Rabu, 27 Februari 2019

PASTIKEUN NGARAN URANG SALAWASNA AYA DINA DAPTAR DILUHUR

#Tukang Ulin vs Ajengan#
#Caritana aya saurang  tukang ulin nanya ka mama Ajengan.

"Mama  sim kuring ngaraos bosen hirup,  naha kahirupan sim kuring kieu wae,  karaos hambar, teu aya arahna oge nikmatna.  bosen Mama,  hoyong kawas batur sugema.  Tapi naha sesah pisan? "

Mama Ajengan:"Oohhh,  bisa jadi Gusti Allah ge nuju bosen ka anjeun"

"Allah bosen ka sim kuring Mama? Maksad Mama? " jawab tukang ulin.

Mama Ajengan:"Allah tos cape milarian anjeun.  Anjeun sesah kapendak ku Gusti Allah.
.
Dipilari di antara kumpulan  Dhuha, anjeun teu aya,  ditingali di antara kumpulan Tahajjud  oge teu kapendak.

Ah panginten di antara kumpulan nu shaum,  oge nihil.  Sugan  di antara  kumpulan  nu sok sedekah, sami teu katingal.

Boa di antara kumpulan Tadarus Qur'an, anjeun oge teu aya didinya.
Diantara kumpulan  jalma nu Umroh, niat anjeun ge can kungsi.

Dipilari di antara  jalmi nu Khusyuk Shalatnya, anjeun teu katingal.  Sugan  di antara Ahli Shalawat oge nihil. di antara nu  nuntut elmu  komo deui.
Diantara  jalma nu ngamalkeun ta'addud, kosong.

Teras Gusti Allah Swt  milarian anjeun dimana deui?"
Sok bejakeun ka Mama dimana?"

"Nyarios... Naha balem? "

Eh..
Si tukang ulin kalah ceurik bari ngusap cai panon  anjeunna ngucap Istighfar.

Gancang balik ka  Allah.....!

Deukeutan  ALLAH ngan Allah  ZAT nu bisa nentremkeun hirup urang.

"👉PASTIKEUN NGARAN URANG SALAWASNA AYA DINA DAPTAR DILUHUR 👈"

  Insya Allah,Allah SWT bakal masihan  Rahmat.

APOTIK ISLAMI
DAFTAR UBAR: GRATIIS.

👉geringan  = mangga  puasa
👉Asa poek ieu raray  = sholat tahajud
👉Leutik hate  = baca alqur'an
👉Susah bahagia = sholat tepat waktu
👉 Emosian = wudhu oge istigfar
👉Gelisah = seueur ngadu'a
👉Asa ka teken = baca "lahaula walaquwwata illa billah"
👉Kurang berkah rezekina = bahagiakeun kolot urang
👉Miskin wae = loba sedekah
👉Bingung nyieun kahadean=
Bagikeun ieu. status  ka babaturan/sobat atawa dulur murah meriah, berbagi setiap saat dalam kekurangan.

#jembarmanahkeun# pamugia aya manfaat na..

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More