Senin, 13 November 2017

Duka Saha nu ngawitan medarkeun.

Maca tulisan sunda  ieu meni nyerep kanu manah .... ☺ Duka Saha nu ngawitan medarkeun....

Ditungtun ku SANTUN
Diraksa ku RASA
Dilatih ku PEURIH
Diasuh ku LUNGGUH
Diasah ku KANYA'AH
Disipuh ku KARIPUH

Taya nu gampang dina ngambah kahirupan.
Anging tarekah nu dibarung ku du'a tina ati anu léah nu baris mawa kana kabagjaan.

Nalika di alam kubur teu aya batur, ukur amal nu baris nungtun.
Ka sawarga atawa naraka, amal urang nu nangtukeun.

Cinta ka dunya ulah kamalinaan, komo bari mopohokeun alam kalanggengan.
Satemena di dunya ukur ngumbara, di ahirat kahirupan nu sabenerna.

Tong sombong ku tagog, ulah reueus ku rupa, da eta mah bakal sirna.
Kasép atawa geulis moal dipeunteun, ukur haté anu baris diajén.

Paralun anu kasuhun, lain rék ngélingan batur. Ieu mah ukur jang diri sorangan, salaku jalma nu pinuh ku kakurangan

😇 Mugia Alloh salamina nangtayungan urang, Maparin jalan pikeun ngadongkang kabagjaan, kalayan lungsur-langsar ngabalungbang

Nun Gusti nu maha agung, tebihkeun diri tina hianat, paralun tisoledat kana maksiat.

Aamiin... hatur nuhun Gusti mugi maparin ridho kanggo abdi sadudulur di grup ieu... 🙏🙏

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More