Rabu, 06 Januari 2021

Huldi Tekila Kénging Shohiba Nu’man

Carpon
Huldi Tekila
Kénging Shohiba Nu’man

HAREUPEUN kota panungtung. Éta lalaki ngajega. Buukna kusut, kulawu, tingkumelab dina soré nu halimunan. Leungeun kéncana gumeter nyepengan salambar peta. Sedeng leungeun katuhuna ngeukeuweuk iteuk lestreng nu boa sakolot reujeung lalampahanana. Manéhna meureumpkeun panonna, nyusul ronghéap nu sakitu jerona. Aya alum nu laju nyingray tina riukna. Dumadakan karasa hampang. Taya deui bangbaluh nu ngabeungbeuratan dadana. Sagalana baris dipasrahkeun. Ayeuna. Di dieu pisan. Di kota panungtungan. Taya deui geusan pangjugjugan. Mangabad-abad léngkahna baris dipungkas di ieu kota. Anapon timu atawa henteu kana tujuanana, manéhna geus teu ieuh paduli.  
Éta lalaki ngarasa yakin yén tujuan lalampahanna geus éséd jauh ti mula. Ieu carita geus lain deui soal panglawungan, atawa kasatiaan antara jangji jeung cinta. Saeutik-saeutik tujuanana geus obah bareng jeung beurat léléngkahna. Obah ngajadi hiji obsesi. Obsesi nu beuki ngagalura dina sangkaanana. Sangkaan nu geus méré tanaga pikeun neruskeun lalampahanana. Manéhna ngan saukur hayang ngabuktikeun, naha enya awéwé beubeulahan haténa ngilu ngadahar buah larangan nu dipangmetikkeun ku manéhna? Atawa boa ngadon hianat, ngantepkeun dirina ngadahar tiheula, laju ragrag ka alam dunya, sedeng éta awéwé teu pisan ngilu ngasaan kana éta buah mamala? Naha enya éta awéwé sanasib cara dirina. Asruk-asrukan di dunya nu sakieu teu pikabetaheunana, kadungsang-dungsang silih téangan. Atawa boa, inyana mah keur ngeunah-ngeunah lalanggiran di sawarga?   
Tapi éta lalaki geus teu ieuh paduli. Sab di kota ieu pisan baris nimu pijawabeunana. Geusan manéhna neangan bukti. Bukti nu baris mungkas ieu carita.  
*
Kapisah ku jalan taneuh, wangunan baheula ngabérés paeunteung-eunteung. Dingdingna weweg méh sarimbag. Dijarieun tina batu. Lumukut. Halimun anu turun soré harita, bangun nu nambah geueuman kaayaanana. Lir kangungun nu rébuan taun silih singhareup. Sanajan tina ukiran nu kapanggih dina tihang gerbangna mah, katingali kénéh sesa-sesa kajayaan. Siga nu ngahaja diwangun pikeun nyambut sémah nu bakal datang. Sémah nu tangtuna istimewa keur pangeusina. Enya. Horéng ngan saukur kota leutik. Ngan aya hiji jalan taneuh nu manjang ti tebéh wétan saméméh mobok di tungtung kulon. Taya pisan sisimpangan. Taya pisan gang. Kawasna mah moal butuh waktu lila pikeun mapayan suklak-siklukna.  
Cara sasari, éta lalaki baris ngamimitian panalungtikanana ti hiji bar. Tempat saban rusiah bisa ditaur ku sagelas inuman. Tempat nu cocog pikeun jalma deungeun siga dirina ngawanohan kaayaan. Tempat kaum lalaki nu ngadon weureu. Miceun karipuh ti panggawéan. Lalaki weureu nu sok rajeun ngalindurkeun mangpirang ngaran. Ngaran awéwé. Ti mimiti nu timpuh linuhur tepi ka nu jeté gelényé. Ngaregepkeun sakur paguneman bari miharep hiji ngaran sugan nyempil dina obrolan maranéhna.
Siga ayeuna. Éta lalaki ngajega di hareupeun pantona. Lapat-lapat wirahma gitar jeung harmonika. Ditimpahan ku sora-sora nu ngadon surak. Dampal sapatu tingkedeplak. Sada nu keur ngaréngklak. Éak-éakan maturan biduan nu ceuceuleuweungan. Manéhna ngarandeg sajongjonan. Rémana gumeter ngarawél gagang panto. Saméméh dileupas deui. Sabil. Aya bingbang nu nyaliara. Rasa geumpeur minuhan hariguna. Geumpeur nu sarua cara nu karasa ti heula. Basa manéhna ngadahar buah larangan téa. Rasa geumpeur nu laju ngadesek dirina sangkan ngadunga. Manéhna sadar. Geuning geus sakitu lilana. Ti saprak kajadian di sawarga. Manéhna geus teu pernah ngarérét deui langit. Bakating ku éra. Tapi ayeuna. Naha bet jorojoy sono. Sono nu kacida hayang ngadangahkeun sirahna. Seja mapatkeun dunga.
