Carpon
Salju Turun Tengah Peuting
Kénging Ipung Thaifur Abu Yazid
Jam sabelas peuting kuring karék mulang ti kantor. Hawa kacida tirisna. Tina laporan cuaca, suhu di Tokyo nepi ka mines sapuluh derajat. Nyecep kana kulit. Sanajan geus maké baju dua lapis tuluy ditambahan ku jakét jeung sarung tangan ogé, angger wéh karasa.
Pareng tengah peuting, salju mimiti turun. Éndah pisan. Kajaba katambahan ku caangna lampu-lampu di puseur kota. Nambahan katingtriman dina haté. Kuring neruskeun leumpang. Teu lila, anjog ka deukeut tangkal sakura nu aya di parapatan. Rét ka palebah éta tangkal. Ras kuring inget ka manéhna.
Wanoh jeung manéhna basa di SMA. Panggih di salah sahiji sakola swasta di Tokyo. Sarua murid anyar. Kabeneran kuring jeung manéhna disakelaskeun. Ngaranna Megumi, Shinohara Megumi. Awéwé pindahan ti daérah Shibuya.
Saenyana mah kuring téh ti Indonesia pituin Bandung. Sakola di Jepang sotéh lain pédah milu pindah, sabab tuntutan pagawéan kolot. Sarua jeung Megumi, pédah nu ngabédakeun kuring jeung manéhna mah ngan asalna hungkul. Manéhna mah pituin Jepang, sedengkeun kuring mah pituin Sunda.
Kuring jeung manéhna dalit pisan. Aya sawatara hal nu nyababkeun kuring dalit, di antarana kuring jeung manéhna mindeng cicing di pabukon jeung mindeng balik bareng. Nya ti dinya deuih kuring duaan sok mindeng diheureuyan ku babaturan sakelas, majarkeun bobogohan. Tapi éta teu jadi masalah keur kuring jeung manéhna.
Hanjakal, babarengan jeung manéhna téh teu lila. Harita, basa rék naék ka kelas dua, manéhna pindah deui ka Tochigi. Manéhna ngabéjaan liwat telepon. Manéhna nyegruk ceurik, bangun nu midangdam. Kuring ngan wasa tungkul, teu bisa kukumaha. Teu bisa méré sakecap-kecap acan keur ngupahan kasedihna. Sanajan misah, manéhna angger sok ngiriman surat. Inget kénéh, surat mimiti ku manéhna dikirim sanggeus satengah taun manéhna pindah. Kabéh surat nu dikirimkeun ku manéhna, kuring apal kabéh eusina.
Hiji mangsa, bapa kuring dipindah-tugaskeun ti Tokyo ka Kagoshima. Ngadéngé kitu, kuring jadi beuki sono ka Megumi, sabab ayeuna kuring bakal leuwih jauh papisah jeung manéhna. Antukna kuring ngirimkeun surat ka manéhna, yén kuring bakal datang ka Tochigi rék pamitan.
Tilu poé sanggeus kuring ngirimkeun surat ka manéhna, ahirna kuring meunang balesan surat ti manéhna.
“Ayeuna mah urang bakal leres-leres patebih téh, komo ayeuna dipisahkeun ku laut. Tapi nguping Raka-kun badé sumping ka dieu, abdi kacida bungahna. Sataun tos kaliwat sabada urang tepung panungtungan. Lalampahan ka dieu jauh pisan, jadi ati-ati di jalanna, ku abdi diantosan di Stasion Tochigi tabuh tujuh wengi. Megumi,” ceuk éta surat.
*
Sakola lekasan jam tilu, kuring buru-buru indit ka Stasiun Tokyo nyokot jalur Shinjuku. Jam opat kurang, kuring nepi di Stasion Shinjuku. Karak sakali kuring indit ka Stasion Shinjuku. Ti dieu kuring nyokot jalur Saikyo, ka Ōmiya.
“Sanggeus ieu kuring bakal panggih jeung Megumi,” ceuk kuring na haté bari dibarung ku degdegan. Teuing kunaon ieu jantung asa beuki ratug.
Nepi di Stasion Ōmiya, kuring nuluykeun lalampahan ka Oyama liwat jalur Utsunomiya. Kabeneran karéta can datang. Teu lila, ngong téh aya béwara.
“Sumimasen, ka sadaya panumpang jalur Utsunomiya, karéta bakal telat dalapan menit, sabab kahalangan ku salju. Sakali deui ka sadaya panumpang Jalur Utsunomiya nyuhungkeun dihapunten,” ceuk pihak Stasion.
Ngadéngé kitu, rasa nu tadina tenang, kalah beuki teu sabar. Jajantung ratug tutunggulan. Rét kana leungeun. Geus jam lima leuwih lima menit. Teu nungguan lila, karéta téh datang. Kuring indit ti Stasion Ōmiya jam lima leuwih sapuluh. Haté pinuh ku rasa kamelang jeung karingrang, inggis telat nepi ka Tochigi. Sieun teu bisa panggih jeung manéhna.
