Kamis, 31 Mei 2018

KICEUP CEULEUYEU ANU PANGANGGEUSAN

KICEUP CEULEUYEU ANU PANGANGGEUSAN
Naskah lawas edisi `Ngelingan`
Ku: Bah Dodong
وَالْعَصْرِ  إِنَّ الْإِنسَانَ لَفِي خُسْرٍ...
 “Demi wanci, saéstuna manusa téh aya dina karugian...”. (QS. Al-`ashr: 1-2).
Sumiratna cahaya fajar nyingraykeun udat udat balébat di beulah wétan. Meletékna srangéngé ngagésér lalangsé poé, tuluy peuray ku datangna mangsa carangcang tihang anu ngamimitian muka remeng remengna kahirupan. Ronghéapna wanci haneut moyan peruh muragkeun bekuna cai ibun. Panon poé anu geus mimiti morérét, dipapag ku mangsa rumangsang minangka siloka panas nyongkabna hawa dunya anu entak entakan. Panon poé anu ujug ujug ngumbul téh manceran aya luhureun embun embunan. Dunya mingkin panas ngahareudangkeun pangeusina. Manusa jadi tonggoy, poho tur kalalanjoan. Beu, hanas jongjon, gening panon poé téh geus méngok ngulon. Tapi manusa beuki tungkul dina kahirupan anu ukur sajongjongan. Panon poé tuluy nyurungkuy muru tunggang gunung, ngudag mumunggang tanduk sétan  tuluy nutug muru sariak layung. Panon poé téh nyusup di tempat surupna.
Gening kitu ari kahirupan. Waktu anu ukur sagurubug mangsa anu ngan sajorélat téh ngokop ngabongohan. Umur anu geus mimiti surup sareupna téh kari nunggu nunggu dawuh mangsana dipundut ku Nu Rahayu.
Bareng jeung gederna jantung manusa anu  leuwih ti 100 rébu kali dugdegna. Dituturkeun ku ngabelesurna getih ngajugjug perjalanan 168 juta mil. Teu kurang ti 20 rebu kali rénghap napas bareng jeung diseuseupna 483 méter kubik hawa. 25 rébu kecap  anu diomongkeun kaasup omongan anu cangkorang bongkang.  Rantengna 750 urat anu digerakkeun. Buuk anu manjangan 0.94353 cm. Manjanganna kuku 0.00012 cm jeung oyagna 100 milyar sél otak. Anu sakumna  éta teu reureuh gawé dina sapoé sapeutingna.
Gening  tina welasan rébu kiceup mata anu dipeureum beuntakeun téh aya kiceup anu tinggaleun. Kadé eum, kanca. Sakeudeung deui urang téh baris manggih kakeueung anu keuteur nyaéta mangsa adu hareup jeung “KICEUP CEULEUYEU ANU PANGANGGEUSAN”.
Imam Ghazali kalawan tatag nataan tahapan leupasna nyawa tina kurungan raga. Yén “Nyawa anu disurung tina indung suku, tuluy nyurungkuy maju nuturkeun buku buku sakujur anu ujug ujug kaku jeung lalinu. Nyorodcodna suku jeung haroshosna ambekan anu tuluy ngangsreg nyedek bareng jeung ngangsrodna roh anu noyod nepika jogna anjog lebah tikoro”. Nyawa melag dina elak elakan siga anu teu wasa ninggalkeun panineungan tapi ahirna maksa leupas tina kurungan. Angen nyesek, ambekan beuki nyelek, awak asa aya nu nyacag lir tilu ratus kali cacagan pedang tina liwatning nyerina sakarat. Dunya nu tadina caang jadi reup reupan. Samar samar naon anu aya sakurilingeun tilem. Ti dinya poék mongkléng butarata. Roh ngagolosor tina tikoro nyawa paturay jeung raga. Nu aya tinggal lonjorna jasad bugang anu ngababatang.
Tapi édas, teu kabéh manusa bisa kasuat ku katerangan `tersirat` éta. Anu puguh mah napsuna mingkin murugul lir biu, lampahna lir euwah euwah. Pirang pirang anu umur geus cueut ka hareup, hirup geus bau taneuh téh lain heungkeut heungkeut reureuh tapi malah beuki macikeuh. Hirup anu geus tokroh tokroh téh kalahka pareumeun obor.
Paingan dawuh Nabi:
يَكْبَرُ ابْنُ آدَمَ وَيَكْبَرُ مَعَهُ اثْنَانِ حُبُّ الْمَالِ وَطُولُ الْعُمُرِ
“Manusa kakolotnakeun téh dituturkeun ku dua perkara anu terus ngarobéda nyaéta cinta harta jeung miharep umur panjang”. (HR. Bukhary).
Rasulullah mairan wejangan ngeunaan hadé goréngna umur panjang. “Hadena, leuheung basa mun teu tuluy pikun turta umur panjangna teh kebek ku kahadean. Gorengna, mun seug umur geus siga tunggul kahuru tapi lalampahan beuki mangprang edan”. Na`udzu billah...!.
Atanapi hirup ukur rubuh rubuh gedang jeung cacag nangkaeun. Sakapeung sadar lolobana édan. Estuning tara parat dina milampah kahadéan. Siga nu enya deukeut ka pangéran nalika katidereksa, tapi jauh mangprung nalika geus ucul tina karipuh. Panon anu bonconong téh ukur bisa bolotot nempo ka kolong. Tapi nalika diparéntah pikeun ngambah ahérat mah siga anu katarak. Hirup ukur pinuh ku béngbatan haliah dunya. Padahal Dawuh Allah SWT.:
...وَمَا الْحَيَاةُ الدُّنْيَا إِلَّا مَتَاعُ الْغُرُورِ
“...Taya lian ari kahirupan duniawi téh anging ukur fatamorgana kaulinan anu misleuk”. (Al-hadied: 20).
Sok komo mun dibabadkeun jeung kahirupan ahérat. Saperti Isyarat hadits anu diréalis ku Imam Muslim, “Haliah dunya téh lir sakeclak cai lautan anu ngeclak tina tungtung curuk...”.
Pangadé ngadé ti Allah SWT anu kaunggel dina Surat Thâhâ ayat 131:
“Poma aranjeun rék kagoda ku léléwa haliah duniawi anu geus diawursintukeun ka  jalma kapir. Sabab éta téh kembang cucuk kahirupan anu tadina keur nguji maranéhna. Jeung ari kurnia Allah éta leuwih hadé tur lana”.
Di antara du`a Nabi:
اَللهُمَّ لَا عَيْشَ إِلَّا عَيْشَ الْآخِرَةِ
“Ya Allah, teu aya kahirupan anging kahirupan ahérat”. (HR. Bukhary-Muslim).
Sarerea kudu tenget, yén hirup teh ukur nganjrek tur sakuciwek. Loba nu ngalantrah dunya tapi ahirna pugag lalampahan lantaran salah udagan.
`Demi wanci, saéstuna manusa téh aya dina karugian`. Geura tatan tatan pikeun mulang ka sarakan anu hakékat nyaeta ahérat kalawan kebek ku `amal anu maslahat`.
Cag...!.
(Bah Dodong`s original concept).

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More