ngarambueuk, beungeutna ruksak. Pakéanna nu bodas kuleuheu kawas daster. Barang nempo Nyimas nu ngarénjag, nu keur nanghunjar dina kasur kapuk téh nyikikik. Pikasieuneun.
            Ti luar, sora salaki Nyimas gegeroan deui, kana sababaraha kali. Tapi saeutik gé teu tepi kana ceuli. Nyimas geus teu kaburu inget deui nanaon, kaburu teu inget di bumi alam.*   Cililin,

Carpon Jum’at Kliwon Kénging Aulia

Carpon
Jum’at Kliwon
Kénging Aulia

Saméméh ngagutrut nulisan diary, Kuring ngarérét kana almenak rék ningali tanggal. Hah, malem jum’at kliwon !  Hiiiyyyy…. Kuring ngabirigidig.
“Dear Diary, ....”
Reg eureun nulis.
Kuring ngabirigidig deui, geus teu kuat hayang kahampangan.
Gura-giru maké sendal capit, tuluy ngetrokan kamar sabeulah.
            “Ca….Oca….!”  gegeroan bari keketrok.
Orokaya ti jero kamar angger jempling.
Lah, si orowodol mah wayah kieu pasti geus tibra.
Kapaksa kuring muru kamar mandi sorangan. Haté mah hemar-hemir. Malem Jum’at Kliwon, cenah waktuna dedemit, jurig, kunti jeung sajabana kalaluar. Hiiiyyyyy…..
Satengah lumpat kuring muru kamar mandi nu pang deukeutna.
Kamar mandi di kosan PUTRI aya genep, kabéhna ngajajar nyanghareupan pakarangan tukang nu hieum ku tatangkalan.
Selengseng bau durukan, sirah Kuring maké hideng luak-lieuk ka pakarangan tukang. Sarérétan panon ningali nu utek-utekan palebah kandang hayam, kawas ramo-ramo tapi hideung jeung buluan. Ukuranna gé teu ilahar jeung ramo jelema, gedéna ampir sagedé pigeulang kuring. Boa-boa ramo buta…
            “Huwwaaaa…..” Kuring nutupan beungeut.
Teu hayang nyidik-nyidik sakali deui, beuheung diputerkeun 350 derajat. Lalaunan leungeun nu meungpeunan panon dibuka.
Gebeg. Itu handapeun tangkal sirsak kawas aya nu dongko, awakna bodas kabéh, euweuh sukuan, euweuh beungeutan, kalah buuk wé ngawigwig kawas Fungky Papua.
Kuring geus teu bisa ngajerit deui, sora asa melag na tikoro. Luk tungkul, miceun paneuteup tinu pikasieuneun. Tapi kalagkang naon nu oyag-oyagan tukangeun? Boa buta nu tadi ngudag !
Berebet lumpat muru kamar mandi nu pang deukeutna. Gebrug nutupkeun panto kamar mandi, ngadon ngonci manéh.
Calana piyama mah geus baseuh titadi kénéh, bau hangseur.
Haté babacaan sabisa-bisa, mudah-mudahan buta nu tadi katingali leungeunna hideung ngabelegbeg, kunti, atawa naon baé teu manggihan kuring nu keur nyumput di dieu.
Keur anteng babacaan, karasa suku asa aya nu ngusapan. Emh, pasti leungeun jurig, kapan cenah nu kitu mah bisa tembus sanajan panto dikonci gé.
Tibuburanjat kuring naék kana bak mandi. Geleber cucunguk hiber tina sendal kuring, jadol téh !  Ditimbug satakerna sakadang cucunguk nu hiber muru lalangit kamar mandi maké sendal capit, Beleweeeeerrrr……. Guluprak !
“Aw !” sendal capit kalah murag ninggang sirah.
Gusti, na peuting ieu ni apes-apes teuing atuh. Maké hayang ka cai sagala, maké manggihan mangkeluk nu teu paruguh sagala. Maké katimpug ku sendal capit sagala.
Salametkeun abdi Gusti, mugi tiasa uih deui ka kamar teu kirang nanaon. Abdi jangji, pami salamet, badé getol solat, moal kalékéd deui mun nguping adan.
Mani euweuh saurang-urang acan nu ngadon ka kamar mandi deuih ieu téh. Si Oca, atawa si Mojang nu biasana bésér gé teu embol-embol. Ih, aingah.
Salila-lila diuk dina biwir bak, teu wani balik deui ka kamar. Kumaha lamun pas muka panto kamar mandi, buta hideung nu tadi kawénéhan luhureun kandang hayam téh nga hongkeun, atawa kunti handapeun tangkal sirsak jol nyekék beuheung? Hiiiyyyy….
Kuring ngaheruk sorangan, ngarasa jadi jalma nu pang sialna bet ngonci manéh di kamar mandi. Tuda lamun kaluar geus pastina beunang ku jurig nu jigana keur kokotéténgan néangan, ngadodoho kuring.
            “Duh, mamah hapunten enéng. Jigana ieu balukarna tina dosa-dosa enéng salami ieu nu sok wani baha ka mamah” kuring mimiti nginghak.
Kokolébatan raray mamah nu alum basa kuring nembrakkeun pamaksudan hayang kuliah di kota ieu, ngahaja milih tempat di luar kota. Ngarah jauh, hayang ngasaan indekos. Hayang bébas ti mamah nu céréwéd, sagala ulah, sagala teu meunang. Balik telat saeutik, ditelepon kana hp. Lamun hp dipareuman, ditéangan, ditatanyakeun ka unggal babaturan. Ih, ni teu meunang ulin-ulin acan. Kuno boga indung téh, teu cara indung batur.
Ayeuna karasana mah, karék gé saseméstér indekos, meni begang. Ngarumas tuda, biasa dahar kari am, baju kari rap. Ayeuna sagala ku sorangan. Aya éta gé kos-kosan nu nyadiakeun dahar jeung narima loundry. Tapi hargana teu kabedag, Bapa teu sanggupeun.
            Kuring sibuk kénéh nyusutan cipanon nu teu eureun-eureun murubut, basa kapireng sora nu leumpang ngadeukeutan. Lalaunan turun tina bak mandi. Pasti sora jelema, asa teu mungkin jurig leumpangna disada, pan jurig mah sukuna gé cenah teu napak.
La haola wé. Lalaunan muka panto kamar mandi, dipéléngékeun saeutik asal bisa keur noong kaluar.
            “Oooccccaaaaaaa………” kuring ngagabrug babaturan.
Tapi nu digabrug ngadon olohok. Kuring milu ngahuleng, nyidik-nyidik tangtungan babaturan. Mudah-mudahan bener si Oca, lain jurig nyiliwuri nu nyamar jadi si Oca. Lamun nu digabrug si Oca kajajadén, ah geus teu kabayang nasib kuring.
Ditengetan ti luhur nepi ka handap. Buukna nu galing tipepereket, halisna nu hideung ngajelér paéh, bulu matana nu calentrik, kulitna nu kopi tutung. Nyaan si Oca, gadis manisé urang maluku. Pagpangna mah kangkalung nu dipakéna aya bacaan OCA, tuh pan nyaan si Oca asli da piraku jurig maké kangkalung sagala.