Dina leungeun, jam geus nuduhkeun jam tujuh. Sedengkeun lalampahan kuring kakara nepi Koga. Méh di unggal stasion, karéta téh eureun kurang leuwih sapuluh menit. Waktu kapiceun percumah, dibarung ku hawa nu kacida tirisna. Jaba peurih beuteung, geus mimiti nyiksa. Waktu nu dipasinikeun jeung Megumi geus kaliwat. Pasti ayeuna manéhna keur ringrang, kuring can nepi kénéh. Teu lila, karéta maju deui.
Jam dalapan kurang saparapat kuring kakarék nepi di Stasion Oyama. Bakating ku kesel, kertas rarancang lalampahan nu geus disusun tianggalna, disoékkeun. Tuluy indit deui nyokot jalur Ryomo ka Iwafune.
“Sumimasen, ka sadaya panumpang nu dipikahormat, jalur Ryomo bakal telat sabab gangguan operasi alatan turun salju. Ku kituna pihak stasion nyuhungkeun dihapunten ku teu nyamanna ieu perjalanan, hatur nuhun,” ceuk éta béwara.
“Hah?? Gangguan deui!!” kuring ngajenghok. Gara-gara hujan salju dibarengan ku angin, kuring jadi telat pisan rék panggih jeung Megumi. Rasa kasono, ambek, jeung marojengja pagalo jeroning dada. Kuring ngan ukur bisa mentegeg jeung medenghel.
Sabada limawelas menit nungguan ahirna karéta datang. Ti Stasion Oyama kuring indit jam dalapan leuwih opat menit.
Kakarék sajam kurang lalampahan ti Oyama, karéta ujug-ujug eureun. Ayeuna badai salju nu jadi hahalang. Rét kana leungeun, geus jam salapan. Luk, kuring tungkul. Teu bisa nanaon, teu walakaya. Kuring ngan ukur bisa nahan sangkan teu ngeclakkeun cimata. Salila dua jam karéta eureun. Simpé, taya soraan. Ukur angin nu kadéngé ngahaliwir di luar. Unggal menit nu kaliwat, karasa sakitu lilana. Kawas ngahaja rék ngahalangan kuring panggih jeung Megumi.
“Megumi, Gomennasai…” ceuk kuring na haté bari nahan deui piceurikeun.
*
Jam sabelas leuwih saparapat kuring nepi di Stasion Tochigi. Geuwat kuring indit ka lobby stasion. Di dinya kasampak awéwé keur diuk, nungguan. “Teu salah deui, pasti Megumi,” ceuk kuring na hate, bari tuluy nyampeurkeun manéhna.
“Mm..Megumi…chan” ceuk kuring halon.
Rét manéhna malik, neuetup kuring. Tuluy nangkeup bari jeung nyegruk ceurik. Di dinya manéhna geus nungguan ti jam tuhuh mula. Mawa bekel keur kuring. Apaleun meureun yén kuring bakal telat. Aya onigiri, sosis, katsu-don, jeung cientéh.
“Umm, Raka-kun sakedap deui bakal pindah nya?” Megumi nanya.
“Muhun, minggu payun,” témbal kuring.
“Kagoshima nya….”
“Jauh pisan.”
“Muhun.”
“Tochigi ogé jauh pisan.”
Sanggeus bérés dahar, kuring indit jeung manéhna. Paduduaan, dina wanci tengah peuting nu simpé.
“Katingali tangkal sakura nu palih ditu?” Megumi muka obroleun.
“Katingal. Tangkal nu dina surat téa?” témbal kuring.
Manéhna ukur unggeuk. Jog kuring duaan anjog di handapeun éta tangkal. Siga basa panungtungan kuring panggih jeung manéhna. Saméméh manéhna pindah ka dieu. Salju turun dibarung ku angin. Kuring duaan geuwat asup ka imah kosong gigireun éta tangkal. Sapeupeuting kuring paduduaan ngobrol, bari disimbut babarengan. Nepi ka teu karasa, reup saré. Isukna kuring balik deui kana karéta nu geus bisa deui operasi. Ti dieu kuring jeung Megumi papisah. Dipisahkeun ku panto karéta nu rék mulang deui ka Tokyo. Dipisahkeun ku laut.
Ayeuna kuring geus gawé di salah sahiji parusahaan komputer di Tokyo. Kuring tanggah ka lebah éta tangkal. Bari imut, kalah ras deui kuring ka manéhna.
“Kembang sakura nu maluguran musim semi, jiga salju nu turun tengah peuting di usum tiris,” ceuk manéhna.*
0 komentar:
Posting Komentar