Rabu, 06 Januari 2021

Carpon Jum’at Kliwon Kénging Aulia

Carpon
Jum’at Kliwon
Kénging Aulia

Saméméh ngagutrut nulisan diary, Kuring ngarérét kana almenak rék ningali tanggal. Hah, malem jum’at kliwon !  Hiiiyyyy…. Kuring ngabirigidig.
“Dear Diary, ....”
Reg eureun nulis.
Kuring ngabirigidig deui, geus teu kuat hayang kahampangan.
Gura-giru maké sendal capit, tuluy ngetrokan kamar sabeulah.
            “Ca….Oca….!”  gegeroan bari keketrok.
Orokaya ti jero kamar angger jempling.
Lah, si orowodol mah wayah kieu pasti geus tibra.
Kapaksa kuring muru kamar mandi sorangan. Haté mah hemar-hemir. Malem Jum’at Kliwon, cenah waktuna dedemit, jurig, kunti jeung sajabana kalaluar. Hiiiyyyyy…..
Satengah lumpat kuring muru kamar mandi nu pang deukeutna.
Kamar mandi di kosan PUTRI aya genep, kabéhna ngajajar nyanghareupan pakarangan tukang nu hieum ku tatangkalan.
Selengseng bau durukan, sirah Kuring maké hideng luak-lieuk ka pakarangan tukang. Sarérétan panon ningali nu utek-utekan palebah kandang hayam, kawas ramo-ramo tapi hideung jeung buluan. Ukuranna gé teu ilahar jeung ramo jelema, gedéna ampir sagedé pigeulang kuring. Boa-boa ramo buta…
            “Huwwaaaa…..” Kuring nutupan beungeut.
Teu hayang nyidik-nyidik sakali deui, beuheung diputerkeun 350 derajat. Lalaunan leungeun nu meungpeunan panon dibuka.
Gebeg. Itu handapeun tangkal sirsak kawas aya nu dongko, awakna bodas kabéh, euweuh sukuan, euweuh beungeutan, kalah buuk wé ngawigwig kawas Fungky Papua.
Kuring geus teu bisa ngajerit deui, sora asa melag na tikoro. Luk tungkul, miceun paneuteup tinu pikasieuneun. Tapi kalagkang naon nu oyag-oyagan tukangeun? Boa buta nu tadi ngudag !
Berebet lumpat muru kamar mandi nu pang deukeutna. Gebrug nutupkeun panto kamar mandi, ngadon ngonci manéh.
Calana piyama mah geus baseuh titadi kénéh, bau hangseur.
Haté babacaan sabisa-bisa, mudah-mudahan buta nu tadi katingali leungeunna hideung ngabelegbeg, kunti, atawa naon baé teu manggihan kuring nu keur nyumput di dieu.
Keur anteng babacaan, karasa suku asa aya nu ngusapan. Emh, pasti leungeun jurig, kapan cenah nu kitu mah bisa tembus sanajan panto dikonci gé.
Tibuburanjat kuring naék kana bak mandi. Geleber cucunguk hiber tina sendal kuring, jadol téh !  Ditimbug satakerna sakadang cucunguk nu hiber muru lalangit kamar mandi maké sendal capit, Beleweeeeerrrr……. Guluprak !
“Aw !” sendal capit kalah murag ninggang sirah.
Gusti, na peuting ieu ni apes-apes teuing atuh. Maké hayang ka cai sagala, maké manggihan mangkeluk nu teu paruguh sagala. Maké katimpug ku sendal capit sagala.
Salametkeun abdi Gusti, mugi tiasa uih deui ka kamar teu kirang nanaon. Abdi jangji, pami salamet, badé getol solat, moal kalékéd deui mun nguping adan.
Mani euweuh saurang-urang acan nu ngadon ka kamar mandi deuih ieu téh. Si Oca, atawa si Mojang nu biasana bésér gé teu embol-embol. Ih, aingah.
Salila-lila diuk dina biwir bak, teu wani balik deui ka kamar. Kumaha lamun pas muka panto kamar mandi, buta hideung nu tadi kawénéhan luhureun kandang hayam téh nga hongkeun, atawa kunti handapeun tangkal sirsak jol nyekék beuheung? Hiiiyyyy….
Kuring ngaheruk sorangan, ngarasa jadi jalma nu pang sialna bet ngonci manéh di kamar mandi. Tuda lamun kaluar geus pastina beunang ku jurig nu jigana keur kokotéténgan néangan, ngadodoho kuring.
