Rabu, 06 Januari 2021

Carpon Mariam Sutandyo ENGKOS

 Carpon
Mariam Sutandyo
ENGKOS
 
Asa cikénéh ngumbara di Jakarta téh. Geuning geus méh dua puluh taunna.  Sok wé geura, titénan. Basa harita pindah ka Bintaro téh, tatangga karék baroga anak umur pantar TK lah. Ayeuna? Geus pada kuliah. Malah aya nu geus lulus sarjana, terus digawé.
Keur laleutik kénéh mah sok kumpul di imah. Ngadareluk ngagambar, da kolot-kolotna titip, cenah panglatihkeun gagambaran. Teu wasa nolak. Da puguh di imah gé sepi. Tapi paling bisa pasosoré, da kuring gé boga kasibukan.
Harita si cikal nawaran, cenah mamah keresa upami ngelola galeri seni? Teu kudu ditawaran dua kali atuh, kuring nyanggupan. Saha nu rék nolak geura. Galerina di daérah Kemang. Harita keur loba urang Asing di dinya téh. Sok geura bayangkeun! Rék kumaha teu atoh? Di sakuriling bungking, galeri. Daérahna daérah élit. Tempat urang asing dumuk. Maranéhna paling rajin datang. Masing henteu balanja, sok ngobrol jeung kuring. Kadang sok niténan, lamun kuring keur curat-corét. Katempo baretaheun, da ari geus niténan barang-barang antik atawa lukisan téh mani anteng. Atuh kuring teu wani ganggu. Pernah aya ibu-ibu urang Perancis, ningal kuring sok curat corét, harita
poé Saptu, manéhna mawa kanvas jeung alat-alat lukis séjénna, bareng ngalukis.  Angger tungtungna sok jadi sobat.
Tapi, kétang aya tapina oge niat hadé téh. Barudak ngawawadian .  Harita, aya dua barudak anu kecanduan narkoba, keur di rehabilitasi, hayang diajar curat-corét. Kuring nyanggupan, da aya ijin ti dokterna.  Barudak hariwang, cenah kumaha mun maranéhna keur katagihan, mama dipaksa kedah maparin kanggo mésér obat.  Enya kaharti ogé kituna mah.  Ngarana nu keur katagihan, poho sagala.  Kapaksa kuring ngabolaykeun jangji, ka maranéhna, sanggeus sasadu ménta hampura ka dr. Rani.  Katingal hanjakaleun pisan.  Tapi kumaha atuh, da barudak hariwang cenah,  Kuring sering sorangan, lamun keur ngalukis di galeri.
Tah harita loba sobat téh, tepi ka ayeuna sok aya kénéh hubungan.  Galeri pindah ka Bintaro, rada tiiseun.  Ari curat corét mah angger, ngalatih otak, jeung ongkoh hobi wé meureun.  Angger barudak sok ngomél, ulah capé teuing cenah. Komo basa harita kuring duaan jeung mas Har, ngalongok incu di Esslingen, bari terus nganjang ka dulur nu di Paris, terus ka Itali.  Éta angger barudak, kadé mamah kedah émut kaséhatan, cenah.  Tara didéngé ieuh.  Kuring ngarti maranéhna kitu téh saking ku nyaah meureun.  Tapi mémang harita mah salah gedé pisan.  Horéam barangdahar.  Piraku kudu ménta dipangliwetkeun mah.  
Lucia, geus leuwih ti sapuluh taun ngenék  di Jerman, meunangkeun urang Jerman .Arang langka aya dahareun keur beuteung urang Sunda.  Nawaran éta oge.  Tapi karunya ari kudu nyiapkeun kadaharan urang mah.  Nya kadaharan urang ditu wé.                            
 Puguh waé, basa balik ka Jakarta, barudak ngomél.  Beurat awak turun 4 kg.  Sihoréng nu sok laporan  ka barudak téh mas Har.  Enyaan kuring ngaku , salah kuring.  Sok wé geura pikir, dua bulan teu kaasupan sangu, bari jeung saeutik barang dahar.
Ayeuna bener-bener ngurus awak téh, keur kaséhatan.  Aya rencana taun hareup kuring jeung mas Har,  rék ka Brazil.  Aya ondangan ti adina, rék ngawinkeun.  Geus puluhan taun ngenék diditu.
