Selasa, 16 April 2019

Cipanon Sarakan (Cipt : Nano S - taun 2000) Vocal : Nénéng Dinar

Cipanon Sarakan
(Cipt : Nano S - taun 2000)
Vocal : Nénéng Dinar

Najan Lemahcai
henteu kungsi nagih jangji
Najan Pakusarakan
tara ngitung balitungan
Kungsi aya pasini
Urang jangji rék mupusti
Kungsi tigin saati
Urang gempung rék ngahiji

Sarakan lain ngan saukur ngaran
Sarakan Amanah Asih Pangéran
Sarakan Pangindekan Pangbalikan

Éta Sora jadi Galur, éta Sora jadi Pancer
Pageuh adeg, adeg diri sadiri jeung lemahcai
Saksina Bumi jeung Langit, anu dalit dina pawit

Najan Lemahcai
henteu kungsi nagih jangji
Najan Pakusarakan
tara ngitung balitungan
Naha aya cipanon
nu nyalangkrung jadi mendung
Naha sora midangdang
dina ayun néléngnéngkung

Nu jangji kunaon gening sulaya
Nu jangji kunaon biluk jeung deungeun
Nu jangji kunaon ilang tangtungan

Asal hiji jadi udar
asal dulur jadi batur
Paburisat ngudag pangkat
luas téga ngahianat
Perang jeung dulur sorangan
laku curang asal meunang

Langit peteng
Poék mongkléng
Bumi Génjlong
Gonjang-ganjing.. Gonjang-ganjing

Ringkang-ringkang ting kuniang
Umbul-umbul ting pucunghul
Pentang-pentang ting kalayang
Ténjo ieu aing tandang

Panji-panji ting kélébét
Warna-warna ting kolébat
Tangtung-tangtung ting kelewung
Ténjo ieu aing tarung

Galungan dina tangtungan
dikalang Pakusarakan
Binotama jeung sasama
campur dulur jeung baraya

Aya nu seuri, maténi batur sorangan
Aya nu nyeri, ditigas dulur sorangan
Cipanon getih di lemahcai sorangan
Bari teu puguh naon anu ditéang

Deudeuh teuing...
deudeuh teuing...

Éta Cipanon Sarakan
kabawa ku hujan-angin
ngajadi Ca'ah-umpalan

Éta Cipanon Sarakan
Kabandang Akar jeung Batu
Tangkal rungkad Gunung bitu

Éta Cipanon Sarakan
kapentrang ku Panonpoé
nembus Katumbiri-uga

Éta Cipanon Sarakan
muting diusap ku Layung
mirispis Ciibun-getih

Naha urang ngarti...?
Naha urang Surti.....?
Sarakan titipan Gusti
gening pinuh ku kanyeri

Naha urang sadar.....?
Naha urang jembar...?
Cipanon jadi totondén
angkara kasarakahan

Tangtung urang rék dimana...?
Tangtung urang rék kamana...?
Tangtung urang rék dimana...?
Tangtung urang rék keur saha...?

Ujian Mapag isukan
Mulang ka diri sorangan
Milih Wanci, mindah jaman
Jatidiri nu mageuhan

Urang lain jeung nu lian
Titis tulis sarundayan
Najan béda pamadegan
ULAH POHO KAWIWITAN

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More