            “Ih, ngapain peluk-peluk béta?” pokna.
Tuh pan, sora asli si Oca !   Lain jurig, da sidik teu nyirung.
Digabrug sakali deui babaturan téh.
            “Tolongin gué Ca, ada han….han….” teu wasa nyebutkeunnana, paur kadéngéeun ku jinisna.
            “Apaan? Si Johan?”
Kuring gideug. Curuk bentik nunjuk ka palebah tangkal sirsak. Si Oca répléks nuturkeun panuduh kuring. Berebet téh lumpat tipaparétot ninggalkeun kuring sorangan.
Teu lila sora manéhna ngocéak jeung sora Mojang nu kukulutus. Tayohna tabrakan palebah panto dapur, da si Oca mah mun lumpat tara bisa ngerém ngadadak.
Tah gening aya si Mojang. Batur kuring nu ieu mah bisa diandelkeun. Keur geulis téh soléhah, kaluaran pasantrén tuda manéhna mah. Moal sieuneun ku jurig, boa jurig nu sieuneun ku manéhna.
            “Dimana aya jurig?” Mojang ngagusur si Oca balik deui ka tempat kuring ngajeten.
            “Dimana Néng?” Oca kalah neuteup kuring.
            “Di….. di…..” kuring masih ngadégdég. Leungeun nyekelan kana pigeulang kénca Mojang da pigeulang katuhuna mah dipaké muntang ku si Oca
            “Dimana?” Mojang neuteup leleb.
            “Di handapeun tangkal sirsak” sora kuring halon.
Lalaunan Mojang ngalésotkeun cekelan kuring jeung Oca kana pigeulangna.
            “Rék ka mana?” Tanya kuring
            “Ngainterogasi jurig, bet wani némbongan. Nyingsieunan babaturan kuring sagala!” pokna teuneung bari ngaléngkah nyampeurkeun ka palebah tangkal sirsak.
Kuring jeung si Oca silih teuteup.
            “Nénéng, Oca, kadieu !” Mojang ngageroan ti pakarangan tukang.
            “Ga mau ah!” jawab si Oca, kuring mah tibang gideug.
            “Kadarieu, dék kenalan moal jeung kunti sirsak”
Kuring curinghak, etah si Mojang ka jurig maké wani nyunghak campelak kitu.
            “Mun teu daék kadieu, cenah rék dicekék” ceuk Mojang deui.
Kuring ngabirigidig.
            “Yu ah, daripada mati konyol” si Oca ngagusur kuring, nyampeurkeun Mojang.
            “Yang kamu maksud ini?” ceuk Mojang dibarung ku ngahéhéh seuri.
Si Oca pipilueun seuri, kuring mah teu wani beunta-beunta acan.
            “Néng, ternyata Cuma karung sampah doang” si Oca nyigeung ku leungeun kéncana.
Kuring beunta lalaunan.
Aéh, enya ning karung sampah. Di luhurna aya sapu injuk nu potong. Oh enya, pan tadi ibu kos ngagebug ucing ku sapu injuk. Ucing na mah teu beunang, kalah sapuna wé nu potong.
            “Ni barorangan ih boga babaturan téh” ceuk Mojang.
Kuring kéom kaéraan.
            “Tuda ayeuna pan malem Jum’at kliwon” témbal kuring.
            “Mémangna kunaon mun malem Jum’at kliwon?”
Saméméh némbalan kuring nelek-nelek deui karung sampah, sidik lain kunti.
            “Ceuk béja cenah malem Jum’at kliwon téh waktuna nu kararitu kaluar” sora kuring halon, ampir teu kadéngéeun ku si Oca jeung Mojang.
“Urang mémang kudu percaya yén nu goib téh aya. Tapi lain jadi borangan, heug bakal nyilakakeun sorangan” ceuk Mojang. “Sing inget,kapan dina Al qur’an surah Adz Dzaariyaat ayat ka-56 geus dijelaskeun yén Pangéran teu nyiptakeun jin jeung manusa iwal keur nyembah ka Mantenna”
Kuring ngeluk, bet éra parada kana kalakuan sorangan.
            “Nu ngarana jurig marakayangan mah euweuh. Boro-boro keur nyingsieunan jelema, pikeun nu geus maot mah pegat urusan jeung kadunyaan. Aya gé nu tinggaleun napsu goréngna. Tah, lolobana napsu goréng éta nu ku urang sok disebut jurig marakayangan téh”
Kuring jeung Oca teu lemék sakemék.
            “Da bangsa jin ogé boga aturan, teu meunang némbongan ka manusa. Lamun ngalanggar aturan éta, aya sanksina” ceuk Mojang deui.
            “Ari dedemit, kunti, jeung sajabana?” kuring ngawani-wanikeun tatanya bari rarat-rérét.
Mojang imut, “Kalakuan sétan éta mah, ngahaja keur méngkolkeun akidah jelema. Kanu kurang iman, bisa jadi borangan. Atawa malah percaya kanu kahébatan sétan nu satuluyna jadi pamuja setan. Buka geura Qur’an surat Adz Dzariyaat ayat 21 !”
Kuring jeung Oca unggut-unggutan.
“Jung ah geura baralik deui ka kamar, geus peutig ieu téh. Tuh, nepika poho wé Mojang gé rék wudu. Urang solat tahajud”
Mojang leumpang ka kamar mandi, kuring geuwat nuturkeun. Kitu deui si Oca.
            “Ké,ké, ari tadi nu gegeleberan tukageun kuring naon nya? Moal kitu kalangkag jurig?”
            “Emh, piraku jurig aya kalangkangan” Mojang nyeungseurikeun, “Paling gé éta!” nunjuk anduk dina popoéan nu kaendag-endag ku angin.
Kuring ngélémés deui, kaéraan.
            “Kéla !”
Mojang ngarandeg deui.
            “Naon deui atuh?” bangun nu geus keseleun.
            “Tadi nénéng ningali ramo-ramo galedé jeung hideung di luhur kandang hayam. Moal kitu éta téh….”
            “Astagfirullohal adzim!” Mojang nepak tarangna.
            “Kenapa?” Tanya si Oca nu titadi ngabetem waé.
            “Kaforgetan euy, pan Mojang téh dititah ngampihkeun hayam kana kandang, tuh tingali ngadon sararé luhureun kandang, lain mah ngarampih”
Mojang nyampeurkeun ka palebah kandang nu perenahna di juru kénca pakaragan tukang bari ngagusur si Oca, “Ayo bantuin!”
Mojang jeung si Oca néwakan hayam nu kokocéakan teterejel ngarasa saréna kaganggu. Atuh peuting nu tadina simpé téh jadi ramé.
Sedengkeun kuring buru-buru balik ka kamar kos, rék salin piyama nu bau hangseur, bisi katohyan mantén.  *

