Kamis, 14 Maret 2019

JURIG KAMAR CAI Bag. 5

JURIG KAMAR CAI Bag. 5

 Kuring ngahudangkeun Noki, kaluar ti dapur. Lalumpat ka buruan. Noki langsung mabrét ka jalan, asup kana mobil, ngaringkeb manéh. Sedengkeun kuring ngajanteng di buruan. Panasaran, ningali ka lebah imah. Ujug-ujug kaca dapur gegedoran. Beretek ka jalan. Noki muka panto mobil, “Lebet, Kang!”

 Noki jeung kuring ngaharéphép dina jero mobil. Sasakali kuring ngalieuk ka buruan. Karérét pameunteu Noki kaciri sepa, biwirna kunyam-kunyem, leungeunna namprak. Kuring ogé nurutan jiga manéhna.

 “Kang...” ngalieuk. “Hapunten, abdi moal cios mésér bumi téh.” Ngodok tas, ngasongkeun sertipikat. “Abdi moal nyuhunkeun artos wangsul sadayana, nu penting perjangjian ical-galeuhna batal.”

 Kuring surti, tapi masalahna duit ti manéhna aya dina koper di jero imah. “Mangga,” ceuk kuring. “Tapi perkawis kajantenan ieu ulah wawartos ka sasaha, nya?”

 Unggeuk, “Enya.”

 Jut kuring turun tina mobil, leumpang ka buruan. Ngalieuk ka Noki, nyampak keur noong tina mobil. Kuring melong kana kaca imah, taya sora gegedoran deui. Ngaléngkah ngadeukeutan panto. Lalaunan dibuka. Nyampak koper aya di tengah-tengah imah, padahal saméméhna aya di lawang kamar. Pasti aya nu mindahkeun, tapi lain kuring. Mun teu Noki nu mindahkeun, boa nu di kamar cai.

 Noki ngelaksonan. Kuring ngalieuk. Kaciri biwirna usik, “Aya naon...?”

 Leungeun kuring méré isarah euweuh nanaon tuluy manteng deui kana koper. Lalaunan ngaléngkahkeun suku bari luak-lieuk. Lima léngkah deui kana koper, kuring ngadéngé sora nu ngucuprak di kamar cai. Gura-giru lumpat, ngaraéh pajingjingan koper, bari malikkeun awak nyéréd koper. Ngadak-ngadak beurat, jiga nu ngait. Nu kukucuprakan geus teu kadadéngé. Kuring ngabedol koper satarikna, tapi pageuh. Karasa leungeun kuring nu kalahka kabetot katukang. Saha nu menyéng koper? Kuring teu wani nempo ka tukang. Kuring ngaleupaskeun pajingjingan koper, beretek kaluar.

 Nepi buruan, kuring noong ka jero imah. Koper masih aya dina tempatna, tapi teu ningali nanaon deui. Ngalieuk ka Noki. Manéhna kerung merhatikeun kuring.

 Kuring ngajanteng deui di lawang panto. Ngarénghap panjang, ngumpulkeun kawani. Gedig leumpang ka jero. Kodongkang, gap kana pajingjingjingan koper. Barang keur dongko kitu, kuring ningali sapasang suku keur napak kana lanté, bodas jeung mulus. Ujug-ujug aya nu ngeclak, beureum ngalémbéréh kana sukuna. Nyegak hangru kana irung. Kuring teu wani nangtung ajeg, sieun paadu hareupan. Muirkeun awak bari dongko, nukangan koper. Berebet, teu sirikna notog-notogkeun manéh kaluar. Langsung muru kana mobil Noki.

 “Buka...!”

 Noki ngadorong panto mobil, blus kuring ka jero. Rénghap ranjug bari ngadégdég.

 “A-Aya nu tadi, Kang?”

 Unggeuk.

 Noki murungkut.

 Duit Noki saratus lima puluh juta aya dina koper kuring. Kumaha nyokotna? ngahuleng.

 Kucluk-kucluk, kuring nempo nu ngagandong karung gedé nu pinuh ku kardus jeung botol. Mang Jaja? Kuring turun tina mobil, megat Mang Jaja tatangga kuring peuntaseun makam.

 “Sakedap, Mang. Abdi nyuhunkeun tulung lah.”

 “Badé naon?” ngécagkeun karung rongsokan.

 Kuring muka dompét, ngasongkeun duit lima puluh rébu, “Ieu kanggo roko, tapi punten pangnyandakeun koper di rorompok, lebetna anggoan wungkul, kaleresan abdi nuju nyeri awak.”

 “Atuh wios...ieu artos mani ageung-ageung teuing,” nampanan duit.

 “Mangga baé kanggo Mamang.”

 “Nuhun atuh,” mésakan duit. “Di lebet koperna?”

 “Muhun. Teras panggul wé ka luar.”

 “Mangga...mangga,” gedig leumpang ka buruan.

 Kuring jeung Noki merhatikeun Mang Jaja ti jalan. Manéhna asup ka imah, teu katempo deui da kahalangan ku kaca.

 Geus samenit Mang Jaja can kaluar. Kuring jeung Noki silihrérét. “Teu kadugaeun kitu?” ngalieuk kana karung. “Tapi beurat kénéh babawaan manéhna.”

 Lima menit. Mang Jaja euweuh embol-embol.

 “Mang...!” kuring ngajorowok.

 Jempling.

HANCA😁😞

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More