Basa rekét pantona muka, ana jep baé. Nu éak-éakan dumadak simpé. Satukangeun remeng-remeng jeung pabuisna haseup udud, panon-panon tingpalencrong. Teu leupas neuteup ka nu lalaunan ngaléngakahkeun sukuna. Bati truk-trékna léngkah jeung sora iteuk nu atra. Estu teu basajan kadéngéna. Sada léléngkah kuda pinceg. Kaayaan di éta rohang beuki simpé, manéhna ngarasa hémeng. Aya nu anéh tina saban panon nu tingpalencrong. Mangyuta tempat geus kasindangan, manglaksa adat jeung pasipatan saban wewengkon geus kaalaman. Tapi da, asa teu cara ayeuna. Paneuteup seukeut nu lain ngan saukur panyambutan keur jalma deungeun. Asu ku keueung. Manéhna manggihan kolébat eunteung. Dina célak panon saban jalma nu keur ngarawaskeun.    
*
 
Saban asup ka hiji bar, taya deui tempat nu paling merenah keur dirina iwal ti diuk di jurueun méja bartérnder. Bari ngareureuhkeun kacapéna, éta lalaki baris mesen sagelas inuman. Teu jadi sual inuman naon nu rék diasongkeunana mah. Bongan geus taya pangaruhna. Ti saprak kajadian harita, sagala inuman geus teu mampuh deui ngaweureukeun pikirna. Malahan mah taya deui inuman nu bener-bener bisa ngusir rasa hanaangna. Angar tikoro salalawasna. Angot ka béh dieunakeun, inuman teu leuwih ti cai pepeling. Ti leguk ka leguk bati pangwilujeng keur dirina sorangan, sab geus mampuh nganggeuskeun beuratna hiji lalampahan. Méméh neruskeun ka lian geusan.
Nya kitu. Mun kabeneran diuk palebah dinya, manéhna sok rajeun ngarasa jongjon. Salian luput tina perhatian pribumi, éta lalaki bisa rinéh ngawaskeun kaayaan bari maok déngé paguneman. Ti lebah dinya pisan, nu kaluar jeung nu asup ka éta bar bakal éstra katingalina. Orokaya. Soré ieu manéhna keur teu jamuga. Korsi di jurueun éta méja geus aya pangeusina. Hiji pamuda. Awakna rengkung lir ngahiji jeung tulang korsi. Buku kandel nu muka dina lahunanana jelas-jelas teu keur dibaca. Panonna mencrong siga nu séjénna. Neuteup seukeut ka éta lalaki. Lir eunteung nu ngolébatkeun kalangkang dirina.    
Nya wayahna, manéhna kudu sugema ngadiukan korsi nu aya. Persis di tengah-tengah méja bar nu panjang ukuranana. Sedeng kaayaan beuki réhé. Eta lalaki dumadak ngarasa guligah. Saban panon teu leupas nunutur réngkakna. Keteg jajantungna ngerepan. Boa ayeuna pisan nincak mangsana, ceuk keretegna. Mangsa bubukti nu dianti-anti, boa datang leuwih téréh batan sangkaanana. Tapi manéhna geus taki-taki. Sadar. Di dieu pisan kota panungtungan. Geusan ahir tina sagala lalampahan. Bati sadrah kana sagala manawa nu baris karandapan poé ayeuna.
Sanggeus nyarandékeun iteukna, éta lalaki méré isarat ku curukna. Seja mesen sagelas inuman. Tapi bartérder kalahka siga nu liwung. Panonna teu reureuh luluncatan, antara si lalaki jeung saban jalma nu aya di éta rohang.  
“Huldi Tequila!” jorowok hiji sora. Si lalaki ngarénjag. Ray pias demi ngadéngé éta kecap. Nyeblak. Tingsariak saawak-awak. Lalaunan manéhna ngalieuk, maksud néangan sungapan éta sora. Tapi nu kapanggih iwal ti jirim-jirim nu beuki deukeut. Saban panon neuteup seukeut. Eunteung sakuriling awakna. Beuki atra. Kalangkang dirina beuki kerep tingkolébat dina panon saban jalma.