            “Duh, mamah hapunten enéng. Jigana ieu balukarna tina dosa-dosa enéng salami ieu nu sok wani baha ka mamah” kuring mimiti nginghak.
Kokolébatan raray mamah nu alum basa kuring nembrakkeun pamaksudan hayang kuliah di kota ieu, ngahaja milih tempat di luar kota. Ngarah jauh, hayang ngasaan indekos. Hayang bébas ti mamah nu céréwéd, sagala ulah, sagala teu meunang. Balik telat saeutik, ditelepon kana hp. Lamun hp dipareuman, ditéangan, ditatanyakeun ka unggal babaturan. Ih, ni teu meunang ulin-ulin acan. Kuno boga indung téh, teu cara indung batur.
Ayeuna karasana mah, karék gé saseméstér indekos, meni begang. Ngarumas tuda, biasa dahar kari am, baju kari rap. Ayeuna sagala ku sorangan. Aya éta gé kos-kosan nu nyadiakeun dahar jeung narima loundry. Tapi hargana teu kabedag, Bapa teu sanggupeun.
            Kuring sibuk kénéh nyusutan cipanon nu teu eureun-eureun murubut, basa kapireng sora nu leumpang ngadeukeutan. Lalaunan turun tina bak mandi. Pasti sora jelema, asa teu mungkin jurig leumpangna disada, pan jurig mah sukuna gé cenah teu napak.
La haola wé. Lalaunan muka panto kamar mandi, dipéléngékeun saeutik asal bisa keur noong kaluar.
            “Oooccccaaaaaaa………” kuring ngagabrug babaturan.
Tapi nu digabrug ngadon olohok. Kuring milu ngahuleng, nyidik-nyidik tangtungan babaturan. Mudah-mudahan bener si Oca, lain jurig nyiliwuri nu nyamar jadi si Oca. Lamun nu digabrug si Oca kajajadén, ah geus teu kabayang nasib kuring.
Ditengetan ti luhur nepi ka handap. Buukna nu galing tipepereket, halisna nu hideung ngajelér paéh, bulu matana nu calentrik, kulitna nu kopi tutung. Nyaan si Oca, gadis manisé urang maluku. Pagpangna mah kangkalung nu dipakéna aya bacaan OCA, tuh pan nyaan si Oca asli da piraku jurig maké kangkalung sagala.
            “Ih, ngapain peluk-peluk béta?” pokna.
Tuh pan, sora asli si Oca !   Lain jurig, da sidik teu nyirung.
Digabrug sakali deui babaturan téh.
            “Tolongin gué Ca, ada han….han….” teu wasa nyebutkeunnana, paur kadéngéeun ku jinisna.
            “Apaan? Si Johan?”
Kuring gideug. Curuk bentik nunjuk ka palebah tangkal sirsak. Si Oca répléks nuturkeun panuduh kuring. Berebet téh lumpat tipaparétot ninggalkeun kuring sorangan.
Teu lila sora manéhna ngocéak jeung sora Mojang nu kukulutus. Tayohna tabrakan palebah panto dapur, da si Oca mah mun lumpat tara bisa ngerém ngadadak.
Tah gening aya si Mojang. Batur kuring nu ieu mah bisa diandelkeun. Keur geulis téh soléhah, kaluaran pasantrén tuda manéhna mah. Moal sieuneun ku jurig, boa jurig nu sieuneun ku manéhna.
            “Dimana aya jurig?” Mojang ngagusur si Oca balik deui ka tempat kuring ngajeten.
            “Dimana Néng?” Oca kalah neuteup kuring.
            “Di….. di…..” kuring masih ngadégdég. Leungeun nyekelan kana pigeulang kénca Mojang da pigeulang katuhuna mah dipaké muntang ku si Oca
            “Dimana?” Mojang neuteup leleb.
            “Di handapeun tangkal sirsak” sora kuring halon.
Lalaunan Mojang ngalésotkeun cekelan kuring jeung Oca kana pigeulangna.
            “Rék ka mana?” Tanya kuring
            “Ngainterogasi jurig, bet wani némbongan. Nyingsieunan babaturan kuring sagala!” pokna teuneung bari ngaléngkah nyampeurkeun ka palebah tangkal sirsak.
Kuring jeung si Oca silih teuteup.
            “Nénéng, Oca, kadieu !” Mojang ngageroan ti pakarangan tukang.
            “Ga mau ah!” jawab si Oca, kuring mah tibang gideug.
            “Kadarieu, dék kenalan moal jeung kunti sirsak”
Kuring curinghak, etah si Mojang ka jurig maké wani nyunghak campelak kitu.