Ayeuna kuring mimiti rajin nabung deui, sok loba kaperluan.  Komo geus hangkeut ka Lebaran.  Leungeun incu nalamprak, buruh saum cenah.  Sobat-sobat sapopoé nu maneuh, di komplek sok ngadago dago hadiah Lebaran.     
  Nurun ti indung meureun.  Éta wé baheula, indung sok nyandak tingkem ti Garut.  Bisa dibayangkeun naon eusina.  Leupeut, nagasari, bugis, cau raja ceré, cau ambon, ka entéh-entéh, disesepkeun.  Kuring jeung lanceuk  giak hayang muka tingkem.  Bret-bret tambang  digunting.  Brak tingkem dibuka.  Na barang rék nyokot leupeut  panangan indung ngahulag.  Lanceuk  mah pinter, indung ka dapur, sempet nyomot bugis, bari lumpat kaluar.
Saur indung, kirim heula tatangga, karék sésana keur urang. Sésana?  Boro-boro nyésa!  Paribasa, keun lah urang mah, apan bi Mamah ogé engké bakal ngaringkid  deui ti ditu. Bi Mamah sumping, angger wé urang mah tara kabagéan.  Da tatangga diheulakeun!  Ayeuna nurun ka kuring.
Sobat-sobat  kuring ayeuna di lingkungan komplek, diantarana:  Mas Warto tukang sayur, bi Ipah tukang pulung, Ronny sabulan sakali sok meresihan buruan nu ngan sauted.  Donny tukang kebon sabeulah, mas Prie tukang roti, Daniel nu sok nganteuran catering, bi Awang tukang sasapu jalan komplek.  Atuh mba-mbana tatangga, mba Yenni, rencang ibu Joko, hareupeun imah. Mba Mira, mba Lani, mba Wida,  Geus puguh ari mba-mba nu matuh di barudak mah, mba Manisem, mba Titi, jeung mba Karsinem, mba nu babantu di imah, éh mba Linda cenah, ganti ngaran basa manéhna digawé di Singapur.
Aya saurang deui sobat téh, ngaranna Engkos.  Ngaran nu basajan jeung antik wé.  Sugan diganti jadi  Andy, atawa Joni, atawa Daniel, henteu ieu mah.  Angger wé Engkos.  Urang Sukabumi, pamajikanana, cenah ngawarung di Sukabumi.  Boga anak dua, cikalna geus SD kelas 3, nu bungsu karek TK.  Pangawakanana harulung jangkung. Sakola tamat SMP.  Soméah, tukang heureuy.  Sok daék babantu, mun kuring keur bébérés,  ungkut angkat.  Ngan pacabakanana asa kurang cocog. Mangtaun-taun ngadorong roda, barang-barang bekas.  Ngaloak.  Kadang pinuh kadang kosong rodana téh. Tah lamun pareng rodana kosong di palebah imah kuring, sok turun, bari ngetrék-ngetrék  panto pager.  “Bu, Bu, koranna geus aya?” cenah,  Kapaksa kuring kaluar, da gandeng,  sok terus ngetrek-ngetrek panto beusi.
“Sok asup wé Kos, koranna cokot wé ku sorangan, dihandapeun tangga di dapur. Mun hayang nginum nyokot wé sorangan, ibu keur kagok”
“ Enya,” cenah manéhna ngajawab bari sup ka dapur nyokot koran nu geus bérés numpuk.  Kudek manehna nyieun kopi, sanggeus neundeun koran dina roda.  Terus sila tutug di emper hareup.  Suruput-suruput kopi panas diinum.  Kuring angger curat-corét .  Manéhna tara ganggu.  Ngan sok mencrong kana lukisan nu keur dihanca.  Sok kadéngé ngagerendeng.  “Alus, siga pisan”.  Tara ieuh didéngé, da lamun dijawab sok terus ngobrolkeun kasusah.