VILLA ISOLA, UNGKAPAN CINTA SEORANG PLAYBOY

 

VILLA ISOLA, UNGKAPAN CINTA SEORANG PLAYBOY

Silvio Berlusconi, mantan Perdana Menteri Italia yang kaya raya dan juga pemilik perusahaan media raksasa terbesar di Italia, adalah pria yang dikenal doyan wanita alias seorang playboy. Hal ini tidak pernah disangkalnya, bahkan ia mengakuinya sendiri di mana ia mengatakan “I’m not a playboy, I’m a playman” (playuomo), maklum usianya sudah uzur 77 tahun.

Pada zaman kolonial, di Bandung juga ada seorang pria yang memiliki sifat maupun perilaku yang hampir serupa dengan Berlusconi, namanya Dominique Willem Berretty. Ayahnya seorang guru sekolah asal Italia dan ibunya adalah seorang gadis Jawa. Ia dilahirkan pada tahun 1890 di Yogyakarta sebagai sinyo blasteran. Setelah dewasa ia memiliki wajah yang tampan.

Pada awalnya, ia bekerja sebagai reporter. Pada tahun 1917 ia mendirikan kantor media yang diberi nama Algemeen Nieuws en Telegraaf Agentschap (ANETA) dengan mottonya (Altijd Nummer Een Trots Alles) – “Selalu Harus Nomor Satu; Apapun Biayanya”. Perusahaan ini membuat dia menjadi kaya raya dan dijuluki sebagai Raja Koran. Ia juga memiliki hobby main perempuan, antara lain selama hidupnya ia sudah menikah sebanyak enam kali. Ketika masa jayanya, ia telah diangkat menjadi bangsawan (baron) oleh Kerajaan Belanda. Jadi mirip seperti Berlusconi!

Sekitar tahun 1932, ia menjalin asmara dengan salah satu putri dari Gubernur Jenderal Cornelis de Jonge, tetapi tidak direstui oleh ayahnya karena sifat playboynya. Gubernur Jenderal Cornelis de Jonge merupakan pejabat tertinggi dari Kerajaan Belanda di Indonesia yang memerintah pada tahun 1931-1936. Berretty merasa tersinggung berat karena lamarannya ditolak. Oleh sebab itu, untuk membuktikan bahwa ia layak dan cukup terhormat untuk bisa meminang putri sang Gubernur Jenderal, ia merencanakan membangun sebuah istana di Bandung seperti layaknya seorang raja. Ia menghubungi arsitek terbaik pada masa itu, yakni Ir. C.P. Wolff Schoemaker, yang reputasinya tidak perlu diragukan lagi, karena antara lain ia yang merancang Gedung Sociteit Concordia (Gedung Merdeka) maupun Grand Hotel Preanger.

Berretty membangun gedung Isola yang kita kenal sekarang ini di atas tanah seluas 120.000 meter persegi dengan bantuan biro arsitektur AIA di Batavia. Gedung yang sedemikian indah dan besar itu ternyata bisa selesai dibangun hanya dalam jangka waktu enam bulan saja. Dimulai pada Oktober 1932 dan selesai Maret 1933. Kerangka bangunan dan jendela-jendela gedung ini terbuat dari baja, sedangkan lantainya beton cor.

Jadi sebenarnya Villa Isola itu dibangun sebagai balas dendam karena lamarannya dari Willem Berretty ditolak. Hal ini membuat dia patah hati dan tersinggung berat. Maka tidaklah heran setelah Villa tersebut selesai, di ruang masuk utamanya dipasang plakat yang bertuliskan: M’ISOLO E VIVO – “Saya mengucilkan diri untuk bertahan hidup”. Dari kata ISOLO (isolasi – terkucil) inilah nama ISOLA diserap. Maka tidaklah salah ada ungkapan yang menyatakan: apabila pria jatuh cinta, maka ia akan bisa menghasilkan karya besar, termasuk Gedung Taj Mahal di India yang juga merupakan ungkapan cinta dengan bahasa arsitektur.

Villa Isola dibangun lengkap dengan sarana ruang bioskop, ruang biliard, bar, lapangan tenis maupun kolam renang. Khusus untuk menghias taman yang penuh dengan bunga mawar merah dan bunga anggrek maupun kolam, telah diimpor khusus dari Eropa enam angsa hitam. Semua perabotan dan kaca tritisan diimpor dari Paris. Walaupun Villa Isola telah selesai pada bulan Mei, tetapi baru diresmikan sembilan bulan kemudian tepatnya pada tanggal 18 Desember 1933, karena ia ingin menunggu hingga semua pohon dan tanaman bunganya berkembang dahulu. Villa Isola dibangun dengan biaya 500.000 Gulden atau setara dengan Rp 250 miliar uang masa kini. Satu nilai yang tidak murah hanya sekadar untuk menghibur rasa patah hati.

Dengan kekayaannya, Willem Beretty mampu membangun Villa Isola. Walaupun demikian masa hidup seseorang ditentukan oleh Tuhan. Dalam perjalanan dari Amsterdam ke Batavia, pesawat yang ditumpangi Berretty jatuh di Suriah. Setelah ia meninggal dalam usia 44 tahun, Villa Isola diambil alih dan dikelola oleh Fr JA van Es, pengelola Hotel Homann. Ketika zaman penjajahan Jepang, Villa Isola dijadikan markas pusat tentara Jepang dan sempat digunakan sebagai kediaman dari Jenderal Hitoshi Imamura. Villa ini pernah berganti nama menjadi Bumi Siliwangi. Saat ini, Villa Isola dipakai oleh IKIP (Institut Keguruan dan Ilmu Pendidikan) atau yang sekarang menjadi Universitas Pendidikan Indonesia – UPI.

(Sumber artikel : Mooi Bandoeng, Robert  T.S. Nio)


 

