Kamis, 03 Mei 2018

Elmu Ceu Iroh

Elmu Ceu Iroh

Di buruan imah, kasampak jang Juhro luut-léét kesang  renghap-ranjug bangun nu leuleus pisan.
ditanya ku ceu Iroh :
"Sujang kunaon nyanéh mani siga nu ripuh ?"

Juhro némbalan :
"tas ngungudag si jago bari teu hasil ditéwak ceu"

Kojéngkang c Iroh ka goah, balikna mawa bangsal sakobokan.

"Kurrrrr ......kuuuurrr.......!!
Ngawurkeun bangsal di buruan.
Teu lila ngaburudul hayam ngaronom macokan bangsal, kaasup si jago nu tadi diuudag jang Juhro.
Kep si jago ditéwak, terus di bikeun ka jang Juhro.
Jang Juhro ukur olohok ngembang kadu.

Ceu Iroh :
"Sujang loba cara néwak hayam teh, teu kudu dibeberik sagala, lumpat ditarikan  si jago gé beuki tarik bari gagarapakkan ngagandéngkeun tatangga. Awak cape si jago teu beunang."

Kitu oge dina nyiar rejeki, teu perlu diuudag sataker kebek. Awurkeun saeutik shodaqoh, béré budak yatim jeung nu butuh.
Engké gé rejeki nyampeurkeun  
Komo bari gede tur ikhlas

Hapunten bilih aya nami atanapi karakter nu sami, carita ieu mung kanggo kaperyogian tafakur.

Wassalamualaikum warohmatulohi wabarokatuh.

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More