Senin, 16 Oktober 2017

AJAL JEUNG PATI

AJAL JEUNG PATI
(seratan KH.E.Addullah) 1981

Hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho dimangsa. Lamun datang teu bisa dihalang, rek embung rek hayang tetep kudu mulang, teu nolih kanu ceurik moal ngaladenan nu lolongseran, tetep mulang teu bisa dihalang.

Barudak ngadadak yatim, indungna ngadadak jadi randa, indit tanpa pamit. Teu wasa sasadu heula, atawa pupulih rek indit, malah teu werat muka baju sorangan, mandi oge dimandian kunu lian.

Imah meunang hayang ditilar, dulur dikantun, harta taya anu kabawa, lain teu boga bawaeun ngan geus teu bisa mawana sarta geus teu aya gunana.

Diusir lain kunu lian tapi ku baraya urang sorangan geus embung kaancikan, kapaksa disingkirkeun, tinu caang kanu poek, tinu lega kanu heurin, tinu kasur hipu kanu teuas, nyengceling nyorangan taya pisan anu nulungan.

Ari maot teh pasti.......
Lamun urang maot.....
Kumaha?....
Sieun ku maot tapi disampeurkeun, tambah umur tambah deukeut ka lawang kubur. Nganteurkeun anu maot remen, ngaliwat kuburan biasa, tapi langka anu inget kana datangna ajal geusan nambah ngareaan amal.

OMAT ULAH GAGAL NALIKA DATANG AJAL.

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More