Keur kuring teu ieuh anéh.  Da sobat-sobat téh dongéngna ngan kasusah waé.  Sok geura, minggu tukang mas Warto tukang sayur, humandeuar, basa kuring milih-milih bonténg, kuring nanya kulawargana nu masih di Jawa.  Cenah si bungsu hayang asup TK, keur uang pendaftaran aya tapi waragad séjénna kurang kénéh.  Kurang sabaraha deui, kuring nanya.  Sa anu cenah.  Bari mayar bonténg, kuring nyesepkeun amplop kana leungeunna.  Katingal manéhna ngalimba.  Nganuhunkeun.  Basa papanggih deui manéhna jigrah, cenah si bungsu geus mimiti sakola.  Sukur Alhamdullillah, ngadéngé béja nu matak bungah.
Bi Awang tukang sapu komplek, béda deui kasusahna.  Pas kuring rék kaluar,di panto pager geus nyangheuy leungeunna, bari katingal sedih.  “Aya naon, Bi”  kuring nanya.  Derekdek manéhna nyarita, cenah salakina, asup RS, gering rada parna.  Bari ngeupeulan duit bulanan, padahal manéhna gé digajih ti Bintaro Jaya, kuring nyesepkeun amplop.  “Lumayan, keur nambahan obat”.  Bari nganuhunkeun  manéhna ngaharéwos, “Piduana waé nya Bu”
“Enya diduakeun ku ibu sing gancang sehat.”  Selang saminggu ti harita, aya béja ti satpam, cenah salakina si bibi tilar dunya.  Basa aya pangajian, opat puluh poé , kuring titip, keur nambahan meuli opieun.
Tapi aya ogé nu pikakeuheuleun.  Bi Ipah tukang pulung.  Nyobat mimitina mah.  Lila-lila teu pati cocog.  Aya hal-hal anu kurang hadé.  Kétang salah kuring sorangan.  Ka saha waé sok ditanya ari pareng kuring keur diémpér hareup.  Harita manéhna ngaliwat.  Katingal capé pisan.  Ngagandong gonina tonggongna, bari nungtun budak.  Manéhna ngarandeg bari nanya sugan aya barang nu geus teu kapaké deui.  Kabeneran aya botol-botol plastik urut bungbu roti, lumayan aya sakérésék gedé.  Manéhna nganuhunkeun, bari ménta nginum, halabhab cenah.  Teu ngengkékeun karunya ka budakna, sok dua gelas sirop di asongkeun. Enya katingal halabhabna téh. Panon karek ngiceup tilu kali, gelas geus kosong.  Kabeneran aya sésa kuéh ti barudak, sok dibikeun ka budakna.  Na da ngan sabelewek atuh, lapar meureun.  Tah ti harita, unggal ngaliwat sok eureun bari ménta nginum.  Teu pedit ieuh da kabeneran cai-cai mah aya.  Na lila-lila, aya sababaraha  urang tukang pulung nyangheuy na panto pager, nyungkeun cai, halabhab cenah.  Mimitina teu kapikir.  Ngan karunya tea.  Tapi lila-lila jadi kaganggu oge, da lain saurang wae.  Nu pang keuheulna mah, harita kuring keur nyawang kaluar, tina hordeng, ningal pihujaneun.  Katingal bi Ipah, keur ngangkat tempat runtah ti emper imah, padahal panto pager dikonci.  Terus jeung anakna ngabongkar tempat runtah.  Milihan barang anu masih bisa dipulung.  Kuring tea apal, sok gancang kerung.  Kaluar bari ngawawadian ulah nyokot nanaon ti jero pager.  Pan biasana oge sok dihususkeun kulang kaleng atawa wadah-wadah pelastik keur manehna.  Duka era duka keuheul, sok tempat runtah di lesotkeun, bari indit.  Ti harita manehna tara wani deui menta cai atawa menta barubutan.  Kuring ge tara nguah ngaeh, keuheul atuda.  Sipat nu kurang hade, tangtuna ge.  Tapi da kumaha atuh, urang geus usaha bageur , eh maranehna nu sok ngamimitian.  Jadi we inget kana papatah barudak, “Don’t talk to stranger”.
Tapi anéhna , ka Engkos mah kuring teu judes teuing.  Da unggal panggih , ari rék nyokot koran, kuring sok ngomél bébéakan.  Ih manéhna mah teu riuk-riuk acan.
