Rabu, 27 Februari 2019

Ruang Riung

Ruang Riung

Kasusah jeung kabingung moal pegat ti manusa, satungtung rea kahayang, sabab nafsu tanpa Tuntung kahayang taya beakna. Kahayang rea teu laksana, sabab sakapeung kahayang sok leuwih gede batan kamampuan, eta sababna mindeng teu laksana.

Ngudag-ngudag kahayang nu teu laksana, Matak rusak awak rusak jiwa, sarta ngondang kasusah jeung kabingung.

Ngukut kabingung malihara kasusah estu rugi, sabab moal bisa ngararasakeun rahmat ti Allah. Bingung Jeung susah datangna ti urang sorangan, Sagala kabutuh ku Allah geus dicumponan ; butuh diuk tinggal gek, butuh sare tinggal ngagoler, dahar nginum tinggal usaha.

Ubarna pikeun ngaleungitkeun kabingung, ku ruang riung dina tempat nu luhung, pengajian Jeung sabangsana, bisa unjuk rasa jeung babaturan, bisa silih geuing silih ingetan, atawa urangna bisa kaingetan ku katerangan nu kabandungan.

Eta sababna bakal kurang kabingung jeung kasusah lamun mindeng ngaji ruang riung jeung batur nu ariman ka Allah jeung ka Rasulna....Pek Cobian

*KH.E.Abdullah

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More