“Asongkeun Huldi Tekila!” lalaki lintuh tengah tuwuh nu horéng nyoara.
“Kitab Kasatiaan, Saratus Hiji Kosong Tilu. Indung kami kungsi nyarita,” pamuda rengkung nu titadi diuk di jurueun méja mimiti nyoara. Laju nangtung, husu naker macakeun eusi buku nu aya dina tanggeuyanana, “Dina soré nu halimunan, hiji lalaki baris datang ti arah-arah kaluarna panon poé. Inyana baris datang kalayan léngkah lir kuda pincang,” éta pamuda teu kebat neruskeun maca, kaburu katémpas ku hiji sora,
“Can tangtu!” hiji kolot seseledek, “Can tangtu manéhna!” bari nyuay-nyuaykeun riungan. “Omat, lur! Urang kudu gumati! Sawatara lalaki geus datang kalayan ciri nu sarua. Ngakukeun Bapa urang sadaya. Horéng teu leuwih ti tukang tipu nu sakadar panasaran hayang ngasaan cai Huldi Tekila!” hoshosan manéhna ngingetkeun balaréa. Saeusi rohang laju gumuruh. Saban jalma tinggerendeng kalayan pamanggihna séwang-séwangan.
“Ki Olot bener! Ki Olot bener!” jorowok barténder bari ngetrukkeun slokina luhureun méja. Ngajempékeun nu keur galuntreng harita. Sanggeus papada jempling, manéhna neruskeun cacarita, “Urang kudu bener-bener yakin saméméh ngasongkeunana. Masing inget, sasadiaan Huldi Tekila urang ngan cukup keur salegukeun!”
“Saratus Hiji Kosong Lima. Indung kami kungsi nyarita,” pamuda rengkung neruskeun deui macana, “Mun maranéh ngarasa bingbang, asongkeun baé cukup ku salegukan. Mangka cukup keur maranéh hiji harepan, keur inyana ujian kasatiaan.”
“Demi Indung saréréa! Pan éta pisan nu teu weléh dilakukeun ku urang? Saban aya lalaki deungeun nu datang, diasongan. Tapi mana buktina? Cai Huldi beuki nyaatan. Tapi nu ngaran bapa teu ieuh mulang. Yeuh, nu dibutuhkeun ayeuna mah iwal ti kayakinan! Hiji kayakinan!” Ki Olot keukeuh jeung pamanggihna. Rohangan gumuruh deui.
“Asongkeun ka éta lalaki!” sora awéwé dumadak nyarita. Jempling saharita. Beungeut-beungeut laju dangah. Nuturkeun truk-trékna léngkah. Antaré naker nurunan anak tangga. Si lalaki bangun nu reuwas. Riukna dumadak pias. Ratug jajantungna méhméhan urug basa katingali ku manéhna tungtung gaun buludruna nu nyapuan tangga. Éta pisan. Gaun pulas héjo nu dipaké harita. Mangsa panungtungan maranéhna lawung di sawarga. Saeutik-saeutik jirimna beuki atra. Jajantungna beuki ratug nabeuh hariguna. Bati kasima. Basa éta awéwé nyampeurkeun manéhna. Gusti! Kageulisan nu abadi. Badis taya nu robah. Abad-abad lir mupusan jarakna. Dumadakan teu karasa. Lalampahan nu kacida panjangna teu leuwih ti sakiceup nétra. Masih seger dina ingetanana. Siga nu karék kamari maranéhna papisah, dipiceun ti sawarga. Manéhna laju cengkat. Panonna ngarakacak. Teu kuat. Hayang nangkeup bébéné haténa. Meupeuskeun kakangen nu ngagalura jeroning dada. Tapi kacida kuciwana basa beuki atra paromanna. Horéng éta awéwé lain jinisna. Lain nu salila ieu ditéangan ku manéhna. Rupana badis sarimbag. Tapi lain. Manéhna yakin kalayan haté jeung panonna. Éta awewe lain beubeulahan haténa.
“Gaun, gaun éta. Manggih ti mana?” Si Lalaki nanya. Sorana peuyeuh. Hihideung panonna endeur. Nahan cimata.