Wani ngomél téh, atuda geus wawuh téh lain sataun dua tahun, asana téh ti saencan manéhna boga anak.  Euweuh pisan kamajuan.  Angger we nyunyurung atawa narik roda loakan.  Lamun diarahkeun nitah usaha nu séjén, manéhna sok ngajawab kieu.  “Enya bu, rék digawé di Bandar lauk.  Digajih éta ogé.  Tapi teu cukup keur nyéwa imah, keur dahar.  Boro-boro bisa ngiriman barudak.  Tapi, cita-cita téh hayang ngabandar.  Ngan euweuh modal.  Angger ari di omél téh, jawabna kitu waé.  Bari jeung kuring teu ngarti, kumaha ngabandar lauk téh.  Naha di pasar ikan atawa di pangkalan tempat kapal penangkap ikan pada kumpul.
Loba rugina timanan untungna mapatahan si Engkos mah.  Rugina, biwir abléh balas mapatahan. Mikeun tumpukan koran , lain kuring nu narima duit, tapi malah manéhna sok dikeupeulan keur anakna sapérak dua pérak.  Cikopi atawa, sirop tara kaliwat.  Lamun aya opieun kuéh-kuéh kering sok dibahankeun.  Atuda teu kumaha rék teu pikanyaaheun.  Ari mampir téh, mba mana sapu, tuh émpér meni kotor kieu.  Bari sedut sedut émpér disapu. Ari geus kitu téh brek sila, terus ngobrol.
Hanjakal geus rimbitan, lamun encan da satuju mun deukeut jeung si Mba téh.  Tapi kétang mba mah geus di tunangankeun ku kolotna di Jawa.  Éta ogé sok katingal si Engkos naksir mba.  Dina rindatna, dina omonganana, masing enya hureuy ogé.  Untung si mbana bageur, teu ieuh kapangaruhan ku omongan-omongan si Engkos.  Loba éta ogé nu ngécéng  si mba.  Tapi da sigana nurun ka dunungan.  Judes, keding hangit, ari keur keuheul téh.  Meureun cenah ceuk batur téh, ih mun mun geulis!
Tapi kétang aya tapina, keur urang.  Gélényé teuing ulah, komo gumeulis.  Urang téh kudu boga harga diri.  Ceuk nu heureuy téa mah, “ Kudu siga baju mahal nu dipasang di étalase toko méwah, branded.  Pan béda jeung baju obralan, kajeun teuing alus, tapi digelar ditambrukeun.  Ku nu rék meuli atawa anu hayang ningali, pan ngan ukur di ubrak abrik.”  Tah duka atuh, da éta mah prinsip kuring pribadi.  Lain jual mahal urang téh, tapi urang boga harga diri.
Si mba ogé nya kitu.  Saencan babantu di kuring, pernah jadi TKW di Singapur.  Rada anéh ogé basa mimiti datang, sok ngahuleng, atawa seuri sorangan.  Lila-lila saenggeus sok dibawa ngobrol paduduaan, manéhna wakca.  Basa di Singapur, pernah rék di perkosa ku dununganna.  Kadua kali rék dipaksa dikawinkeun ku dununganana ka urang Banglades cenah.  Nyaho kitu, aya tekanan-tekanan kejiwaan, kuring sok sering mapatahan.  Katingal aya hasilna, manéhna jadi hégar.
Geus aya sabulanna Engkos tara katingal ngaliwat, atawa sms nanyakeun koran.  Meureun, ngalongok kulawargana di Sukabumi.  Moal kitu gering mah, pikir kuring jeung si Mba.
  Sabab harita téh, basa mampir nyokot koran, katingal ulatna henteu marahmay, malah katingal susah.  Teu ditanya ieuh , da éta mah urusan manéhna. Si Mba teu open, sok wé nyuguhan sirop. Léos deui ka dapur manéhna mah.  Kuring angger maca koran, sanggeus nyuruput sirop kadéngé manéhna humandeuar.
Cenah, rék kumaha bisa usaha, perlu nginjeum modal ka dunungan gé teu ieuh méré, padahal ngan ukur sajuta.