CARPON E M A Kénging Naneng Daningsih

CARPON
E M A
Kénging Naneng Daningsih

Ti peuting mula bébérés téh, koper nu geus dipak téh dibongkar deui, kitu deui tas tangan bawaeun ka kabin kabéh dibongkar, teu percaya kana pagawéan sorangan. Atuh da sieun aya nu tinggaleun, mangkaning lalakon jauh apan ayeuna indit téh. Enya ogé di ditu loba toko beulieun cenah hayang naon sagala rupa ogé aya tapi apan kuring téh jelema manyang-munyung urang kampung bau lisung nu teu nyaho nanaon da puguh apan kakara ayeuna rék ngasaan tumpak kapal udara ogé. Ka toko téa meureun kudu ngomong naha ku basa Inggris atawa ku basa Arab. Lebeng duanana ogé teu timu boro-boro jalma jauh ka bedug modél kieu bisa basa modél kitu, jajauheun.
Koper téh geus sabaraha kali mah dibongkar pasang, baju nu geus asup dikaluarkeun deui, geus di luar kapikir engké  perlu, bus diasupkeun deui, kitu jeung kitu baé nepika tungtungna mah pusing sorangan, cul baé diantep.
Kuring téh diparengkeun rék jarah Mekah, geus lebaran ieu, iang téh. Geus kitu baé geus waktuna meunang panggilan ti Nabi Ibrahim. Titis tulis bagja awak geuning enya lain urang anu nangtukeun. Anu rék jarah téa satadina mah lain kuring tapi ema, indung kuring. Geus saged sasadiaan jauh saméméhna. Duit keur mayar ONH geus dipisahkeun malah geus disetorkeun ka Biro perjalanan haji jeung umroh nu aya di kota kuring.
Nu matak hélok jeung teu kaharti ku akal mah ema téh geus nyieun surat wasiat anu eusina nétélakeun bagian harta kakantun ema geus diatur keur si itu si ieuna; sasatna ema téh geus buka waris da saurna "Ema mah geus kolot bisi dipundut di ditu, mending ogé bérés babagi ayeuna Ema téh teu hayang ngadéngé anak-anak ema paséa alatan parebut warisan. Pek sing alakur sing silih pikanyaah.” Enya sagala geus dibagikeun sararé geus boga hancengan masing-masing, da puguh banda teu sabaraha gampil babagina ogé, jeung deui pangpangna mah dulur-dulur alakur sakabéh teu aya nu baha kana bagian anu geus ditangtukeun ku ema.
Naha atuh tilu bulan méméh bulan puasa, ema téh bet ngantunkeun. Ngabongohan pisan, sararéa asa diheulang, enya ari ema kagungan darah tinggi mah, tapi da sapopoé téh kaciri jagjag, ka pangaosan biasa unggal Kemis taya nu kalarung kitu deui mun aya piknik kaditu kadieu jeung rombongan RT atawa rombongan séjénna ema sok ngiring da puguh teu aya tanda-tanda nu repot teu aya totondén nanaon, éstu teu disangka pisan. Bada solat subuh ditéang ku Ceu Atin nu héran tara-tara tisasari tos carangcang tihang ema teu acan kaluat ti kamar. Ari diguyahkeun geuning tos teu aya dikieuna.
Geus beres tujuhna, sadudulur kuring jeung kulawarga masing-masing ngumpul ngariung, ajengan anu tadi ngaluluguan tahlil diandeg ulah waka sina mulang, maksud téh rék ngabadamikeun wasiat ema téa. Tapi da henteu lila saréréa ogé sapuk rék ngajalankeun wasiat ema, saréréa geus narima bagian masing-masing, ngan ukur ngomongkeun teknis kumaha ngurus-surat-suratna.
Aya saeutik anu jadi pananya ti sararea téh, apan ari raja kaya mah tadi gé geus diajangkeun keur si itu si ieu na, ngan jatah ka Mekah anu duitna geus dipihapékeun ka biro perjalanan haji jeung umrah henteu bisa dicokot deui, tapi bisa diganti ku nu séjén, sanajan kudu aya tambahan keur itu jeung ieu. Teu nanaon sakitu mah wajar. Masalahna saha anu rék ngagantina, dulur nu tilu geus jaradi haji jeung hajjah, iwal kuring nu acan téh. Sararéa nunjuk ka kuring, hayang kuring ogé ka Mekah téh, ngan meureun ongkos ka Mekah hancengan ema lain kuring wungkul tapi kudu dibagi keur dulur-dulur anu sarua boga hak. Dina babadamian diputuskeun ka Mekah bagian kuring tapi bagian tina balong nu tonggoh kuring henteu meunang bagian. Hadé kitu ogé, sararéa satuju. Kitu deui kang Maman, salaki kuring anu iklas ditinggalkeun ku kuring ka Mekah. Ajaman mah lamun kuring ka Mekah téh hayang bareng jeung manéhna da kumaha atuh ari situasina saperti kitu, lain teu hayang? teu masalah lamun kuring boga duit mah.
Dina emprona indit, kulawarga ngan nganteurkeun nepika kuring merenah diuk dina beus nu rék mawa kuring ka Pondok Gede anu saterusna dibawa deui ka Halim, ti dinya biur ngapung ngawang-ngawang. Labaik Allohuma Labaik.
Saméméh iang ka Halim rombongan téh direureuhkeun heula di asrama haji lantaran kapal anu rék mawa kuring kakara jam 8 peuting ngapungna.
Batur sabangku dina beus téh tatanga kénéh, Ibu Mari nu angkatna téh sakulawarga sareng carogéna, sareng ibuna, Ibu Marfuah, katut putrana duaan, néng Nina sareng Cép Dodi. Ari ibu Marfuah téh sobat dalit ema boh di lembur boh di pangaosan yuswana ogé henteu géséh nu matak nyobat, kaditu kadieu sasarengan baé. Basa ema pupus anjeuna midangdam bangun anu kanyenyerian pisan da puguh kaleungitan sobat anu sapantar sami-sami sepuh.
"Naha atuh Ma Enar téh bet miheulaan, apan ibu anu gering ripuh téh jaba geus sakieu rarempona kieu," saurna. Saleresna anjeuna téh kagungan panyawat gula jeung darah tinggi tos repot da kamana-mana téh tara kantun ti teteken. Ayeuna ogé mekel korsi roda kanggo engké diditu nu mawi Cep Doni dicandak ogé, badé ngabantu-bantu nyurung.
Mindeng kabandungan mun sakalieun ema sasauran yén ibu Marfuah téh sering curhat perkawis kalakuan putu-putuna anu kirang sapagodos sareng kahoyong manahna. Tapi ku ema ukur dimuhunkeun baé da nya saleresna sanajan nyobat ari urusan rumah tanggana mah teu saé milu ilubiung. Kuring ogé api lain ngeunaan urusan éta mah ngan ukur nyaho sadirieun baé, tapi barang ningali salila di perjalanan bet asa kapikiran boa enya kasauran ema téh. Basa di jalan Ibu Marfuah téh sasauran hoyong lirén heula di pom bengsin hoyong ka jamban heula. Naha atuh lain digugu boh ku putrana atawa ku incu-incuna kalahkah gegelendeng, tarik deuih nyariosna téh da ku sararéa ogé kadangu.