“Ieu gaun titinggal indung kami. Turun tumurun. Sing saha baé anak awéwé nu kapilih boga hak pikeun maké salila hirupna. Kabeneran kami nu kiwari kapilih. Geus méh tujuh taun kegegelan ku ieu pusaka,” ceuk éta awéwé nyaritakeun sasakalana. Kalayan timpuh. Sikep nu beuki ngingetkeun ka bébéné haténa. Nyungkrukkeun si lalaki ka dasar jungkrang kakangenna.
“Terus, di mana ayeuna? Di mana kuring bisa manggihan indung maranéh?” Si Lalaki bangun nu kacida panasaranna.
“Anjeunna pupus sarebu taun katukang,” ronghéap éta awéwé bari panonna teu reureuh ngulincer. Nyaliksik riuk lalaki nu keur disanghareupanana.
“Duh, Gusti...,” éta lelaki bati cindeluk. Gumuruh hariguna kadengé ka sakuliah rohang. Lalaunan manéhna ngangkatkeun sirahna. Panonna beueus. “Béjakeun! Béjakeun ka kami. Di mana indung maranéh dikurebkeunana?” guligahna pohara. Panonna kumaléntab lir budah sagara.
“Hampura. Tapi anjeun kudu nginum heula cai kabuyutan. Huldi Tekila. Ngan éta hiji-hijina cara. Mun enya anjeun bapa kami, mangka baris nimu pajaratan anjeunna,” éta awéwé neuteup seukeut ka Si Lalaki, malikkeun awakna, laju cacarita ka sakabéh nu aya, “Mun aranjeun hayang kayakinan, ayeuna pisan waktuna. Cuang saksian ku saréréa. Cai Huldi sina diinum ku ieu lalaki!”
“Anjeun geus narohkeun balukar nu pohara gedéna, Nyimas! Timana anjeun nyaho yén ieu lalaki lain tukang tipu?” Ki Olot masih keukeuh kana pamadeganana.
“Kitu pisan, Aki...,” ceuk éta awéwé bari jeung imut, “Tapi, dalah dikumaha. Rék naon baé hasilna engké, urang bakal tetep nyicingan dina hiji kayakinan. Mun téa ieu lalaki nyata-nyata bapa urang, mangka bukti sagala ucapan indung nu tinulis dina kitab kabuyutan. Yén bapa urang bakal datang dina wayah nu geus ditangtukeun. Sabalikna, mun ieu lalaki ngan saukur jalma nu caliweura, orokaya, hiji-hijina harepan baris ngahiang bareng jeung béakna sasadiaan cai Huldi urang. Tapi tong matak ring-rang. Sab urang bakal bebas, mileupas tina sagala cangreudan panyapa mangsa. Baris ngaléngkah kana kayakinan anyar. Teu kudu tugur saumur-umur. Nganganti jirim bapa nu pamohalan datangna,” ungkarana gumalindeng lir nu nyihir saban ceuli. Aya kasadaran nu laju kahudang di éta rohang. Panon-panon ngarakacak. Laju nungtutan peupeus. Hiji-hiji pating aringhak.
*
 
Éta lalaki menekung. Neuteup botol beureum hareupeunana. Jalma-jalma di éta bar ngariung ngurilingan manéhna. Saban paroman bangun nu panasaran. Pinuh ku pangharepan. Ngadagoan hiji kajadian nu didagoan salila hirup maranéhna. Basa botolna laju dibuka, sumeleber ambeu sawarga. Seungit nu taya papadana. Seungit bihari nu mulangkeun panineungan nu maha éndah. Manéhna bati peureum. Nyeuseup sagala tapak. Ti tempat ka tempat. Ti lacak ka lacak. Ngitung undur lalampahan. Ti panineungan ka panineungan. Nyah beunta. Panonna beueus. Botol diteuteup sakedapan. Gap. Lekik! Béak ku salegukan.
Enya baé. Uleng. Matak musna sagala lara. Estu ni’mat nu sarua. Siga nu baheula dirasakeun di sawarga. Manéhna imut. Bungah amarwatasuta. Sangkaanana geus ngabukti. Yén bébéné haténa teu pernah jalir pasini. Ngemplong. Sirahna karasa hampang. Kumalayang. Kumalayang jeung jirimna. Laju ngajaul, nubrukan lalangit. Méméh nobros ka jomantara.
 “Bukti ayeuna mah! Kami lain anak-anak jadah. Lain anak-anak jadah!” pamuda rengkung kacida béragna. Jojorowokan di antara jalma-jalma nu keur ngaringhak. Rambay cimata. Dangah. Nyaksian bugang nu beuki ngaleutikan. Ngalanglaung ka jauhna. *

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More