“Nya gedé atuh sajuta mah, Kos, keur ibu nu pangsiunan mah.  “ ceuk kuring némbrong.  Derekdek manéhna, nerangkeun. Aya nu nawaran jadi tangkulak lauk téa, kudu aya modal.  Teu gedé ieuh, cenah asal aya dua juta heula, bisa jalan.  Terus manéhna nginjeum ka dunungan nu sok meulian barang-barang loakna, ngan disanggupan limaratus.  Manéhna rék jual jaar cenah, meunang ari lima ratus mah.  Tah masih kurang sajuta deui cenah.  Duka kamana nya néangan sakitu.  “Padahal ieu kasempetan Bu.  Pan ibu nu sok ngadorong, kudu pindah usaha”, cenah deui.  Lamun henteu, usahana rék dioperkeun ka batur.
Kuring rada ngahuleng.  Enya inget, unggal papanggih, kuring sok nyarankeun sina ganti propési, saluyu jeung kabisa , jeung otakna, harulung jangkungna, daékanana.  Karunya ogé, ari inget kituna mah.  Ras inget, minggu kamari meunang arisan.  Lumayan.  Tapi leungeun incu geus namprak , bekelan cenah aya kasempetan, kapilih ka Australia.  Di itung-itung lamun diinjeumkeun ka si Engkos sajuta, masih aya kénéh sésa keur ngeupeulan incu.
            Manéhna ménta kwitansi, basa narima duit injeuman ti kuring.  Teu kudu maké kwitansi.  Kajujuran wé urang mah.  Masing maké kwitansi gé, ari manéh rék curang mah Kos, percumah.  Nunggu kajujuran wé ibu mah.  Didoakeun sing lancar usahana. “Amien Bu, cenah. Bulan hareup, dibalikeun.”
            Tah ti harita pleng les wé. Teu aya béja. Padahal koran geus numpuk.  Dibikeun ka nu séjén, sieun manéhna datang.
Pasosoré, geus ngabaku, mba sasapu di émpér, kuring maca.  Katingal aya sémah, nyangheuy leungeunna kana panto pager.  Kadéngé wé nanyakeun kuring.  Dilieuk, teu wawuh.  Tapi naha nyahoeun ngaran kuring, ngaran si Mba.
            Gancang sina asup.  Bari nungtun anakna, gék manéhna diuk na bangku nu aya.  Anakna dilahun.  Katingal capéna téh.  Cenah, ti tatadi kukurilingan, néangan alamat kuring.  Euh geuning pamajikan si Engkos.  Paingan nyaho ngaran jeung alamat kuring.
            Derekdek manéhna ngobrolkeun salakina.  Geus lila teu ngalongok ka Sukabumi.  Cenah keur sibuk usaha anyar.  Paling-paling titip ka tatanggana duit keur kaperluan barudak mah, cenah.  Tadi isuk-isuk geus mangihan dununganana, nu sok meulian barang loakanana.  Nyakitu sarua, geus lila teu panggih cenah.  Panungtung manéhna inget ka alamat kuring da sok dititipan keur jajan budakna.  Masing enya can wawuh cenah rék maksakeun panggih.  Kanyataan nana kuring gé lebeng teu panggih jeung salakina.  Katingal susahna téh, mana geus soré deui.  Mana salaki teuing dimana.  Ku kuring di tahan sina ngendong sapeuting waé mah.  Tapi manéhna nolak.  Nya dianteurkeun  ku supir ka Lebak Bulus, pangkalan beus.
Pasosoré, keur sibuk nganggeuskeun lukisan, si Mba nyampeurkeun bari hariweusweus.  Kuring gé reuwas, si Mba sina narik napas heula.  “Aya naon mba, kunaon mba Yenny, gering? kuring nanya, da tadi katingal si mba kaluar ti émpér ibu Joko.
“Sanés bu, Engkos nikah deui, sareng sobatna mba Yenny, Ratih di sektor lima.  Ratih henteu uih deui ka Jakarta, atuh Engkosna ogé cenah tos ngalih ka Jawa.”
Bedusss, sigana nginjeum duit keur modal usaha lauk téh, sihoréng keur biaya kawin deui meureun.  Nyana-nyana kitu mah, moal dibéré nginjeum.  Mana duit meunang arisan deui.  Sésa mekelan incu, niat rék ditabung!*

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More