Kamis, 14 Maret 2019

JURIG KAMAR CAI Bag. 6

JURIG KAMAR CAI Bag. 6

 Mang Jaja ngampleng teu kaluar-luar ti imah. Kuring jeung Noki gancang talurun ka buruan pikeun ningali kaayaan.

 Kucluk-kucluk, Mang Jaja manggul koper. Nyéréngéh. “Punten lami.”

 “Ti mana heula?” ceuk kuring. “Kaburu tinggaleun karéta yeuh!” keuheul.

 “Kamanakeun ieu koperna?” malik nanya.

 “Candak ka jalan.” Kuring ngonci panto ti luar.

 Gebru, koper diturunkeun deukeut mobil Noki. Hahhéhhoh. “Punten ngantosan,” pokna. “Mamang ujug-ujug hoyong ka jamban tadi téh,” ngusapan beuteung.

 Kuring jeung Noki silihrérét.

 “Teu nanaon, Mang. Ulah ditahan-tahan, bilih janten panyakit.”

 “Muhun. Kaleresan deuih aya Si Enéng, nyuhunkeun widi heula wé mamang téh.”

 “Aya saha?”

 “Si Enéng... Wargina panginten nya?”

 “Muhun. Nuju naon anjeunna?”

 “Nuju tatih wé di dapur.”

 “Mamang ningal rarayna?” Noki bangun panasaran.

 “Henteu. Nuju mengkeran da. Kunaon kitu mémangna?”

 “Teu nanaon,” ceuk kuring. “Mun ningal mah Mamang pasti bogoh.”

 “Héhéhé. Jang Dias mah bisa waé ngaheureuyan ka kolot téh.” Mang Jaja ngagandong karung rongsok, geus kitu pamitan.

 Kuring nyokot duit tina koper. Dibikeun ka Noki. “Hapunten akang tos nutupan rusiah nu aya di bumi. Mangga artosna candak deui ku Néng Noki sadayana.”

 Noki nampanan duit. “Saleresna abdi bogoh pisan kana bumi téh, nanging hanjakal aya nu kituan,” ngabirigidig.

 “Badé teras kamana ayeuna?” ceuk kuring, nyaho yén manéhna geus teu boga imah.

 “Teu terang. Dupi Akang?”

 Kuring ningali kana arloji. “Sakedap deui wengi, akang mah badé milari penginapan nu caket.”

 Noki ngahuleng. “Abdi terang di mana,” pokna.

 Duaan arindit ninggalkeun imah. Dina mobil, kuring jeung Noki ngalobrol. Manéhna nyarita teu boga pangbalikan, sarua jeung kuring.

 “Tos ningal nu kitu, abdi janten sieun bobo nyalira,” ceuk Noki. Jut talurun tina mobil. Noki ngaléng leungeun kuring. Sup ka losmén, nyéwa kamar hiji ku duaan.

 Di kamar, kuring jeung Noki beuki layeut. “Moal aya jurig di dieu mah aman,” ceuk kuring, hiji-hiji nyopolokan kancing bajuna, nepi katémbong babandul kongkorongna nu ngagurilap di antara beulahan dada. Manéhna ngarénghap leutik nalika kuring ngégél tali kongkorong. Leungeunna ngarameus buuk kuring.

 Wanci peuting. Kuring lilir, rét ka Noki nu keur saré tibra di gigireun. Ningali kana jam, tabuh dua belas. Ngabaku, kuring hayang kahampangan. Jut turun tina risbang. Sup ka kamar cai. Cir wé. Pareng rék kaluar, hiji jirim ngahalangan. Beungeutna ruksak jeung baloboran getih. Awak kuring dumadak henteu bisa usik, sora ogé dumadak leungit. Les, teu inget nanaon.

 Sadar-sadar, kuring aya di hiji tempat. Pararoék. Geus kitu, ngadéngé sora nyikikik. Luak-lieuk bari undur-unduran, suku kuring titajong, blug ngajengkang. Rét ka gigir ... keur ngorondang ka lebah kuring.

HANCA🤯🙄😁

7 komentar:

Bagian akhirna kang di antos 😀

Nanggung kang. Lajengkeun ah

Ceritanya serem,mana lanjutannya

Sae pisan asa ngaos mangle.

panasaran duh terasna aya teu?

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More