"Ari Amih atuh sanés titadi méméh angkat!" Kasauran ibu Mari téh tangtu baé kakupingeun ku pangaping nu terus noél supir. Teu lila beus téh reg eureun di rest area.
"Mangga bilih aya nu badé ka jamban, palih ditu pengkereun réstoran Padang" ceuk pangaping. Jrut nu tarurun téh lain baé ibu Marfuah tapi ampir kabéh nu aya dina beus.
"Enggal atuh Ni, hararésé naker badé tarurun téh Nina gé hoyong ka cai,” ceuk Neng Nina pokna teu euleum-euleum, sakitu ningali ninina usah-oséh rék turun tina beus téh.
Ari kitu mah teu géséh-géséh teuing cariosan anjeuna ka ema téh. Da kuring ogé ngarasa kalakuan Cép Doni téh henteu merenah. Kitu deui Basa datang ka Pondok Gede dina waktuna tuang, paboro-boro bangun nu sieun béakeun kaasup Néng Nina jeung Cép Doni teu inget ka nini nu masih kénéh di tukang.
Ningali kitu kuring bet merebey cimata teu pupuguh, ceurik kanyenyerian teu bisa ditahan nepi ka basa batur solat magrib berjamaah kuring mah nyuuh dina bantal di juru. Kuring téh rumasa dosa da kalakuan kuring ka ema ogé henteu leuwih alus batan kalakuan Cep Doni ka ibu Marfuah. Kuring téh budak bungsu nu dirungrum kaasih indung jeung dulur-dulur nu matak ogoan jeung goréng adat. Rumasa kuring téh rumasa, komo sanggeus kuring kawin jeung Kang Maman, kuring pupulih rék pindah nuturkeun salaki ku ema diceungceurikan. Majarkeun téh lamun kuring pindah ema jeung saha naha tega ninggalkeun ema di dieu sorangan? Bisi gering panas tiris moal aya nu ngurus, kituna téh bari terus carinakdak. Dulur-dulur ogé ngarojong kana pamendak ema téh da sanajan sakota ogé moal bisa nalingakeun ema terus- terusan, da puguh baroga tanggungjawab masing-masing.
Nurut kuring téh nurutna mah henteu tulus nuturkeun Kang Maman komo deui basa nyaho Kang Maman ogé soléh hirup sorangan di Jakarta kajeun teuing balik unggal minggu, kakaretaapian unggal Jumaah soré balik deui Senen subuh. Sanajan kitu haté kuring angger ngageremet asa dipegat duriat, asa diteungteuinganan ku ema. Nu matak adat téh beuki undak teu kaop kasigeung gampil pisan marudah, kitu téh teu ka dulur teu ka ema sarua. Tungtungna kuring pada ngama'lum ku sararéa. Da basa jatah ka Mekah dibikeun ka kuring gé, mémang geus meunang badami saréréa sugan baé geus ka Mekah mah adatna bisa robah.
Jadi kalakuan Cep Doni téh gambaran kalakuan kuring pisan ceples henteu dipiceun sasieur. Ayeuna kuring kakara sadar geuning kalakuan kitu téh kacida goréngna, kacida gedé dosa kuring ka indung nu sakitu mikanyaahna nu salawasna ngéléhan dapon kuring senang. Karasa lamun kuring keur murang-maring ema mah sok terus angkat, paribasa mah dek mikeun cau ka si Tetéh atawa papadon rék ka tukang ngaput atawa naon baé nu jadi alesan. Padahal ceuk si Tetéh mah Ema téh ngahaja ngajauhan nu keur ambek supaya ulah kateterusan, karunya budak téh bisi doraka lamun nepika ngunghak ka indung.
Solat magrib téh kuring sorangan, batur balakécrakan di ruang makan kuring mah numpi di kamar. Boro-boro hayang dahar, disarusulan ogé ukur nganuhunkeun baé. Kuring neneda ka Gusti nyuhunkeun dihapunten kana kalakuan kuring anu sakitu cawadeunana. Duh Gusti naha kinten-kintenna dosa abdi téh tiasa dipupus? Ampun Gusti, ampun ema, hapunten abdi.
Kuring henteu yakin naha dosa kuring téh bisa dipupus gancang-gancang atawa henteu, tapi ti harita unggal solat kuring teu weléh sujud neneda ka Yang Manon sangkan sagala dosa kuring utamana dosa ka ema anu sakitu gedéna geura dihapunten. Teu weléh kuring neneda sangkan ema,ditampi iman islamna ditampi amal ibadatna sareng dihapunten sagala kalepatanana. Kitu téh unggal waktu bari teu petot cimata murubut teu ngingetkeun kana kaséhatan sorangan kadang kala nepika poho dahar poho nginum padahal perjalanan anu sakitu beuratna. Aya nu ngupah ngapeh ogé boh ku sasama jamaah atawa ku pangaping kuring henteu betus ngan ukur nyebut teu naon-naon atawa ukur nyebut salésma. Tapi kakuatan awak geuning aya watesna beuki lila boh lahir boh batin beuki karasa lemah, tungtungna brek gering parias nyongkab bari jeung sasar.
Lantaran kaséhatan kuring beuki lila beuki goréng, di Mekah kuring dibawa ka rumah sakit meunang dua poé. Salila ngendong di rumah sakit téh panas henteu turun-turun, késang ngoprot bari jeung guling gasahan, unggai rék saré kabayang baé pameunteu ema asa aya dina kongkolak panon. Basa rék dirangkul les deui kalangkang ema téh ngiles. Kitu jeung kitu baé kuring ngudag-ngudag ema bari haharegungan, gogorowokan ema hapunten ema hapunten, tepika reupna peureum. Dina itungan duka sabaraha lilana kuring ngalenyap rarasaan téh ema nyampeurkeun bari imut ngagelenyu terus ngusapan siran, aya rasa tengtrem anu kacida nikmatna, nyerep nyecep kana ati sanubari.
Barang nyah beunta ibu Marfuah karasa keur ngusapan sirah kuring bari diriung ku ibu-ibu nu séjénna. Rék cengkat diharalangan majarkeun téh tong wara hudang baé cenah tangtuna ogé lalungsé kénéh urut dua poé sasar teu eureun-eureun.
Ti harita awak neutneutan ka cageur, ibadah sanajan kudu nyéwa korsi roda teu burung kalaksanakeun. Pauntuy-untuy jeung ibu Marfuah boh sa'i boh tawaf kana korsi roda nu ngahaja anjeunna ogé husus nyéwa nu ngadorongna da apan korsina mah anjeuna mawa ti lembur, cacap nepi ka beresna rukun haji.
Ari nu matak hélok kamana-mana téh kuring asa dibaturan ku ema da rét ka gigireun ningali téh asa ningali ema, jalmi eta téh pangambungna persis pangambung ema, kitu deui rét ka kénca ieu mah socana nu siga ema téh, ningali ka hareup ieu mah langgeorna nu siga ema téh. Kitu jeung kitu baé salawasna ema aya di gigireun, di hareupeun, di kenca, di katuhu, dimana- mana. Saestuna ema aya dina haté kuring.*