            “Mun teu daék kadieu, cenah rék dicekék” ceuk Mojang deui.
Kuring ngabirigidig.
            “Yu ah, daripada mati konyol” si Oca ngagusur kuring, nyampeurkeun Mojang.
            “Yang kamu maksud ini?” ceuk Mojang dibarung ku ngahéhéh seuri.
Si Oca pipilueun seuri, kuring mah teu wani beunta-beunta acan.
            “Néng, ternyata Cuma karung sampah doang” si Oca nyigeung ku leungeun kéncana.
Kuring beunta lalaunan.
Aéh, enya ning karung sampah. Di luhurna aya sapu injuk nu potong. Oh enya, pan tadi ibu kos ngagebug ucing ku sapu injuk. Ucing na mah teu beunang, kalah sapuna wé nu potong.
            “Ni barorangan ih boga babaturan téh” ceuk Mojang.
Kuring kéom kaéraan.
            “Tuda ayeuna pan malem Jum’at kliwon” témbal kuring.
            “Mémangna kunaon mun malem Jum’at kliwon?”
Saméméh némbalan kuring nelek-nelek deui karung sampah, sidik lain kunti.
            “Ceuk béja cenah malem Jum’at kliwon téh waktuna nu kararitu kaluar” sora kuring halon, ampir teu kadéngéeun ku si Oca jeung Mojang.
“Urang mémang kudu percaya yén nu goib téh aya. Tapi lain jadi borangan, heug bakal nyilakakeun sorangan” ceuk Mojang. “Sing inget,kapan dina Al qur’an surah Adz Dzaariyaat ayat ka-56 geus dijelaskeun yén Pangéran teu nyiptakeun jin jeung manusa iwal keur nyembah ka Mantenna”
Kuring ngeluk, bet éra parada kana kalakuan sorangan.
            “Nu ngarana jurig marakayangan mah euweuh. Boro-boro keur nyingsieunan jelema, pikeun nu geus maot mah pegat urusan jeung kadunyaan. Aya gé nu tinggaleun napsu goréngna. Tah, lolobana napsu goréng éta nu ku urang sok disebut jurig marakayangan téh”
Kuring jeung Oca teu lemék sakemék.
            “Da bangsa jin ogé boga aturan, teu meunang némbongan ka manusa. Lamun ngalanggar aturan éta, aya sanksina” ceuk Mojang deui.
            “Ari dedemit, kunti, jeung sajabana?” kuring ngawani-wanikeun tatanya bari rarat-rérét.
Mojang imut, “Kalakuan sétan éta mah, ngahaja keur méngkolkeun akidah jelema. Kanu kurang iman, bisa jadi borangan. Atawa malah percaya kanu kahébatan sétan nu satuluyna jadi pamuja setan. Buka geura Qur’an surat Adz Dzariyaat ayat 21 !”
Kuring jeung Oca unggut-unggutan.
“Jung ah geura baralik deui ka kamar, geus peutig ieu téh. Tuh, nepika poho wé Mojang gé rék wudu. Urang solat tahajud”
Mojang leumpang ka kamar mandi, kuring geuwat nuturkeun. Kitu deui si Oca.
            “Ké,ké, ari tadi nu gegeleberan tukageun kuring naon nya? Moal kitu kalangkag jurig?”
            “Emh, piraku jurig aya kalangkangan” Mojang nyeungseurikeun, “Paling gé éta!” nunjuk anduk dina popoéan nu kaendag-endag ku angin.
Kuring ngélémés deui, kaéraan.
            “Kéla !”
Mojang ngarandeg deui.
            “Naon deui atuh?” bangun nu geus keseleun.
            “Tadi nénéng ningali ramo-ramo galedé jeung hideung di luhur kandang hayam. Moal kitu éta téh….”
            “Astagfirullohal adzim!” Mojang nepak tarangna.
            “Kenapa?” Tanya si Oca nu titadi ngabetem waé.
            “Kaforgetan euy, pan Mojang téh dititah ngampihkeun hayam kana kandang, tuh tingali ngadon sararé luhureun kandang, lain mah ngarampih”
Mojang nyampeurkeun ka palebah kandang nu perenahna di juru kénca pakaragan tukang bari ngagusur si Oca, “Ayo bantuin!”
Mojang jeung si Oca néwakan hayam nu kokocéakan teterejel ngarasa saréna kaganggu. Atuh peuting nu tadina simpé téh jadi ramé.
Sedengkeun kuring buru-buru balik ka kamar kos, rék salin piyama nu bau hangseur, bisi katohyan mantén.  *

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More