Carpon Simpé Kénging Cucu Nurzaman

 Carpon
Simpé
Kénging Cucu Nurzaman

Dor! Péstol FN melesatkeun péééélor kana tarang si Aman.
Lisa, ”Hapunten.”
Aya bukhul-koret, hirshun-sarakah kana dunya, hasad wa hikdun--sirik tur ngéwa, jahlun-bodo, kibrun--adigung, syahwat-birahi anu ngagedur teu kaangkék, jeung godlob-ambek nu ngabebela, nyakakak akey-akeyan dina jero tarang Aman.
Ceuk Lisa, ”Naha salira bet miara panyakit anu awon?”
Aman masih kénéh ngarénghap. Dor! Sakali deui pélor melesat. Ayeuna mah nembus jajantungna.
Bahaya éta panyakit téh, matak mawa mamala ka diri anjeun jeung ka nu lian. Al laum-ngajejeléh, Al hawa-gampang kataji ku kasenangan. Al makru-ngacowkeun. Al ujub-ngarasa hadé dina lampah. Al ghibah-ngupat batur bari shu’uzhon—goréng sangka. Ar riya-hayang kapuji batur. Azh zhulmu-kaniaya, Al-kidzbu-bohong, jeung ghoflah-mopohokeun Pangéran. Kabéh akey-akeyan ngagonjak ka si Aman, “Tiwas manéh dina kagoréngan.”
Ceuk Lisa, ”Emh, salira, naha teu néang jeung nyorang jalan hirup pisalameteun? Naha ngéwa naon ka abdi? Nepi ka rék ngarogahala kahormatan sagala. Teu payus jeung kahadéan. Kutan alkohol. Kutan ganja. Kutan lalajo film-film anu jorang. Kutan gaul jeung jelema anu baragajul. Teu nyaho di budi anjeun. Naha teu cukup ajakan ti pun lanceuk? Carogé abdi? Yeuh. Geura sebut asma-Na. Sok ku Lisa dibantuan.”
Getih ngucur tina tarang, maseuhan téhel. Pon kitu tina lebah dada tempat jajantung. Ngabolobor. Lisa ngaluarkeun hp ku leungeun kéncana. Mencét nomer.
*
“Ku naon geulis?” salaki Lisa nalék.
Ari anu ditalék kalah nyurucud cipanonna. “Emh. Hanjakal Lisa mah gaduh rerencangan téh.”
“Naha kumaha?” salaki Lisa semu héraneun.
“Saupami diajak kana kasaéan téh kalah ngabalieur. Kalah ngéwa ka Lisa. Cenah Lisa mah jalma so! Mamaké jilbab téh hayang kasebut ‘alim. Padahal mah pan éta paréntah ti Pangeran.”
Salaki Lisa masih kénéh ngemu kahémeng.
“Enya kapungkur, sateuacan pendak sareng Aa, Lisa ukur istiqomah dikurudung. Ari setélan mah sapertos jalmi ilahar, lancingan jeans, kaos ketat. Tapi ayeuna saatos Lisa terang ti Aa, kana katerangan anu langkung teleb, tétéla jilbab téh sanés kabudayaan arab. Éstuning paréntah ti Nu Maha Kawasa.”
“Tos geulis. Sing sabar,” salaki Lisa ngusapan buuk pamajikanana, “Bebenaran mah mémang beurat ditanjeurkeunana gé. Aya kalana dugi ka kedah mertarohkeun nyawa. Aa bingah ka Lisa. Tos istiqomah.”
Jam geus nuduhkeun wanci janari leutik. Giliran ka cai, ngaradon wudlu. Duanana naretepan. Roka’at ka roka’at dilakonan kalawan khusyu. Ditutup ku sholat nu gangsal itunganana. Di luhureun sajadah duanana marenekung. Ngecapkeun du’a. jeung nyebut asma pangéran. Haté nu ikhlas jiwa nu sugih ku ajén inajén anu haq. Lisa ngaderes qur’an ngantosan subuh. Sababaraha juz. Ari salakina mah teteg dina dzikir.
Adzan nyelesep kana lelembutan jalma-jalma. Lisa jeung salakina cengkat tina sajadah. Duanana ngaléngkah kalawan yakin ka masjid anu teu pati jauh ti imahna. Ibun maruntang dina reumis, sisi susukan. Hawa tiis, nyecep kana awak.
*
Hapunten Néng Lisa, abdi tos gaduh prasangka awon. Tos su’udzon. Abdi anu hoyong sareng nu sok awon pikir. Sanés Néng Lisa. Abdi anu sok mabok mah. Hapunten. Sakali deui hapunten.
“Teu bisa. Anjeun kudu dihukum.” Sada sora Lisa.
“Nyanggakeun sadaya-daya,” témbal téh.
“Ka saha deui manéh geus su’udzon téh?”
Ka Jabo, ka oséng, ka Marno, sareng ka Baros. Jabo mah teu aya masalah kétang. Saé. Marno ogé kitu deui. Teu siga abdi, baragajulan.
“Ka saha deui?” sada sora Lisa deui.
“Ka pérsik. Ka Mahmudi”
“Tah kitu ari murid Nunu mah,” ceuk Lisa deui téh, “Kedah jembar manah. Geuning dina ranggeuyan mutiara, kudu asih ka jalma anu mikangéwa ka manéh. Tong dibales ku su’udzon. Boa teuing manéhna langkung saraé ti manéh. Tong ngarasa leuwih mulya ti batur.”
Simpé.
“Ngaku salah?” tanya Lisa.
“Sumuhun.”
“Siap dihukum?”
“Insya Alloh. Abdi nyungkeun diraksa tina kasalahan. Muga, aya amalan anu tiasa nyalametkeun abdi tina naraka. Abdi siap nandangan katangtuan. Asal internet kudu diraksa tina maksiat. Upami perlu mah dieureunkeun. Blokir jaringan internet barat anu goreng. Pon kitu deui TV, muga ulah mintonkeun film anu teu payus, anu matak mawa-mawa kana kagoréngan. Seni kedah distop heula. Kedah aya saringan. Tong bisnis demi budaya jeung duit. Kudu demi Alloh, demi Agama. Tong diporsir, jadi industri. Hirshun, sarakah. Élmu didagang-dagang sarta dijieun pakasaban. Naon bédana jeung ustadz anu sok miharep duit, anu ku anjeun sok dilécé. Anjeun leuwih ti kitu. Dalah anjeun pamawana.”
“Heup-heup. Naon deui dosa anjeun?”
Ah taroskeun wé ka Malaikat Atid. Dosa abdi seueur.
Abdi satuju kana jalan Alloh, kana syariat, thoriqoh, hakikat, sinareng ma’rifat. Sok sanaos abdi teu acan tiasa nyekel deleg, remen sulaya. Tapi abdi gaduh kayakina yén pasantrén leuwih utama batan sakola. Lain hartina sakola teu perlu. Masantrén heula anu utama. Tong ngagedékeun sakola. Loba dodojana. Komo mun geus aya anu puristis jeung kafir mah. Abdi yakin urang sunda sakedik anu sanes islam. Islam anu bubuhunan. Anu nurus tunjung. Tapi tong modérn teuing siga abdi, kabalinger. Kudu sineger. Conto KH Ahmad Fawzy Imron, basajan, handap asor. Nyaahan. Jeung deudeuhan. Conto oge Kh Abdul Ghaos Saepulloh Al Maslul sareng KH Zezen Zaenal Abidin Bazul Asyhab. Conto KH Ilyas Ruhiyat (alm). Estuning lemah lembut. Nyaahan. Sopan ka jalma anu bedegong jeung bodo.
“Pangersaaaaaaaaa.”
“Éh Néng Lisa mani saé raksukanana. Shafira atanapi Robbani? Tapi sigana mah bordiran Tasikmalaya. Hébat lah sapertos murid téh Witrin.”
“Ah ari taeun téh,” témbal Lisa semu lingsem, “Ka saha deui?”
“Ka nu jajaluk, sok goréng haté. Ka kuncen tara daék méré pakéan anu merenah pikeun nutup orat. Ka jalma anu lapar masih kénéh pedit alias korét. Ka Alloh. Abdi zholim ka diri abdi. Abdi Zholim ka Alloh.”
Simpé deui.
“Stop pornografi. Stop miras. Stop tayangan TV.  Stop mumuja ahli ilmu pengetahuan anu hanteu boga tauhid. Stop Syariat tanpa thoriqoh. Inget saenyana Thoriqoh jeung syariat éta hal anu teu bisa dipisahkeun. Thoriqoh kudu maké syariat, syariat kudu maké thoriqoh. Ramékeun mesjid. Kurangan hiburan anu goréng atikanana.”
“Naha siga Lisa Baheula?”
“Ah henteu Lis,” témbal téh, “Tos ah tong ngémut deui baheula. Ti ayeuna ka hareup Kudu hadé. Stop Géng. Stop pergaulan bébas. Tong ngagungkeun seni. Seni lain bebeneran, mung ukur alat, pikeun metakeun bebeneran. Téang heula bebeneranana. Ayana di pasantrén, di masjid, majlis élmu, di majlis dzikir.”
‘Yaa Robbi bil-Musthofaa balligh maqooshidanaa Waghfirlanaa maamadho yaa waasi’al karomi.’
Sora di masjid At Tin. Terus. Terus. Maulid. Syaroful anaam, ad diba’i, Al barzanji natsar wa nazhom, Al burdah,  jeung nu séjénna deui.
Stop pamabokan. Tolak keras narkotika.
“Ah, nu namina jalmi saha nu terang. Anging Alloh. Mugia Alloh nuduhkeun kana jalan anu saé, bener, tur lempeng. Jalanna jalmi-jalmi anu tos dipaparinan ni’mat ku anjeun-Na,” omong Lisa.
Mugi dipaparin kakiatan kanggé ngangkek hawa nafsuna. Ngalajur nafsu. Néang popularitas—sum’ah. Hayang kapuji ku batur—riya; ku baraya, ku tatangga. Ku hal-hal anu teu pantes pikeun méré pujian. Ukur Anjeun-Na anu ngagaduhan sadaya puja sinareng puji. Mungguh miharep janten jalmi anu pinuji di payuneun Anjeun-Na éta anu utami.
“Mugi ditebihkeun Lisa tina sagala rupi ketak mapatahan anu teu mangpaat. Mugi dipaparinan kasaéan kanggo ngadugikeun hal-hal anu kedahna didugikeun. Sapertos Pangersa Anjeunna. Anjeunna ogé teu peryogieun pujian. Mugia seueur jalmi anu percanten ka anjeunna anu janten Naiba Rosulillah. Wali Agung. Rajana para wali di zaman ieu. Mugia berkah ti anjeunna, Abdi sadaya tiasa kalebet jalmi anu dipaparin pangampura ku anjeun-Na.”
Hidup para kiyai, hidup para ‘ulama. Hidup. Para asatidz. Hidup para salikin. Hidup islam.
Teu hidup anu goréng adat anu teu daék memener kalakuanana. Mugia gusti maparinan pangampura ka abdi sareng jalmi-jalmi muslim-mu’min anu masih keneh zholim. Sarta maparinan pituduh anu haq. Anu lemah lembut. Anu tiasa ngarobih kana saniskanten kalakuan awon.
Hapunten. Afwan. Allohumaghfirlii waliwalidayya, walil mu’miniina wal mu’minat al ahya I minhum wal amwat birohmatika Ya Arhamar Roohimiin. Wassalam.**

Aki Warung Kénging Wahyu Wibisana

Aki Warung
Kénging Wahyu Wibisana
AKI WARUNG, biasa kuring nyebut kitu ka manéhna téh. Pédah akina tukang warung nu aya di hareupeun imah kuring. Cenah mah umurna geus aya kana saratus taunna. Bisa jadi, lantaran Si Aki geus sakitu eumeurna. Kulitna nu bodas geus naroknok ku karang jadi pandeuri. Hurik deuih. Lilinieun lain ngan leungeunna wungkul, geus nepi kana biwir handapna. Halisna geus jiga ramat lancah, ari kumis ngan jadi dina juru-juru biwir, keri, curiwis, lir sikat gigi butut.
Enya, nilik kana warugana mah geus rapuh pisan. Tapi, nu matak ku kuring dicaritakeun ayeuna, di manéhna téh aya kénéh nu hurung. Dina haténa. Kawas huut nu ngandung seuneu: buruk di luarna, tapi di jerona mah ruhay kénéh. Tah ruhayna ieu nu dipuji ku kuring téh.
Sanajan ruhayna téh sakapeung mah matak panas haté kuring! Haté lalaki nu aya di kuring.
Paingan, cék haté, upama kuring ngaliwat, hég pareng papelong jeung manéhna, bet meunang sorot anu anéh. Manéhna kawas nu kumerot hayang jadi kuring. Katémbong, pelong panonna nu geus kulawu ngadadak jadi sumirat. Biwir handapna nu geus melay ngageter kawas nu hayang pok:
"Naha Aki téh teu jadi Adén?”
Manéhna téh sok nyebut Adén ka kuring.
Kakara nyaho sabada pamajikan nyarita ka kuring. Majarkeun téh, paingan Si Aki sok gancang nyingkah, bangun éraeun, asup ka jero imah, upama pamajikan pasarandog jeung manéhna di warung. Cenah, cék tukang warung, Si Aki resepeun ka pamajikan kuring. Ari sababna taya lian, pédah rupa pamajikan kuring, cék Si Aki, sarimbag jeung pamajikanana baréto. Duka pamajikan anu kasabaraha, tapi cenah, cék tukang warung, pamajikan Si Aki anu pangdipikaasihna ku manéhna.
Tah kitu nu matak tadi disebut matak panas haté téh. Tapi, ku lantaran kuring nyaho yén careuh téh geus teu huntuan, geus lémpoy bin létoy, ah teu hariwang teu sing ngencarkeun hayam danten ogé. Malah kuring jadi hormat ka manéhna, lantaran tétéla di manéhna aya anu teu daékeun ngolotan, haténa.
Sanajan kitu, kuring api-api teu nyaho baé. Tara némbongkeun riuk beungeut anu matak curiga Si Aki. Nanya, ngobrol, sabiasa. Malahan jadi leuwih deukeut, lantaran hayang leuwih wawuh kana perasaanana.
Tina obrolan jeung Si Aki, ka béhdieunakeun, kuring meunang raratan yén manéhna téh baheula mah pangarjunana. Loba awéwé nu kaédanan, kaasup ronggéng-ronggéng di bédéng. Teu anéh upama manéhna cruk-crek téh lantaran loba nu antri.
"Tapi Aki téh teu ngasaan bogoh," omongna bari ngagaro bitisna nu geus hépé kawas lontong kurang eusi.
Cenah, ku lantaran manéhna téh pakulitanaua bodas, resepna nya ka nu hideung. Hideung santen. Lebah dieu kuring beuki ngarti naon sabenerna nu matak Si Aki resepeun ka pamajikan kuring. Pamajikan ogé apan hideung santen, jeung ceuk kuring manis.
Anu diincer ku Si Aki baréto, cenah, anakna hiji oah urang Ciwaregu. Kitu rupana téh, hideung santen jeung manis. Tapi ku lantaran anak oah nu dipikasieun jeung dipikangéwa ku rahayat, Si Aki téh ngarasa wegah. Keur mah aya pasal deuih. Ronggéng-ronggéng barogoheun ka Si Aki atuda, nepi ka éta oah asa kaéléhkeun. Nya bedog kaluar. Si Aki némbongkeun tapak bedog oah, kiwed manjang dina luhureun keuneungna.
RESEPNA Si Aki kana ketuk tilu, jigana, kawas kuring kana udud, ngabaju. Ayeuna geus euweuh nu ngamén deui, katambah manéhna geus aki-aki. Tapi ari kana ngaréngkénék mah sok pirajeunan kénéh. Incuna, tukang warung téa, anu ngabéjakeun téh. Lain ka kuring, tapi ka pamajikan kuring.
Majarkeun téh, upama dina radio aya tabeuh ketuk tilu, Si Aki sok ngahaja ngaringkeb manéh di pangkéngna. Ari sakali mangsa diintip ku incuna cenah Si Aki téh keur ngéngklak bangun ni’mat. Édas, taksiran mah keur mulangkeun deui panineunganana.
"Kumaha paroman beungeutna?” kuring panasaran nanya ka pamajikan.
Jigana pamajikan kuring nanyakeun deuih ka incu Si Aki. Tuluy diintip deui.
Cenah, ceuk incuna, upama Si Aki tas ngigel, sok tuluy ceurik bangun sedih, bangun nalangsa. "Ari geus kitu kumaha?" kuring nanya deui ka pamajikan, beuki panasaran.
Tayohna, pamajikan kuring nanyakeun deui ka tukang warung. Tukang warung ngintip deui. Dibéjakeun ka pamajikan. Terus ditepikeun ka kuring.
Cenah, ceuk incuna, upama Si Aki tas ceurik, manéhna sok nyusutan cipanonna. Gancang kaluar ti kamarna, koréléng ka hareup. Hég cindutrung deukeut gebyog warung bari melong ka imah kuring.
Nyaho yén manéhna ngadagoan sugan pamajikan kuring bijil ti imah. Hayangeun neuteup sakeudeung, sarérét baé, da apan Si Aki sok gancang abus deui ka imah, upama pamajikan kuring nénjo manéhna téh.
Deudeuh teuing Aki. Pék baé pamajikan kuring teuteup sing leleb. Peupeuriheun waruga  atuh ngolotan, haté mah ulah. Kuring hayang tetep milu ngajaga sangkan haté Si Aki ulah kabawa kolot.
“Kumaha ari geus papanggih jeung di dinya?” Kuring nanya ka pamajikan. Ku sora nalungtik.
Lir nu katalatahan ku Jéndral. Pamajikan kuring tuluy nanyakeun deui ka tukang warung. Tukang warung asa katalatahan ku ibu pejabat tinggi, gancang ngintip deui Si Aki.
Cenah, ceuk incuna, upama Si Aki tas papanggih jeung pamajikan kuring, manéhna sok gancang ngaringkeb manéh deui. Sok tuluy saré bangun tibra.
 Enya Aki, saré sing tibra. Sing ngimpi nu éndah nu dipapaésan ku kekembangan nu mangkak dalapan puluh taun nu geus kaliwat. Sing mindeng baé papanggih jeung pamajikan kuring, sanajan bari maling-maling. Kuring hayang milu mépéndé Aki, mangmukakeun panto impian rumaja nu seungit ngadalingding.
“Kumaha ari geus saré? Ari geus hudang kumaha?” kuring nanya ka pamajikan ku sora nu hayang gentak dijawab.
Pamajikan ka tukang warung. Tukang warung ngintip Si Aki.
Cenah, ceuk tukang warung, upama Si Aki hudang tas saré tibra, manéhna katémbongna bangun seger pisan. Bangun gumbira deuih. Maké sok didurirangan sagala, cenah.
Tétéla Aki, dang durirang mending gé ngahariring. Alam dunya téh pinuh ku lagu nu matak kelar, jeung nu matak gahar. Ngolotan mah keun baé, asal haté tansah genah jeung sugema. Kuring hayang nyugemakeun Aki.
Hayang supaya kasugemaan Aki waktu kauntun tipung katambang béas kalaksanakeun ka anak oah téa aya kénéh sambunganana nepi ka ayeuna. Pagawéan haté micinta hiji awéwé téh ulah kahalangan ku pédah geus séngsérang padung. Sangkan hirup lain ngan keur dahar jeung gering wungkul tapi jangeun miara kalanggengan asih saméméh umur aya nu maut.
TINA obrolan Si Aki, kuring jadi nyaho yén anak oah téh tungtungna mah dikawin ku manéhna. Sanggeus ngarandapan peurih jeung peurih demi kaasih. Mitohana anu baréto kungsi ngabajég sukuna, teu bisa majar kumaha, lantaran anakna kabuktian maskét pisan ka Si Aki. Diomongkeun mah diomongkeun ku batur, naha maké daék ngawin anak oah nu sakitu gangasna. Tapi tétéla manéhna geus mikir wening pisan.Yén kacintaan mah cai. Yén kagoréngan mitoha mah minyak. Pisahkeun, sarta bakal tetep misah, antara cai jeung minyak, sanajan disalumurkeun. Manéhna nginum cai nu aya di luhurna, lain rék ngaregot minyak nu aya di handapna. Enya bener, kitu.
Teu ditelek nepi ka bubuk leutikna kumaha sarsilahna nu matak Si Aki bisa meunangkeun anak oah téh. Ngan ukur dicaritakeun ku manéhna yén kakara harita timbulna "rasa bogoh ka awéwé” téh. Mun dina kadaharan mah karasa uyah asemna. Tapi hanjakal, cenah, teu lila. Rarasaanana téh ngan tiba sajorélat, lir kingkilaban. Ngan sataun satengah, tina umur saratus taun, manéhna boga rasa bagja nyandingkeun pamajikan nu dipitresna téh. Bener ngan sakolépat, ngan hiji satengah persén tina hirupna nepi ka ayeuna.
"Aki dibajég deui baé," cék manéhna bari tuluy ngohkoh nepi ka bengkung, malah nepi ka murutput. "Hapunten, Adén," cenah bangun éraeun.
"Ku saha Aki dibajég deui téh?" kuring gancang nanya supaya manéhna ulah katutuluyan ngarasa wirangna. "Ku mitoha Aki?"
"Sanés, Adén," tembalna, "ku Si Sabra, oah ngora ti Cibendul."
"Ku naon?"
"Manéhna bogoheun ka pamajikan Aki."
" Kapaksa papisah cenah Si Aki jeung pamajikanana téh. Manéhna gering mangbulan-bulan, pamajikan aya nu ngiwat. Pisah pikeun saterusna bari ninggalkeun panineungan anu salawasna mangkak baé dina haténa. Tug nepi ka ayeuna. Bari nyaho deuih yén ituna ogé sarua beuratna.
"Leres Adén ituna gé beurateun ka Aki?” manéhna bet nanya.
"Tangtos,” walon kuring ku sora yakin.
"Tangtu beurateunana. "Hiji awéwé anu disamber ku heulang, ku hiji lalaki nu teu dipikacinta, nepi ka téga. Caritakeun ku kembang kacintana téh. Tapi upama teu bisa, caritakeun ku tambang baé. Manéhna bibilasan, ku tambang lulub, dina dahan namnam.
"Tangtos beurateunana," omong kuring sakali deui ngayakinkeun manéhna lantaran kuring beuki yakin.
Sanggeus nyaho riwayatna kitu, kuring beuki ngarasakeun ka manéhna. Diiklaskeun beungeut pamajikan kuring jadi pangeunteupan teuteupanana. Itung-itung neuteup potrét jungjunanana baheula. Teu dikorétkeun ku kuring pamajikan jadi média pameuntasan haténa ka abad kasalapanwelas, waktu manéhna keur ngora, jaman tai kotok dilebuan. Ku kituna kuring geus méré sumbangan ka manéhna. Sumbangan anu basajan pisan, tapi anu langka. Jeung bisa jadi anu gedé hargana pikeun manéhna mah. Pikeun kuring ogé gedé hartina, lantaran kuring jadi nyaho yén dina diri aki-aki saperti manéhna aya hiji kaéndahan.
Dosa anu ngaruksak kaéndahan mah. Saperti kaéndahan nu nyangkaruk dina haté kuring, upama neuteup buyut Si Aki. Budak awéwé umur tujuhwelas taun, pakulitanana hideung santen, buukna panjang, manis.
Jiga saha?
Jiga pamajikan kuring baréto, keur di SGB.
Nya kitu Aki, urang sarua pada lalaki anu seja ngahirupkeun rasa bari teu mikiran umur. Jeung urang pada lalaki anu boga tipeu satia kana keureutan nu sarua hideung: hideung santen. Taya deui, iwal ti kitu kasimpulan kuring. Peun. Kasimpulan nu teu kudu ditepikeun ka Aki Warung, da manéhna ogé jigana mah geus surti. *

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More